NEW
Font size
WorksheetsRemedial Soal Carita Pantun
Total questions: 20
Worksheet time: 20mins
Bagean Carita nu ngalalakonkeun yen tokoh utamana teh kudu ngalalana, boh kaleuweung, ka dasar sagara, boh kahiji nagara disebutna galur .....
mulang
ujian
miang
rajah
lalakon
Jalma nu sok mawakeun carita pantun disebutna ....
sinden
juru kawih
juru pantun
nayaga
dalang
Carita pantun kaasup kana karya sastra buhun. Kecap "buhun" sarua hartina jeung ...
Baheula
Ayeuna
Kiwari
Kamari
Anyar
Dina mintonkeun carita pantun, juru pantun ngagunakeun alat seni mangrupa ....
Gamelan
Suling
Kacapi
Rebab
Kendang
Eusi carita pantun biasana sok ngalalakonkeun tokoh ti karajaan ...
Majapahit
Pajajaran
Tarumanagara
Saung Galah
Sriwijaya
Torojol aya satria gagah, leuwih kasép jeung gadang batan Indrajaya, nyampeukeun sarta ngaku kabogor purbasari. Éta satria téh taya lain Lutung Kasarung anu geus salin rupa deui jadi Guru Minda. Nénjo kaayaan kitu Indrajaya panas der gelut. Indrajaya éléh jajaten ku si éta satria gagah téa. Ahirna Purbasari jeneng jadi raja di nagara Pasir Batang nu girang nu mangrupa nagara asalna.
Sabada hidep maca sempalan di luhur, cindekna éta carita pantun kaasup kana Galur....
Leunjeuran
Salancar
Carangan
Simpay
Maju
Beuki peuting udin beuki sumanget ngaregepkeun carita pantun. Aya rasa kapanasaran sabab aya nu nyebutkeun "sok resep nganti-ngati déskripsi dina caritana nya".
Maksud déskripsi dina carita pantun nyaéta...
ngawanohkeun hiji tokoh
nyaritakeun hiji nagara
ngagambarkeun paripolah tokoh
metaan kaayaan hiji nagara
Ngajentrekeun kacindekan carita
Indung Marboah rék nanggap carita pantun pikeun acara hajatan. Marboah nganti-nganti carita nu dipidangkeun ku Juru Pantun.
Saupama acara nyarita pantun rék dikawitan, biasana carita pantun mah dikawitan ku....
nyarita langsung
macakeun rajah bari dipirig ku kacapi
nembang pupuh heula
macakeun heula susunan carita
Nataan palaku nu rek dipaenkeun
Hiji mangsa marboah kapapancénan ku guru pikeun nganalisis rajah dina carita pantun. Ahirna anjeuna meunangkeun sababaraha ciri-ciri nu kumaha ari rajah.
Ciri-ciri nu dibeunangkeun ku Marboah nyaéta
eusina ngagambarkeun hiji tokoh
sok dihaleuangkeun
eusina saduk-saduk ka nu Maha Kawasa
loba kekecapan buhun
Ngandung piwuruk
Dumasar kana media sumebarna, pantun gelar sacara...
Lisan
Tulisan
Digital
Wangsit
Teknologi
Ieu di handap anu lain sasaruaan carita pantun jeung dongeng, nyaeta....
pada-pada mangrupa carita rekaan (fiksi)
Pada-pada ngandung Rajah
Pada-pada sumebar tur tatalepa ku cara lisan
Pada-pada ngandung unsur pamohalan
Pada-pada teu puguh nu ngarangna (Anonim)
Kumaha urutan/ struktur carita pantun nu bener téh?
Monolog – Rajah – Dialog – Deskripsi – Narasi – Rajah Panutup
Rajah – Monolog – Dialog – Deskripsi – Narasi – Rajah Panutup
Narasi – Rajah – Monolog – Dialog – Deskripsi – Rajah Panutup
Rajah – Narasi – Deskripsi – Dialog – Monolog – Rajah Panutup
Dialog - Rajah - Monolog - Narasi- Deskripsi - Rajah panutup
Bagean carita anu ditepikeun ku juru pantun keur ngagambarkeun kaayaan atawa kajadian dina carita nyaeta ....
Rajah
Dialog
Narasi
Monolog
deskripsi
Anu ngalalakon kacatur mulang deui kaasalna disebut galur?
Mérélé
Simpay
Leunjeuran
Campuran
Maju
Carita pantun kaasup kana sastra sampakan, hartina...
Karya serepan
Ayana kapangaruhan ku karya sejen
Karya adaptasi
Mangrupa titiron tina budaya deungeun
Karya sastra anu dianggap asli
Dina pungkasan caritana, anu ngalalakon téh henteu kacatur mulang deui ka nagara asalna. Sabada ngéléhkeun sababaraha nagara téh tuluy tumetep ngaheuyeuk nagara patalukan nu pangahirna, disebut galur
Mundur
Leunjeuran
Campuran
Simpay
Maju
Carita rekaan anu ukurana paranjang, gelarna dina lisan, ngandung hal-hal anu mere kesan pamohalan, anu ditepikeun ku juru pantun, dipirig ku kacapi, disebutna....
Hikayat
Dongeng
carita pantun
Wawacan
Carita wayang
Carita anu sok dilalakonkeun dina pagelaran wayang disebutna…
hikayat
carita pantun
dongéng
carita wayang
wawacan
Wayang teh asalna tina kecap ...
bayang
dalang
sarang
gagang
wacana
Babon (induk/sumber) carita wayang golek asalna ti India tina carita ....
Rama jeung Sinta
Rama jeung Yana
Pandawa jeung Kurawa
Pandawa jeung Ramayana
Mahabarata jeung Ramayana
