wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

Latihan Bahasa Sunda USBN 2020

Total questions: 25

Worksheet time: 27mins

Name
Class
Date
1.

Baca cutatan dongéng ieu pikeun ngajawab soal nomer 1 jeung 2!


Usum katiga kawilang panjang, panon poé karasa panas morérét. Jujukutan taya nu jadi, paréang nungtut paraéh. Di hiji rungkun, peucang ngiuhan bangun nu horéam lunta. Geus teu werateun jigana mah kawantu ti isuk can kararaban dahareun. Awakna begang kari kulit jeung tulang. Leumpangna gé geus rarampéolan. Keur uleng mikiran nasibna, teu kanyahoan ti mana jolna, ujug-ujug korosak ajag nyampeurkeun bari babaung Ieu geuning hakaneun aing téh, ceuk ajag. Awas, peucang, manéh ulah boga pikiran lumpat. Ka mana ogé moal burung diberik! pokna deui bari angger babaung.


Kaasup kana jenis dongéng naon cutatan di luhur?

a)

babad

b)

sasakala

c)

fabel

d)

parabel

2.

Latar waktu jeung tempat tina cutatan dongéng di luhur....

a)

usum katiga dina handapeun tatangkalan

b)

usum halodo panjang dina rungkun

c)

pabeubeurang di hiji tegalan

d)

pabeubeurang dina deukeut rungkun

3.

Baca ieu sajak pikeun ngajawab soal nomer 3 jeung 4!


Sawah

Karya: Sayudi

Keprak deui!

keprak deui!

piit ngawih usum sugih

mébér jangjang hirup manjang

Nyai Sri dihias emas

ditiung layung

diampar jagat

Keprak deui

keprak deui

di ranggon émok Si Dénok

bawana parancah tamba

Sieuh manuk mangka euweuh

singlar bégal mangka anggang

sawah kula talang nyawa

maculan di congo gobang

disiraman cai késang

ngabinihan taroh pati

Paré mulus lega dada

haté bapa papak méga

kurulung angklung poé panén


Téma sajak di luhur nyaéta...

a)

nyawah anu hasilna mucekil pasti pinuh ku pangorbanan

b)

usaha patani anu toh-tohan nyawah tepi ka kaala hasilna

c)

ngarasa bungah lantaran hasil panénna mucekil tina hasil usahana

d)

ngagunakeun gaya basa répétisi, contona dina ungkara keprak deui

4.

Amanat anu kaungkab tina sajak di luhur nyaéta....

a)

usaha patani anu toh-tohan nyawah tepi ka kaala hasilna

b)

ngarasa bungah lantaran hasil panénna mucekil tina hasil usahana

c)

ngagunakeun gaya basa répétisi, contona dina ungkara keprak deui

d)

nyawah anu hasilna mucekil pasti merlukeun pangorbanan

5.

Hadirin jamaah Jumah rohimakumulloh,

Kalolobaan ti antara urang henteu sadar yėn hirup bakal anggeusan. Lain tatahar pikeun nyorang alam nu bakal datang, ieu mah kalah ka suka bungah kajongjonan babanda keur kasenangan dunya bari jeung henteu nyėsakeun ajang kabagjaan ahėrat (tina: Gapura Basa IX, 2007).

Ungkara di luhur tėh mangrupa bagian … dina hutbah.

a)

bubuka

b)

eusi

c)

kasimpulan

d)

pangjajap

6.

Tarjamahan tina "matahari akan tenggelam" nyaeta..

a)

Matahari rek surup

b)

Panonpoe rek titeuleum

c)

Panonpoe rek surup

d)

Matahari moncorong

7.

Kita semua harus melestarikan dan memelihara basa, sastra, jeung aksara sunda.. Tarjamahan basa sunda anu bener nyaeta

a)

Urang sadaya kedah ngamumule tur miara basa, sastra, jeung aksara sunda

b)

Urang sadaya kudu ngalestarikeun tur miara basa, sastra jeung aksara sunda

c)

Urang kabeh kudu ngalestarikeun tur miara basa, sastra jeung aksara sunda

8.

Dongeng fabel contona nyaeta

a)

Si kabayan ngala nangka

b)

Nyi roro kidul

c)

Sakadang kuya

d)

Tangkuban parahu

9.

