wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

Postest Tradisi Budaya Sunda

Total questions: 15

Worksheet time: 8mins

Name
Class
Date
1.

Naon ai nu disebut tradisi téh, iwal….

a)

Adat kabiasaan

b)

Tali paranti anu turun temurun ti karuhun

c)

Tata kalakuan anu diwariskeun ti kolotna

d)

Warisan ti kolot

2.

Dina kahirupan masarakat sunda, adat kabiaasaan patali jeung upacara daur hidup (siklus hidup),ti mimiti kakandungan, lahir, rumaja, kawin, nepi ka maot. Salasahiji adat nikahkeun diantarana, iwal….

a)

Ngaras jeung siraman

b)

Ngeuyeuk seureuh

c)

Sawér

d)

Tujuh bulanan atawa tingkeban

3.

Rupa-rupa adat anu kapanggih masih kénéh hirup di masarakat urang salaku media hiburan nyaéta…

a)

Adat ngurus nu maot

b)

Adat ngariksa nu kakandungan

c)

Mulasara bali

d)

Sawér dina adat ngawinkeun

4.

Adat kabiasaan séjén anu husus, saperti di daérah Pangandaran sok ngayakeun….

a)

Sérén taun

b)

Ruwat bumi

c)

Hajat laut

d)

Munggahan

5.

Salam ka jalma anu dianggap dipihormat ku pangantén. Dina prosési ieu pangantén salam ka indung bapa ti dua kulawarga jeung sesepuh anu aya Maksudna nyaéta ménta restu ka dua kulwarga dina ngambah kahirupan rumah tangga anu rék dilakonan. Sok disebut…

a)

Sungkem

b)

Sawér

c)

Huap lingkung

d)

Narosan

6.

Nyawér asal kecapna tina kecap awér atawa sawér nu hartina…

a)

Cérét

b)

Kabaseuhan

c)

Diuk babarengan

d)

Diawuran

7.

Inti tina nyawér téh nyaéta, iwal….

a)

Nepikeun papatah atawa naséhat rumah tangga

b)

nepikeun kawajiban salaki ka pamajikan

c)

nepikeun kawajiban pamajikan ka salaki

d)

ritual kaagamaan

8.

Sahiji prosés anu dilakukeun ku pihak lalaki ku cara datang ka kulawarga pihak awéwé bari ménta budak awéwéna jang dijadikeun pamajikan, biasana méré sajumlahing duit ka pihak awéwé sagédéngeun mawa kadaharan Prosés ieu disebut….

a)

Narosan/ngalamar

b)

Nendeun omong

c)

Walimahan

d)

Ngaras

9.

Salametan atawa syukuran pikeun ngado’akeun pangantén anu karék gé ngadahup diistrénan dihareupeun naib disebut ogé….

a)

Walimahan

b)

Siraman

c)

Narosan

d)

Neundeun omong

10.

Prosés di mana ti pihak lalaki talatah anu eusina boga niat jang hahadéan tapi lain mangrupa runtuyan dina adat nikahkeun disebut ogé….

a)

Neundeun omong

b)

Ngaras

c)

Walimahan

d)

Sawér

11.

Salaku istri dina rumahtangga kudu bisa niiskeun atawa mareuman siga eusi kendi anu eusina cai pikeun mareuman seuneu, mangrupa tina ma’na….

a)

Nyawér

b)

Meuleum harupat

c)

Nincak endog

d)

Huap lingkung

12.

Prosési siraman jeung ngaras biasana ditujukeun pikeun….

a)

némbongkeun rasa hormat ka kolot jeung ménta du'a

b)

némbongkeun kulawargana mampu ngayakeun ieu upacara

c)

némbongkeun masih nyekel pageuh adat sunda

d)

némbongkeun kabungahaan nu jadi pangantén

13.

Karangan atawa wacana anu eusina ngajéntrékeun hiji objék, kumaha prosésna, tujuanana, jeung gunana nyaéta….

a)

Karangan pedaran (éksposisi)

b)

Karangan arguméntasi

c)

Karangan narasi

d)

Karangan déskripsi

14.

Sawatara hal saupama hidep rék nulis karangan bahasan, diantarana, iwal….

a)

Netepkeun pasualan atawa perkara anu rék ditulis

b)

Ngumpulkeun bahan atawa data keur ngarojong eusi karangan pedaran

c)

Teu kudu mikiran pijuduleun

d)

Nyusun raraga atawa rangkay karangan

15.

Karangan pedaran ilaharna sok di muat dina koran atawa majalah. Saupama geus di muat, biasana sok disebut….

a)

Carpon

b)

Artikel

c)

Warta

d)

Karangan fiksi