wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

Sunda Kelas 7

Total questions: 15

Worksheet time: 8mins

Name
Class
Date
1.

Obrolan patémpas-témpas antara dua urang atawa leuwih nyaéta.......

a)

Paguneman

b)

Pagungeman

c)

Pagunem

d)

Pagumenan

2.

Paguneman disebut ogé........

a)

Jejer

b)

Obrolan atawa wangkongan

c)

Tema

d)

Masalah

3.

Paguneman téh dilakukeun ku.......

a)

Nyalira bari sorana bedas

b)

Duaan tapi nu nyariosna nyalira

c)

Duaan atawa leuwih bari silitémpas

d)

Nyalira bari sorana teu kadangu ku batur

4.

Anu kalebet paguneman téh nyaéta......

a)

Dialog

b)

Épilog

c)

Monolog

d)

Prolog

5.

Jejer (téma/topik) dina paguneman téh....

a)

Diatur ku nu nyarita

b)

Diatur ku nu diajak nyarita

c)

Tiasa naon waé

d)

Teu tiasa sambarangan

6.

Paguneman dilaksanakeun.....

a)

Di mana waé

b)

Di kelas

c)

Dina kaayaan dines

d)

Dina korsi

7.

Kalebet henteu pantes dilakukeun upama urang nuju paguneman téh aya nu........

a)

Nyarita dibarung ku pasemon anu marahmay

b)

Nyarita dibarung ku rengkuh anu merenah

c)

Nyarita dibarung ku lentong anu merenah

d)

Nyarita dibarung ku lajag-léjég sareng poporongos

8.

Tatakrama basa Sunda maksudna pikeun.......

a)

Ngawilah-wilah jalma

b)

Ngahargaan saluhureun

c)

Silihargaan jeung sasama

d)

Ngahormat ka atasan

9.

Tatakrama basa Sunda kapungkur mah disebut.......

a)

Panta-pantana basa

b)

Undak-usuk basa

c)

Kasar-lemesna basa

d)

Basa loma jeung hormat

10.

Dina sempalam paguneman di luhur aya kecap tepas. Anu ngandung harti......

a)

Émpér, bagian pangpayuna atawa pangtukangna anu biasana ngablag, henteu ditutup sadayana ku bilik.

b)

Émpér, bagian pangpayuna atawa pangtukangna anu biasana ngablag, ditutup sadayana ku bilik.

c)

Émpér, bagian panggigirna anu ngablag

d)

Émpér, bagian pangsisina anu ngablag

11.

Kuring kakara balik ti sakola.

Dirobah jadi ragam basa hormat ka batur, nyaéta......

a)

Abdi nembé mulih ti sakola

b)

Abdi kakara mulih ti sakola

c)

Abdi nembé wangsul ti sakola

d)

Abdi nembé mulang ti sakola

12.

Indung kuring mah ngajarna di Rancaékék.

Ragam basa hormatna.....

a)

Pun ibu mah ngawulangna di Rancaékék

b)

Pun biang mah ngawulangna di Rancaékék

c)

Tuang ibu mah ngawulangna di Rancaékék

d)

Tuang biang mah ngawulangna di Rancaékék

13.

Harti milangkala nyaéta.....

a)

Tepang taun, ulang taun

b)

Tepang kota

c)

Tepang kabupaten

d)

Tepang wargi

14.

Iraha ngadegna Kabupatén Bandung téh?

a)

20 April 1641

b)

2 April 1641

c)

17 Agustus 1945

d)

7 Agustus 1945

15.

Kamari kuring panggih jeung adi anjeun.

Ragam basa hormatna......

a)

Kamari abdi tepang sareng tuang rai

b)

Kamari abdi tepang sareng tuang raka

c)

Kamari abdi tepang sareng pun adi

d)

Kamari abdi tepang sareng pun raka