wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

Ulangan Harian Kelas 8

Total questions: 20

Worksheet time: 2hrs 40mins

Name
Class
Date
1.

KARATAGAN PAHLAWAN

(Karangan : Mang Koko)

Teu honcéwang sumoréang

Tékadna pahlawan bangsa

Cadu mundur pantrang mulang

Mun maksud tacan laksana

Berjuang keur lemah cai

Lali rabi tur téga pati

Taya basa ménta pamulang tarima

Iklas, rido keur korban merdéka


Anu jadi téma dina kawih di luhur nya éta..

a)

karatagan pahlawan

b)

perjuangan

c)

pantrang mulang

d)

sumoreang

2.

6. Naon anu diperjuangkeun nurutkeun téks kawih Karatagan Pahlawan ?

a)

tekad pahlawan

b)

lali rabi

c)

pati

d)

kamerdekaan

3.

Dina pada ka-2 rumpaka kawih Karatagan Pahlawan, anu nuduhkeun pangorbanan aya dina padalisan ka...

a)

ka-1

b)

ka-2

c)

ka-3

d)

ka-4

4.

upama nilik kana wangunna,guguritan teh kaasup kana..

a)

puisi

b)

prosa

c)

esey

d)

drama

5.

Anu henteu ka asup aturan nulis pupuh nyaeta...

a)

jumlah larik tina hiji pada (bait)

b)

jumlah engang (suku kata ) tina tiap padalisan ( larik)

c)

sora guru lagu ( purwakanti ) dina tiap padalisan (larik)

d)

gaya basa

6.

Anu teu ka asup ngaran pupuh nyaeta..

a)

asamarandana

b)

sinom

c)

wirangrong

d)

lembang

7.

Pupuh nu teu kaasup kana sekar ageung nya eta....

a)

Kinanti

b)

Asmarandana

c)

pucung

d)

Sinom

8.

1. Ihlas raga sareng pati

2. palataran babaléan

3. Hampelas raraga jati

4. ngabéla kasaéan


Urutan nu bener sangkan jadi wangun paparikan nu bener nyaéta ....

a)

4-2-3-1

b)

3-2-1-4

c)

4-1-3-2

d)

3-1-4-2

9.

Meuncit meri dina rakit

Boboko wadah bakatul

Lain nyeri ku panyakit

.........................................


Kalimah pikeun ngalengkepan sisindiran di luhur nyaéta ...

a)

kabogoh ngajak enggeusan

b)

kabogoh bogoh ka batur

c)

kabogoh direbut batur

d)

kabogoh embungeun ka batur

10.

Cangkang jeung eusi paparikan nyaéta aya di ....

a)

baris kahiji jeung kaopat

b)

baris kahiji jeung kadua eusi, baris katilu jeung kaopat cangkang

c)

baris kahiji jeung kadua cangkang, baris katilu jeung kaopat eusi

d)

baris kahiji, kadua, katilu cangkang, baris kaopat eusi

11.

Nun Sumuhun nu ieu namina curuk

Nu ieu nami jariji

Nu tengah nami jajangkung

Nu alit namina cingir

Lamun jempol anu pondok


Jumlah padalisan dina pupuh diluhur nyaéta ...

a)

1 padalisan

b)

5 padalisan

c)

6 padalisan

d)

15 padalisan

12.

Sora vokal dina tungtung padalisan disebut ...

a)

gurulagu

b)

guruwilangan

c)

pada

d)

purwakanti

13.

Nurutkeun para bujangga Sunda sacara gurat badag pupuh téh dibagi jadi .... bagian

a)

dua

b)

tilu

c)

opat

d)

lima

14.

Gambaran anu diébréhkeun/diungkapkeun ku eusi pupuh disebut ...

a)

gurulagu

b)

guruwilangan

c)

watek pupuh

d)

purwakanti

15.

Durma, Mijil, jeung Lambang kaasup kana sekar ...

a)

ageung

b)

alit

c)

panengah

d)

wiwitan

16.

Pupuh anu sok dipaké ngagambarkeun rasa banyol atawa heureuy nyaéta ...

a)

kinanti

b)

durma

c)

magatru

d)

balakbak

17.

ADAT JALMA

(Mijil)


Sipat jalma adat masing-masing,

nu rajin nu getol,

nu balabah someah darehdeh,

wijaksana tulaten gumati,

lantip amis budi,

ampuh lungguh timpuh.


Pupuh di luhur diwangun ku....

a)

7 padalisan

b)

6 padalisan

c)

5 padalisan

d)

4 padalisan

18.

ADAT JALMA

(Mijil)


sipat jalma adat masing-masing

nu rajin nu getol

nu balabah someah darehdeh

wijaksana tulaten gumati

lantip amis budi

ampuh lungguh timpuh


pupuh di luhur nyaritakeun ngeunaan....

a)

pasipatan jelema

b)

kabiasaan jelema

c)

kaayaan jelema

d)

rupa-rupa jelema

19.

Golongan pasipatan jelema anu hade nya eta....

a)

jail hiri dengki

b)

adigung sombong

c)

suhud junun jujur

d)

basangkal bedegong

20.

Ari golongan pasipatan jelema anu goreng nya eta....

a)

harak judes julig

b)

sabar handap asor

c)

binekas binangkit

d)

lantip amis budi