NEW
Font size
WorksheetsPTS 2 Kelas V Bahasa Sunda
Total questions: 20
Worksheet time: 40mins
Perhatikeun sajak di handap ieu!
Éndah alam padésaan
Éstu lain pupulasan
Diriung ku gunung-gunung
Dikuriling pasir-pasir
Kidul, kulon, kalér, wétan
Plung-plong, matak waas téténjoan
Eusi sajak di luhur nyaéta nyaritakeun tentang ....
alam padésaan
alam kota
alam di gunung
pupulasan alam
Perhatikeun sajak di handap ieu!
Éndah alam padésaan
Upluk-aplak pasawahan
Leuweung héjo ku tatangkalan
Arula-arileu wahangan
Ngocorkeun cai canémbrang hérang
Kaayaan leuweung nu dicaritakeun dina sajak di luhur nyaéta ....
uplak aplak
arula arileu
canémbrang hérang
héjo ku tatangkalan
Perhatikeun sajak di handap ieu!
Éndah alam padésaan
Taneuhna subur tatanén ma’mur
Rohmat ti Gusti nu Maha Gofur
Sangkan mahluk-Na daék tafakur
Dina sajak di luhur dicaritakeun, kaayaan taneuh di padésaan nyaéta ….
subur
éndah
ma’mur
tafakur
Leuweung téh ulah digunasika bisi ruksak.
Harti kecap digunasika nyaéta ….
diganggu
dijaga
dipiara
diurus
Bulan puasa sok réa barudak ngabuburit.
Harti kecap ngabuburit nyaéta ….
waktu jalan-jalan
waktu dalahar
waktu arulin
waktu nunggu adzan magrib
Tukang dagang di buruan sakola téh … ku barudak.
Kecap nu tepat keur ngalengkeupan kalimah di luhur nyaéta ….
diriksa
diriung
digunasika
diruksak
Déwi téh …. di sakolana mun ulangan nilaina 100 terus.
Kecap nu tepat keur ngalengkeupan kalimah di luhur nyaéta ….
pangwanterna
pangpinterna
pangjangkungna
pangbageurna
Di perpsutakaan mah buku … téh lengkep.
Kecap nu tepat keur ngalengkeupan kalimah di luhur nyaéta ….
maca
macaan
bacaan
dibaca
Uni keur … pituduh nginum obat keur ninina.
Kecap nu tepat keur ngalengkeupan kalimah di luhur nyaéta ….
mangmacakeun
dipangmacakeun
pangmacakeun
dibacaan
Pepelakan ulah .... bisi paraéh.
Kecap nu tepat keur ngalengkeupan kalimah di luhur nyaéta ….
diriksa
digunasika
dipiara
dirawat
Mun urang boga barang, kudu diriksa ngarah awét.
Harti kecap diriksa nyaéta ....
diruksak
digunasika
dikakaya
dirawat
Tangkal nu munggaran buahanana mah biasana tara leubeut.
Harti kecap munggaran nyaéta ....
mimiti
kapungkur
kamari
pangtukangna
Abdi diwidian wangsul ti sakola margi udur.
Harti kecap diwidian nyaéta ....
diizinan
dipasihan
dipulangkeun
didatangkeun
Jarak imah Rudi ka sakola ....., mun leumpang oge ngan10 menit.
Kecap nu tepat keur ngalengkeupan kalimah di luhur nyaéta ….
pangjauhna
pangdeukeutna
pangtarikna
panggancangna
Ki Uding keur .... surat ku incuna.
Kecap nu tepat keur ngalengkeupan kalimah di luhur nyaéta ….
dipangmacakeun
mangmacakeun
macaan
dibacaan
Perhatikeun sajak di handap ieu!
Kota Bandung anu asri
Tempat kalahiran abdi
Kota pendidikan jeung budaya
Abdi resep jadi urang Bandung
Bandung kota nu seungit lir kembang
Hayu urang wangun babarengan
Ngarah jadi kota nu bersih tur éndah
Abdi resep jadi urang Bandung sabab Bandung kota nu seungit lir ....
asri
éndah
kembang
budaya
Sakolah Déwi mah dikuriling ku pager témbok.
Harti kécap dikuriling nyaéta ....
diriung tapi rapet
dikakaya
dijaga
genclang
Cai walungan di pagunungan mah masih kénéh hérang
Harti kécap hérang nyaéta ....
kainget kana kajadian anu baheula anu matak bungah
genclang atawa jernih
beunghar atawa jegud
sagala pepelakan gampang kana jadina
Ceuceu téh kapilanceuk abdi.
Harti kécap kapilanceuk nyaéta ....
anakna ua atawa emang/bibi.
nunggu waktu buka puasa
ngalakukeun.
ngabejaan.
Conto cara ngajaga alam sangkan tetep endah jeung lestari nyaéta ....
miceun runtah ka walungan
ngalakukeun reboisasi
meuleum runtah di pakarangan imah
nuaran tatangkalan di leuweung
