NEW
Font size
S
M
L
XL
WorksheetsPTS BAHASA SUNDA VII
Total questions: 40
Worksheet time: 10hrs 0mins
Name
Class
Date
1.
Dongéng nyaéta ……………..
a)
carita rékaan anu méré kesan pamohalan tur ukuranana parondok
b)
carita nyata anu dicokot tina kahirupan sapopoé
c)
carita rékaan anu méré kesan pamohalan tur ukuranana panjang
d)
riwayat hirup hiji jalma
2.
Dongéng téh sumebarna ti hiji jalma ka jalma liana, sarta mimiti gelarna dina wangun…
a)
tulisan
b)
lisan
c)
naskah
d)
prasasti
3.
Nu teu kaasup ciri-ciri dongéng nyaéta …
a)
wangunna parondok
b)
eusina ngandung atikan moral
c)
nyaritakeun proses nyieun barang
d)
sumebarna sacara lisan
4.
Dongéng téh karya balaréa, hartina tara kanyahoan saha nu ngarangna sok disebut ogé….
a)
antonim
b)
. akronim
c)
anonim
d)
pantomim
5.
Dumasar kana eusina dongéng dibagi jadi …
a)
sapuluh
b)
salapan
c)
dalapan
d)
tujuh
6.
Dongéng nu nyaritakeun paripolah sasatoan disebut ogé….
a)
label
b)
fabel
c)
mebel
d)
kabel
7.
Nu teu kaasup dongéng sasatoan nyaéta…
a)
Sasakala Situ Bagendit
b)
Sakadang Kuya jeung Peucang
c)
Bango jeung Keuyeup
d)
Sakadang Monyét Maok Cau
8.
Dongéng Sasakala nyaéta dongéng…
a)
nu nyaritakeun paripolah sasatoan
b)
nu nyaritakeun kajadian nu ngandung sajarah
c)
nu nyaritakeun paripolah jalma biasa
d)
nu nyaritakeun asal-muasal hiji tempat
9.
Dongéng Prabu Siliwangi kaasup dongéng…
a)
fabel
b)
sage
c)
parabel
d)
mite
10.
Dongéng nu eusina mangrupa tuladan pikeun manusa disebut...
a)
piuntungeun
b)
pieunteungeun
c)
pibuntungeun
d)
pibeuteungeun
11.
Dongéng diwangun ku unsur intrinsik jeung ekstrinsik, nu kaasup unsur intrinsik nyaéta..
a)
sikep
b)
asal-usul pangarang
c)
kaayaan
d)
palaku
12.
Runtuyan kajadian anu miboga hubungan sabab akibat dina unsur intrinsik dongeng disebut…
a)
tema
b)
palaku
c)
galur
d)
amanat
13.
Ajaran moral atawa pesen anu ditepikeun pangarang dina hiji carita disebut ogé..
a)
tema
b)
palaku
c)
galur
d)
amanat
14.
Unsur nu aya di saluareun carita nu mangaruhan eusi karangan disebut ogé..
a)
unsur intrinsik
b)
unsur ekstrinsik
c)
internal
d)
informal
15.
Ngadongéng mangrupa kagiatan anu dumasar kana hasil panangtulikan méré mangpaat saperti ieu, iwal (kecuali)…
a)
méré kani’matan jeung kasugemaan batin
b)
ngaronjatkeun kacerdasan nu macana
c)
méré harta nu loba
d)
miara tradisi turun tumurun
16.
Sajak atawa puisi kaasup karya sastra dina wangun...
a)
bébas
b)
Ugeran (kaatur)
c)
pupuh
d)
dongéng
17.
Dina ngarang sajak loba kecap-kecap pilihan, sok disebut ogé...
a)
diksi
b)
diskusi
c)
didik
d)
kondusif
18.
Maca sajak dilisankeun (ditalar) dihareupeun umum, dipasieup ku peta/gerak anggota badan disebut...
a)
déklamasi
b)
demonstrasi
c)
dedikasi
d)
dehidrasi
19.
