NEW
Font size
WorksheetsUH wawancara & Babad
Total questions: 20
Worksheet time: 19mins
Tanya jawab langsung pikeun ngajaring informasi ti narasumber disebutna …
Paguneman
Sawala
Konfèrènsi
Wawancara
Seminar
Ieu di handap anu teu kaasup kana cara wawancara, nya èta …
Mandiri
INdividu
Kelompok
Konfèrènsi
Teu resmi
Kagiatan wawancara anu pananyana teu dirumuskeun heula ku pawawancara, disebutna wawancara …
Bèbas – Kauger
Kauger
Madya bèbas
Madya Kauger
Bèbas
Kalimah pananya dina wawancara bisa nagunakeun kecap pananya 5W + 1H, anu ditarjamahkeun kana basa Sunda jadi kecap-kecap …
Naon, mana, saha, ku saha, naon sababna, kumaha
Mana, dimana, kamana, iraha, kunaon, kumaha
Saha, naon, iraha, dimana, naha, kumaha
Saha, naon, mana, iraha, naon sababna, kumaha
Saha, ku saha, tis aha, di saha, ka saha, keur saha
Ieu di handap henteu kaasup anu osok ngayakeun wawancara, nya èta ….
Panalungtik
Wartawan
Anu ngetès calon pagawè
Pulisi
Padagang
ieu di handap anu lain tujuan (udagan) dina wawancara, nya èta …
aktualisasi fakta
konfirmasi keur babandingan data
ngajaring informasi ti narasumber
nyangking pamadegan ti narasumber
ngèra-ngèra jalma nu diwawancara
Nu sok ngayakeun wawancara keur tujuan ngumpulkeun data statistik, nya èta …
Wartawan
Jurnalis
Panalungtik
Guru
Dokter
Dina konfèrènsi pèrs nu ngondang wawancara tèh nya èta …
Wartawan
Narasumber
Pulitisi
Jurnalis
Pasien
Laporan wawancara keur koran atawa majalah biasana mangrupa …
Jurnal
Catetan
Rekaman Audio
Warta
Lisan
Sangkan tujuan wawancara kahontal, kudu dipilih … anu bener.
Waktu
Tempat
Narasumber
Pananya
Raksukan
Carita babad tèh carita wanda heubeul anu dijerona ngandung unsur-unsur ….
Novel
Sajarah
Mistis
Kaligrafi
Psikologi
Carita babad anu ditulis dina wangun puisi pupuh disebutna ….
Rajah
Sawèr
Wawacan
Kidung
Sinom
Carita babad geus kapanggih ti jaman tradisi nulis naskah kènèh, sarta ditulisna dina wangun ….
Puisi
Prosa
Pantun
Wawansalan
Puisi jeung Prosa
Carita babad tacan bisa diaku salaku suber sajarah lantaran ….
Ngandung unsur pamohalan
Ngandung fakta sajarah
Sakabèh tokohnya nyata
Puguh waktuna
Ditulisna dina wangun karya ilmiah
Di handap ieu anu mangrupa conto carita babad, iwal ….
Babad Cikundul
Babad Galuh
Babad Sumedang
Babad Priangan
Babad Cijulang
Bupati baheula nganggap carita babad tèh buku babon (induk) keur nèangan ….
Poè anu hadè
Asal-usul katurunan
Harta paninggalan
Karajaan anyar
Kalemahan musuh
Ari Hiyang Bunisora dina jaman Prabu Maharaja jumeneng kènèh nyangking kalungguhan Mangkubumi sarta gelarna Mangkubumi Suradipati.
Kecap jumeneng tèh lemesna tina kecap ….
Maot
Jeneng
Hirup
Ngaran
Ngajabat
1. Atuh Niskala Wastu Kancana ku anjeun suhud diajarna sarta tuhu kana sagala nasèhat pamanna.
Kecap suhud jeung tuhu hartina nya èta …
Daria, nurut
Rajin, nurut
Rajin, satia
Daria, enya-enya
Teu nyaho waktu, tanggungjawab
Carita atawa dongèng anu ngandung sajarah lokal disebutna …
Mitos
Legenda
Babad
Sagè
Parabel
Tokoh Siliwangi dina sajarah Sunda kaasup tokoh anu ngadegkeun ….
Karajaan Sunda
Karajaan Galuh
Karajaan Kawali
Karajaan Pajajaran
Karajaan Salakanaara
