NEW
Font size
WorksheetsSisindiran Kelas 8 Semester Ganjil
Total questions: 20
Worksheet time: 10mins
Sisindiran téh diwangun ku rarakitan, paparikan, jeung wawangsalan
Bener
Salah
Dumasar kana eusina, rarakitan jeung paparikan téh bisa dipasing-pasing jadi tilu bagian, nyaéta anu ngandung piwuruk, silihasih, jeung sésébréd
Bener
Salah
Rarakitan diwangun ku cangkang jeung eusi. Lobana cangkang, sarua jeung lobana eusi
Bener
Salah
Rarakitan dina sapadana diwangun ku opat padalisan. Padalisan kahiji jeung kadua mangrupa cangkang, ari padalisan katilu jeung kaopat mangrupa eusina
Bener
Salah
Anu matak disebut rarakitan ku lantaran kecap awal dina padalisan kahiji cangkang, sarua jeung kecap mimiti dina padalisan kahiji eusi.
Bener
Salah
Paparikan ogé diwangun ku cangkang jeung eusi. Lobana cangkang, sarua jeung lobana eusi.
Bener
Salah
Paparikan dina sapadana diwangun ku opat padalisan. Padalisan kahiji jeung kadua mangrupa cangkang, ari padalisankatilu jeungkaopat mangrupa eusina.
Bener
Salah
Wawangsalan mah dina sapadana diwangun ku dua padalisan. Sapadalisan cangkang, jeung sapadalisan eusi.
Bener
Salah
Dina seuhseuhanana mah, wawangsalan téh henteu béda jeung tatarucingan atawa teteguhan, anu jawabanana diwangsalkeun (disumputkeun, disamunikeun) dina salahsahiji kecap anu aya dina bagian cangkangna.
Bener
Salah
Wangun sisindiran anu mindeng kapanggih dina kahirupan sapopoé kiwari nyaéta wawangsalan.
Bener
Salah
Anu henteu kaasup sisindiran nyaéta pupujian
Bener
Salah
Sisindiran kecap asalna sindir, kecap sindir maké rajékan dwipurwa ditambah rarangkén tukang an.
Bener
Salah
Sisindiran téh diwangun ku rarakitan, paparikan, jeung wawangsalan.
Dina kecap sindir ngandung harti malibir
Bener
Salah
Rarakitan diwangun ku cangkang jeung eusi. Lobana cangkang, sarua jeung lobana eusi. Ari rarakitan kecap asalna rakit.
Bener
Salah
Wawangsalan mah dina sapadana diwangun ku dua padalisan. Sapadalisan cangkang, jeung sapadalisan eusi.
Wawangsalan mah sapadana diwangun ku dua padalisan.
Bener
Salah
Paparikan ogé diwangun ku cangkang jeung eusi. Lobana cangkang, sarua jeung lobana eusi. Paparikan mah sapadana diwangun ku opat padalisan.
Bener
Salah
Abdi mah kapiring leutik. Anu dimaksud piring leutik didinya nyaéta pisin.
Bener
Salah
Kendang gedé pakauman,
Dag-dig-dug rasaning ati.
Rumpaka di luhur téh mangrupa wawangsalan.
Bener
Salah
Hampelas raraga jati,
Palataran babaléan.
Iklas raga reujeung pati,
Ngabélaan bebeneran
Eusi rumpaka diluhur nyaéta silihasih
Bener
Salah
Ngala térong jeung kalapa,
Dibawa ka kebon cikur.
Nu gondrong jaman ayeuna,
Teu wawuh ka tukang cukur.
Eusi rumpaka diluhur nyaéta sisindiran wangun rarakitan
Bener
Salah