Bagian tina panutup dina laporan kagiatan nyaeta..

a)

Kacindekan jeung Saran

b)

Jejer kagiatan

c)

Kasang tukang

10.

sempalan paragrap di luhur kaasup kana wangun rangkay pedaran...

a)

bubuka

b)

eusi

c)

panutup

d)

jejer

11.
Pupuh nu kaasup sekar ageung nyaéta ....
a)
wirangrong
b)
magatru
c)
ladrang
d)
dangdanggula
12.
Kumaha kajadianna eta nu diwartakeun ? ieu bisa diwakilan ku unsur pananya ..
a)
who
b)
why
c)
how
d)
where
13.

Karangan anu eusina ngajéntrékeun hiji objék, kumaha prosésna, tujuanana, jeung gunana, mangrupa wangenan tina karangan jenis...

a)

éksposisi

b)

narasi

c)

déskripsi

d)

arguméntasi

14.

Dina carita wayang di urang, utamana anu dipagelarkeun dina wayang golék, sok kapanggih tokoh Semar, Cepot, Dawala, jeung Garéng, anu sok disebut ogé tokoh...

a)

dagelan

b)

punakawan

c)

pangiring

d)

bodoran

15.

Carita wayang teh salah sahiji pintonan nu aya di tatar Sunda nu caritana nyandak tina carita pawayangan ti India. Di handap ieu nu teu kaasup kana bedana carita wayang Sunda jeung India nyaeta...

a)

di tatar Sunda mah aya tokoh Punakawan

b)

di India Drupadi teh pamajikan Pandawa

c)

di tatar Sunda tokoh Gatotgaca teh lain tokoh penting

d)

di tatar Sunda Drupadi teh pamajikan Yudistira

16.

Sanduk-sanduk ka karuhun lantaran rék ngamimitian mantun. Sanduk-sanduk téh hartina ménta idin, ménta pangraksa jeung pangriksa ti nu ngageugeuh éta lembur sangkan saralamet. Ménta kasalamétan téh lain keur nu dipangmantunkeun baé tapi kaasup nu mantun jeung nu lalajo éta pantun. Eta bagean teh disebut...

a)

Rajah

b)

Narasi

c)

Dialog

d)

Monolog

e)

Deskripsi

17.

Bagean anu nyaritakeun, ditepikeun dina mangsa juru pantun nyambungkeun hiji kajadian kana kajadian saterusna, disebut...

a)

Narasi

b)

Deskripsi

c)

Monolog

d)

Dialog

e)

Rajah

18.

Sisindiran anu dibalikan deui kecap mimitina dina padalisan eusi disebut...

a)

wawangsalan

b)

pupujian

c)

rarakitan

d)

paparikan

19.

Belut sisit saba darat,

kapiraray siang wengi...

wangsalna........

a)

belut

b)

hileud

c)

oray

d)

simeut

20.

DUMASAR KANA EUSINA KAASUP KANA . . . .

a)

SILIH ASIH

b)

PIWURUK

c)

SESEBRED

d)

TEKA - TEKI

21.

Anu kaasup kana jenis sisindiran rarakitan nyaeta . . . .

a)
b)
c)
d)
22.

Ulah kéok saméméh dipacok

a)

ᮅᮜᮠ ᮊᮨᮇᮊ᮪ ᮞᮙᮈᮙᮈᮂ ᮓᮄᮕᮃᮎᮧᮊ᮪

b)

ᮅᮜᮂ ᮦᮊᮇᮊ᮪ ᮞᮦᮙᮦᮙᮂ ᮓᮤᮕᮎᮧᮊ᮪

c)

ᮅᮜᮃᮠ᮪ ᮊᮆᮇᮊ᮪ ᮞᮙᮆᮙᮆᮠ᮪ ᮓᮤᮕᮎᮇᮊ᮪

d)

ᮅᮜᮃᮂ ᮊᮩᮇᮊ᮪ ᮞᮙᮩᮙᮩᮂ ᮓᮕᮎᮧᮊ᮪

23.

Udin panggih jeung lanceukna anu pisah jeung manéhna geus kana 10 taun, duanana ceurik bari silih gabruk.

Unsur insintrik anu aya dina sempalan carita ieu ...

a)

Palaku

b)

Amanat

c)

Latar kaayaan

d)

Watek

24.

Anu henteu ditulis dina teks Biografi hiji tokoh...

a)

Sifat goréng

b)

Kabiasaan

c)

Identitas

d)

Riwayat atikan

25.

"Waktos ngadugikeun matéri 30 menit dilanjengkeun sesi patarosan 30 menit."


Kalimat di luhur salah sahiji pancé panumbu catur, bagéan ...

a)

Muka sawala

b)

Masihan waktos ka pangjejer

c)

Nutup sawala

d)

Ngajelaskeun katantuan sawala