NEW
Font size
WorksheetsAsesmen Sumatif Paguneman
Total questions: 15
Worksheet time: 13mins
Obrolan anu dilakukeun antara dua urang atawa leuwih jeung jejerna téh bébas disebutna téh nyaéta….
biantara
sisindiran
paguneman
pupujian
Tengetan téks ieu di handap!
Basa anu digunakeun dina paguneman biasana gumantung kana situasi jeung kondisi, atawa gumantung kana lawan anu diajak ngobrol. Saupama ngobrol jeung anu geus wanoh komo deui babaturan deukeut mah biasana sok ngagunakeun basa anu loma, béda deui lamun urang ngobrol jeung saluhureun, biasana sok maké basa anu lemes/ hormat.
Dumasar kana téks di luhur, aya kecap “wanoh” anu dicitak kandel. Harti tina kecap “wanoh” téh nyaéta….
kenal
panggih
indit
datang
Dina karya sastra saperti drama, istilah lain tina paguneman téh sok disebut dialog. Tapi aya ogé karya sastra anu disebut monolog. Dina karya sastra, kecap monolog téh ngabogaan harti nyaéta….
nyarita duaan
nyarita tiluan
nyarita lobaan
nyarita sorangan
Undak-usuk basa atawa lével dina ngagunakeun basa Sunda jumlahna nyaéta aya….
1
2
3
4
Tujuan ayana undak-usuk basa Sunda/ lével dina ngagunakeu basa Sunda téh nyaéta….
pikeun ngabéda-bédakeun
pikeun silih ajénan/ hormat
ngarah basa sunda loba rupana
pikeun ngaagul-agulkeun basa Sunda
Tengetan kasus ieu di handap!
Nalika hidep diajar basa Sunda di sakola, tuluy aya matéri anu kurang dipikaharti. Hidep ngawanikeun manéh nanyakeun ka guru hidep ménta pang ngajelaskeun sakali deui ngeunaan matéri anu masih kénéh kurang dipikaharti.
Dumasar kana kasus di luhur, basa anu pantes pikeun ménta tulung ka guru hidep nyaéta….
basa Sunda lemes
basa Sunda loma
basa Sunda kasar
basa Sunda campuran
Salahsahiji léngkah dina nyieun téks paguneman nyaéta nangtukeun heula jejer. Harti tina kecap jejer téh nyaéta….
eusi
téma
amanat
simpulan
Ieu di handap anu teu kaasup kana hal-hal anu kudu diperhatikeun nalika urang keur paguneman nyaéta….
ngaregepkeun anu keur nyarita kudu daria
henteu motong kalimah atawa ngaganggu omongan batur, iwal dina kaayaan perlu pisan
nyarita kudu daria, sora béntés, tétéla, jeung wajar.
nyarita ngagunakeun lentong/ nada anu sosorongot
1. Tengetan sempalan paguneman ieu di handap!
Encép : “Den, ari manéh ambek ka urang?”
Dédén : “Henteu, urang mah teu ambek da ka manéh.”
Encép : “Naha atuh gening ciga anu baeud jeung ngajauhan urang?”
Dédén : “Sabenerna mah urang téh nyeri haté ku omongan manéh kamari, bener manéh téh
meureun tujuanna mah heureuy, angger wéh asa nyelekit pisan kana haté urang.”
Encép : “Oh pédah omongan urang kamari, nya atuh hampura nya. Urang moal sakali-kali
deui ngomong ciga kamari. Sakali deui hampura, Dén.”
Dédén : “Heueuh, Cép. Ku urang dihampura.”
Jejer/ téma tina paguneman di luhur téh nyaéta….
ménta hampura
ménta idin
wawanohan
nganuhunkeun
1. Tengetan paguneman dihandap ieu!
1) Kenida: “ Bade ngawartosan, ayeuna waktosna di kelas VII E.”
2) Ibu Siti: “ Tadi mah aya, meureun keur kaluar heula, baé naon kitu ka Ibu Nurjanah?“
3) Kenida: “ Sawios atuh Bu, ku abdi badé dipilarian, hatur nuhun. “
4) Ibu Siti: “ Aya naon Neng? “
5) Kenida: “ Dupi Ibu Nurjanah parantos sumping, Bu? “
6) Ibu Siti: “ Sawangsulna. “
7) Ibu Siti: “ Antosan waé sakedap, ke upami aya ku Ibu diwartoskeun. “
Susunan anu merenah dumasar kana paguneman di luhur nyaéta...
7-1-2-3-5-4-6
4-5-7-1-2-3-6
4-5-6-1-2-3-7
4-5-2-1-7-3-6
Tengetan paguneman ieu di handap!
Mang Utas :“Lo...kadieu sakeudeung, urang ngopi heula!”
Si Alo :“Aéh...sugan teh saha, meni pangling ari diharudung sarung mah.”
Mang Utas :“Puguh Lo, amang téh kabulusan, geus saminggu ieu urang Tasik mun ti peuting nepi ka
isuk-isuk karasa nyecep tiis, amang mah asa di Palutungan Kuningan Lo...”
Dumasar kana paguneman di luhur, anu keur diharudung sarung téh nyaéta....
Si Alo
Nu ngaronda
Mang Utas
Nu nginum kopi
Tengetan téks ieu di handap!
Nalika hidep keur dahar, tuluy aya tatangga hidep ngaliwat. Ku hidep téh tuluy ditawaran. Ditinggali tina umurna mah tatangga hidep téh leuwih kolot ti hidep.
Kalimah anu merenah pikeun nawaran dahar luyu jeung ilustrasi di luhur nyaéta….
“Mang, hayu dahar!”
“Mang, hayu tuang!”
“Mang, hayu nyatu!”
“Mang, hayu daang!”
Basa Sunda hormat keur sorangan tina kecap “datang” nyaéta….
datang
dongkap
sumping
wangsul
Tengetan kalimah ieu di handap!
“Hayu ngaliwet di imah Urang!”
Kalimah di luhur saupama diubah kana basa Sunda nu luyu jeung undak-usuk basa Sunda kalimah anu benerna nyaéta….
hayu ngaliwet di imah Abdi!”
“hayu ngaliwet di bumi abdi!”
“hayu ngaliwet di rorompok Abdi!”
“hayu ngaliwet di bumi urang!”
Diantara kalimah ieu di handap, kalimah anu ngagunakeun ragam basa hormat anu bener nyaéta….
Abdi nembé mulih ti sakola
Abdi kakara balik ti sakola
Abdi nembé wangsul ti sakola
Abdi nembé mulang ti sakola
