wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

review carpon

Total questions: 20

Worksheet time: 20mins

Name
Class
Date
1.

naon anu di sebut carpon téh?

a)

carita pondok

b)

carita nyambung

c)

carita pamohalan

d)

carita panjang

2.

Sabaraha jumlah kecap dina carpon?

a)

1.000 - 2.000

b)

5.000 - 10.000

c)

2.500 - 5.000

d)

5000 - 8.000

3.

Kumaha eusi dina carpon téh?

a)

carita hayalan

b)

carita pamohalan

c)

carita sapopoé

d)

carita nu teu kaalaman

4.

gaya nyarita "manéhna" dina carpon nunjukkeun pangarang ngalalakonkeunkeun jalma ka....

a)

1

b)

2

c)

3

d)

4

5.

inti pikiran dina carpon bisa disebut?

a)

amanat

b)

latar

c)

téma

d)

gaya basa

6.

unsur utama anu mindeng muncul dina carita di sebut ?

a)

palaku

b)

téma

c)

amanat

d)

motif

7.

anu nuduhkeun iraha kajadian dina hiji carita disebut ?

a)

latar waktu

b)

latar suasana

c)

latar tempat

d)

latar kaayaan

8.

"Nu maling namah déwék, euy. Dosana bagéan déwék! Yeuh, sarébu séwang!" Omong Ikuk. Watek nu ka gambar dina cutatan di luhur nyaéta...

a)

antagonis

b)

protagonis

c)

tritagonis

d)

anakronis

9.

"Butuh gé lain meunang maling." Tisna nyereng. Watek nu ka gambar dina éta cutatan nyaéta...

a)

antagonis

b)

protagonis

c)

tritagonis

d)

anakronis

10.

Carpon téh kaasup karangan fiksi, anu sarua hartina jeung...

a)

karangan kauger

b)

karangan basajan

c)

karangan pamohalan

d)

karangan ciciptan

11.

Nu nyaritakeun jalan carita nyaéta...

a)

téma

b)

latar

c)

amanat

d)

alur

12.

Palaku nu mindeng muncul dina carita nyaéta palaku....

a)

utama

b)

kadua

c)

katilu

d)

tambahan

13.

Papalingpangna antara carita jeung kanyataan nu sabenerna, disebut...

a)

anarkisme

b)

anakronisme

c)

sinkronisme

d)

pluralisme

14.

Naon nu ngabédakeun antara carpon jeung dongéng?

a)

caritana kriminal

b)

caritana nyamuni

c)

caritana pamohalan

d)

caritana pikaseurieun

15.

"Matak jadi jalma sing getol diajar, sangkan peunteunna gedé." ceuk Pa Budi bari nyiwit si Fahrul. Cutatan di luhur ngandung amanat nu....

a)

nyamuni

b)

nembrak

c)

pamohalan

d)

hanjakal

16.

Kecap panganteb miboga fungsi pikeun....

a)

méré harti

b)

méré paréntah

c)

nambahan kecap

d)

nyampurnakeun kalimah

17.

Ieu di handap kaasup kecap panganteb, iwal ti...

a)

téa

b)

kénéh

c)

téh

d)

geuning

18.

Ceuk kuring ogé ulah saré peuting teuing bisi kabeurangan!

Anu kaasup kecap panganteb dina kalimah di luhur nyaéta...

a)

ceuk

b)

ogé

c)

ulah

d)

bisi

19.

Dina prak-prakkan nulis carpon, hal nu mimiti dipersiapkeun téh nyaéta...

a)

rangkay pikiran

b)

rangkay dialog

c)

rangkay carita

d)

rangkay karangan

20.

Unsur-unsur dina carpon, iwal...

a)

Alur

b)

Palaku

c)

Dialog

d)

Amanat