wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

UH Biografi

Total questions: 15

Worksheet time: 19mins

Name
Class
Date
1.

Biografi teh nyaeta ....

a)

carita riwayat sakola hiji jalma

b)

karangan anu pamohalan

c)

riwayat hirup urang sorangan

d)

riwayat hirup hiji jalma

e)

riwayat prestasi hiji jalma

2.

Bédana biografi jeung otobiografi téh nyaéta ....

a)

otobiografi mah riwayat hirup nu ditulis ku batur, biografi mah riwayat hirup nu ditulis ku sorangan

b)

otobiografi téh riwayat prestasi, ari biografi mah riwayat hirup

c)

otobiografi mah riwayat hirup nu ditulis ku sorangan, biografi mah riwayat hirup nu di tulis ku batur

d)

otobiografi teh riwayat hirup jalma anu geus maot, biografi mah riwayat hirup jalma nu hirup keneh

e)

otobiografi teh riwayat hirup dina wangun lancaran, biografi mah riwayat hirup dina wangun ugeran

3.

Nu teu kaasup kana unsur biografi téh nyaéta .…

a)

identitas diri

b)

pujian ti batur

c)

riwayat pendidikan

d)

prestasi

e)

riwayat pagawean

4.

Ieu di handap sababaraha profési jalma anu sok ditulis biografina, iwal .…

a)

pahlawan

b)

lurah

c)

sastrawan

d)

inohong

e)

artis

5.

Titénan sempalan wacana ieu di handap!

Taun 1980-an ngaran Doel Sumbang mimiti kakoncara dina widang seni. Ieu seniman nu dilahirkeun di Bandung téh ka asup jalma nu gedé paniténna kana basa Sunda. Buktina waé, lagu-laguna lain dina basa Indonesia wungkul, tapi ogé dina basa Sunda.

Ieu seniman nu kungsi nganggit lagu Pop Sunda Pangandaran téh kungsi sakola SMA BPI Bandung jeung SMA Maarif Bandung.

Hasil tina rekaman jeung minton di unggal daérah téh teu dikeukeuweuk ku sorangan, tapi dipaké pikeun kapentingan sosial.

Hal-hal anu teu dicaritakeun dina biografi Doel Sumbang di luhur téh nnya éta...

a)

Lahirna Doel Sumbang

b)

Nyaritakeun perhatian Doel Sumbang kana basa Sunda

c)

Nyaritakeun sakolana Doel Sumbang

d)

Nyaritakeun indung bapa Doel Sumbang

e)

Lagu anyar Doel Sumbang

6.

Titénan sempalan wacana ieu di handap!

Taun 1980-an ngaran Doel Sumbang mimiti kakoncara dina widang seni. Ieu seniman nu dilahirkeun di Bandung téh ka asup jalma nu gedé paniténna kana basa Sunda. Buktina waé, lagu-laguna lain dina basa Indonesia wungkul, tapi ogé dina basa Sunda.

Ieu seniman nu kungsi nganggit lagu Pop Sunda Pangandaran téh kungsi sakola SMA BPI Bandung jeung SMA Maarif Bandung.

Hasil tina rekaman jeung minton di unggal daérah téh teu dikeukeuweuk ku sorangan, tapi dipaké pikeun kapentingan sosial.

Topik utama nu dicaritakeun dina sempalan wacana di luhur téh ngeunaan ....

a)

perhatian Doel Sumbang kana basa Sunda

b)

riwayat sakolana Doel Sumbang

c)

lalampahan hirup Doel Sumbang

d)

nyaritakeun indung bapana Doel Sumbang

e)

lagu-lagu karya Doel Sumbang

7.

Minangka riwayat hirup anu kawilang lengkep, biografi mibanda sawatara pungsi, saperti Sumber sajarah, Sumber inspirasi, Sumber kontemplasi, jeung Kritik sejarah atawa kritik social. Salian ti fungsi, biografi ogé mibanda ciri mandiri. Ieu di handap, mana anu teu kaasup kana ciri tina hiji biografi?

a)

Nyaritakeun hiji tokoh

b)

Nyaritakeun kaunggulan hiji tokoh

c)

Karya lahirna tokoh

d)

Nyaritakeun naon waé

e)

Ngadongéngkeun riwayat sakola tokoh

8.

Pahlawan Sunda nu kénging jujuluk Si Jalak Harupat nyaéta ...

a)

R.E.Martadinata

b)

R.Otto Iskandardinata

c)

Syekh Quro

d)

K.H.Zainal Mustofa

e)

K.H.Noer Ali

9.

Di handap ieu aya sababaraha jasa-jasa Radén Déwi Sartika, iwal ti ....

a)

ngusir pemerintah kolonilal Belanda dari tanah Rencong

b)

nyusun buku ngeunaan kalungguhan wanoja sunda

c)

ngabéla hak jeung kalungguhan wanoja sunda

d)

ngadegkeun sakola kautamaan istri

e)

inohong atikan

10.

Kahirupan sapopoè Otto Iskandar Dinata tèh èstuning basajan. Teu sombong tur hormat ka sasama. Kecap basajan hartina ....

a)

sombong

b)

bageur

c)

agul

d)

sederhana

e)

getol

11.

Teks biografi teh ditulis dina wangun teks ....

a)

narasi

b)

deskripsi

c)

eksposisi

d)

persuasi

e)

argumentasi

12.

Oto Iskandar Dinata teh teureuh mènak putra bangsawan anu kasohor lèbèr wawanènna. Kecap lèbèr wawanènna teh hartina ….

a)

henteu eraan

b)

jagoan

c)

galak

d)

pinter

e)

gede kawani

13.

Ieu di handap teh sawatara mangpaat biografi atawa otobiografi, iwal ....

a)

sarat keur ngalamar pagawean

b)

dokumen sajarah

c)

tuturus pikeun nu maca

d)

pangeling-ngeling kana jasa hiji jalma

e)

babagi pangalaman hirup

14.

Ieu di handap aya sababaraha tokoh Sunda, iwal ti ....

a)

Rd. Déwi Sartika

b)

K.H. Zaénal Mustofa

c)

Rd. Otto Iskandar Dinata

d)

Cut Nyak Dien

e)

R.E.Martadinata

15.

Nalika ngajabat Menteri Pertahanan mangsa Présidén Sukarno, anjeunna boga pamadegan Komando Daérah Militér Jakarta Raya kudu jadi kesatuan nu mandiri, nu misah ti Jawa Kulon.

Saméméh tutup umur, Iwa Kusuma Sumantri kungsi nyekel kalungguhan jadi Anggota Déwan Pertimbangan Agung (DPA) jeung Réktor Universitas Padjadjaran. Iwa Kusuma Sumantri kakara diangkat jadi pahlawan nasional dina taun 2002.

Dumasar kana strukturna, sempalan biografi di handap kaasup kana .…

a)

bubuka

b)

eusi

c)

panutup

d)

kacindekan

e)

pangalaman