Gaya basa Ngupamakeun atawa ngabandingkeun hiji barang anu sipatna nembrak, contona...
a)
Sora jangkrik ngabangingik tengah peuting
b)
Bulan nyumput tukangeun mega
c)
Ombak tingsuruwuk silih udag di basisir
d)
Manehna jeung adina sok paséa waé kawas ucing jeung anjing
20.
Asa ditonjok congcot, hartina...
a)
meunang kasedih
b)
meunang kabungah
c)
meunang kakesel
d)
meunang kasieun
21.
Gaya basa nu nuduhkeun kaayaan jempling nyaéta…
a)
kawas bueuk meunang mabuk
b)
kawas gaang katincak
c)
lir dipupul bayu
d)
kawas ucing jeung anjing
22.
Daun kalapa ngagupayan ka nu rek mulang. Gaya basa ieu kaasup gaya basa…..
a)
ngupamakeun
b)
ngaiibaratkeun
c)
ngabandingkeun
d)
mijalma
23.
Kuring mios ka sakola. Ustadz Heri gé ….ka sakola. Kecap nu bener dilarapkeun nyaéta…
a)
indit
b)
berangkat
c)
angkat
d)
pergi
24.
Pun bapa teu damang tos tilu dinten, abdi gé geus tilu poé . ……………………
a)
udur
b)
gering
c)
muriang
d)
ngaringkuk
25.
Ustadz nyerat dina papan tulis, kuring gé…………………….dina buku
a)
dahar
b)
mandi
c)
diuk
d)
nulis
26.
Zaid isuk kénéh datang ka sakola, Ustadz Ook gé …….énjing kénéh ka sakola.
a)
datang
b)
jol
c)
dongkap
d)
sumping
27.
Pun bapa ….. sareng lauk pais, kuring gé dahar pais lauk. Kecap nu merenah nyaéta…
a)
emam
b)
tuang
c)
sasarap
d)
nyatu
28.
Alika keur nulis dina buku, di payun ustadzah nuju ……………..….dina papan tulis.
a)
nyarios
b)
tatih
c)
nyerat
d)
calik
29.
Dinten kamari Dwi teu lebet sakola kumargi ……………. panas sareng batuk.
a)
gering
b)
udur
c)
sakit
d)
nyeri
30.
Mun tilawah di mushola kudu tartib jeung …. Kecap nu merenah pikeun kalimah ieu…
a)
khusyu
b)
ribut
c)
jempling
d)
cicing
31.
Sirah lemesna……
a)
mastaka
b)
damis
c)
lambey
d)
angkeut
32.
Lemesna biwir nyaéta…….
a)
mastaka
b)
damis
c)
lambey
d)
angkeut
33.
Punday teh lemesna tina…………………
a)
cangkeng
b)
beuteung
c)
leungeun
d)
taktak
34.
Patuangan teh lemesna tina………….
a)
beuteung
b)
cangkeng
c)
leungeun
d)
taktak
35.
Bitis lemesna……………………
a)
wentis
b)
paha
c)
sampean
d)
tuur
36.
Imah kuring mah di Perum Purnawira,, …………………Ustadzah mah di Baros. Kecap nu merenah pikeun ngeusiannana nyaéta…
a)
bumi
b)
saung
c)
kandang
d)
gedong
37.
Urang mah éra mun meunang peunteun leutik téh. Lemesna éra nyaéta…….
a)
sieun
b)
saé
c)
kirang
d)
isin
38.
Alus nya, mun urang make basa Sunda nu sopan jeung babaturan. Lemesna alus nyaéta…
a)
sieun
b)
saé
c)
kirang
d)
isin
39.
Nu lain tatakrama ka nu leuwih kolot nyaéta…….
a)
kudu hormat ka saluhureun
b)
mantuan sanajan teu dipenta
c)
nitah pangnyokotkeun barang
d)
nyebut teteh atawa akang
40.
Poé basa indung sadunya nyaéta poé miéling dipakéna basa asli hiji wewengkon, waktuna….
a)
21 Februari
b)
14 Februari
c)
22 Februari
d)
22 Februari
Reset
