NEW
Font size
WorksheetsLATIHAN B.SUNDA KELAS 5 SM 2
Total questions: 20
Worksheet time: 10mins
INDONESIA
Sanggian : Koko Koswara
Indonesia gemah ripah loh jinawi
Alam endah, hejo lembok sugih mukti
Subur tutuwuhan beunghar pepelakan
Daun hejo ngemploh karaharjaan lemah cai
Kakayon, tumuwuh subur pajangkung-jangkung
Patetan, ngawujud sirung pagulung-gulung
Piraku rek rela, piraku rek tega
Alam nu ngemploh hejo pinarengan ngarangrangan teu kariksa
(dicutat tina midadami kelas 5 halaman 52)
Naon judul kawih di luhur ?
Koko Koswara
Tutuwuhan
Indonesia
Lemah Cai
Kecap hejo lembok, ngandung harti ....
pucuk daun
subur makmur
daun anu hararejo
daun gomplok
Indonesia, gemah ripah loh jinawi.
Harti tina kecap gemah nyaeta .....
sagala babari
sagala hese
sagala pepelakan
sagala anu jadi tina taneuh
Imam nyorendang koja ani di eusian sangu jeung dengen na. Harti kecap koja nyaeta ....
sasab kukurilingan di leuweung
jajalemaan pikeun nyingsieunan manuk di sawah
cai beresih anu kaluar tina taneuh
kantong anu dijeujeut kawas jaring
Unggal poe, saeunggeus balik sakola, Iman indit ka sawah rek nungguan pare anu keur ....
beuneur hejo
sirungan
hejo lembok
nyarungsum
Ema : "Ujang geura dahar geus beurang !"
Ujang : "Naon sabab na Ujang kudu dahar ma?"
Ema : .....
Kalimah anu pantes pikeun paguneman di luhur nayeta ....
ema geus nyangu
sangkan boga tanaga
supaya bisa lumpat tarik
supaya jadi jalema bageur
Nu kumaha ari kadaharan anu sehat teh ?
Kadaharan anu meunang meuli ti toko
Kadaharan anu beresih jeung bergizi
Kadaharan anu mahal
Kadaharan anu di impor ti luar negeri
Lauk teh loba rupana. Aya lauk cai laut aya lauk cai tawar. Ari lauk cai tawar conto na nyaeta ....
lauk emas, lauk paus, jeung lele
lauk hiu, lauk nilem, jeung jaer
lauk bogo, lauk nilem, jeung lauk emas
lauk lumba-lumba, lauk hiu, jeung lauk makarel
Saur kang Iwan, nongton TV teu kenging caket-caket teuing, kumargi bakal ngareksak kana ....
soca
waos
lambeut
sampean
"Ujang ayeuna nuju nyieun jeujeur"
Kalimah di luhur kaasup kana kalimah ....
parentah
ajakan
panyaram
wawaran
"Lah, aya ku hareudang. Halabhab deuih", ceuk Rani.
Harti kecap halabhab nyaeta ...
panas pisan
kalaparan
hayang dahar
hayang nginum
Asal kecap tina "pikaresepeun", nyaeta ....
resep
pika
resepeun
pikaresep
Kecap anu make rarangken barung pika-, -eun nyaeta ....
pibajueun
pijangkungeun
pikaseurieun
piimaheun
Ningal korban bencana alam banjir di TV, meni ..., loba imah na anu ka kelem.
pikanyaaheun
pikawatireun
piwatireun
pinyaaheun
Dina waktu dibagi rapor semester kahiji, kuring ngarasa ... , sabab kuring jadi pinunjul ka hiji di kelas lima.
keuheul
bungah
lieur
sedih
Baheula leweung teh geueuman.
Harti kecap geueuman nyaeta .....
pikabetaheun
pikasieuneun
piseupieun
pirameun
Sok geura ... emam budak teh, karunya tos lapareun.
Kecap anu merenah pikeun ngeusian kalimah diluhur nyaeta ...
pasih
papasihan
pasihna
pasihan
rea nu dipegung bisi kasarung.
Hartina kecap kasarung nyaeta ....
rea jalma nu make karung
rea jalma nu disarung
rea jalma anu teu apal pangbalikan
rea jalma nu teu disarung
Karya sastra wangun puisi anu heunteu ka iket ku aturan bahasa, tur dibacana endah. nayeta ....
sajak
carpon
pantun
babasan
Perhatikeun sajak di handap ieu !
Neuteup pinuh ku harepan
Pikeun ngahontal sahiji impenan
Dina ngawujudkeun kahayang
Pikeun mangsa hareup abu gumilang
Sajak di luhur nyaritakeun ngeunaan .....
ngalamunkeun kahayang
nyaritakeun ngimpi anu peuting
loba kahayang teu kacumponan
harepan ngaraih cita-cita
