wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

Bahasa Sunda

Total questions: 20

Worksheet time: 19mins

Name
Class
Date
1.

Baca paguneman ieu di handap !

Suci : "Ris, kumaha saratna ngajukeun beasiswa prestasi teh?"

Aris : "aya tilu sarat."

Suci : "naon wae, ris?"

Aris : "saratna, peunteun rapot rata-rata 80, kungsi jadi pinunjul pasanggiri dibuktikeun ku piala atawa sertifikat, jeung diidinan ku kolot, dibuktikeun ku surat idin."

Suci : "oh,kitu. Aris rek ngajukeun beasiswa?"

Aris : "nya arek atuh, sugan we di tarima, ari Suci?"

Suci : " abdi ge arek atuh. Bareng nya, Ris, ngajukeun na."

Aris : "hayu."

Naon jejer paguneman di luhur teh?

a)

Ngajukeun beasiswa prestasi

b)

Peunteun rapot alus

c)

Ngajukeun sertifikat pasanggiri

d)

Idin miluan pasanggiri

2.

Baca cutatan dongéng ieu pikeun ngajawab soal nomer 9 jeung 10!

Usum katiga kawilang panjang, panon poé karasa panas morérét. Jujukutan taya nu jadi, paréang nungtut paraéh. Di hiji rungkun, peucang ngiuhan bangun nu horéam lunta. Geus teu werateun jigana mah kawantu ti isuk can kararaban dahareun. Awakna begang kari kulit jeung tulang. Leumpangna gé geus rarampéolan. Keur uleng mikiran nasibna, teu kanyahoan ti mana jolna, ujug-ujug korosak ajag nyampeurkeun bari babaung Ieu geuning hakaneun aing téh, ceuk ajag. Awas, peucang, manéh ulah boga pikiran lumpat. Ka mana ogé moal burung diberik! pokna deui bari angger babaung.


Kaasup kana jenis dongéng naon cutatan di luhur?

a)

babad

b)

sasakala

c)

fabel

d)

parabel

3.

Ieu di handap, ungkara iklan layanan masarakat ieu eusina pangajak, iwal ....

a)

Sing Irit Maké Listrik

b)

Sing Taat Mayar Pajeg

c)

Singkahan Narkoba

d)

Sing Getén Miara Leuweung

4.

Mana di antara kalimah ieu anu bener ngalarapkeun kecap rajékan?

a)

Tong dar-dér-dor deui atuh kéngéng cape-capé nilepan!

b)

Sora petasan ti tungtung lembur mani war-wér-wor matak katorékan.

c)

Jang Muslih gering panas, sapeupeuting hantem wé sasar.

d)

Kari-kari rék dikamanakeun atuh, lain cicing.

5.
Kecap pananya keur naroskeun ngaran tempat nyaeta ….
a)
di mana
b)
saha
c)
kumaha
d)
sabaraha
6.
Kecap pananya keur naroskeun ngaran jalma nyaeta ….
a)
saha
b)
kumaha
c)
sabaraha
d)
sabaraha
7.
Aya … murid kelas 6E? Aya 20 urang.
a)
sabaraha
b)
kumaha
c)
di mana
8.

Sasangkala Tangkuban Parahu kasohor nyaritakeun kasaktian .....

a)

Malin Kundang

b)

Jaka Tarub

c)

Sangkuriang

d)

Gatot Kaca

9.

Kalimah nu mangrupa bubuka dina biantara, nyaeta .....

a)

Wilujeng enjing, Assallamu'allaikum wr. wb. puji sareng syukur ka Alloh SWT nu parantos masihan kanikmatan di dunya.

b)

Dina raraga mieling Hari Pramuka tanggal 14 Agustus 2017 kamari, diayakeun kagiatan kemping di Bumi Perkemahan Cibubur.

c)

Mudah-mudahan biantara ti abdi tiasa ngaronjatkeun pangaweruh saderek sadaya pikeun kasehatan lingkungan. Hatur nuhun kasadayana, Wassalamu'alaikum wr. wb.

d)

Dina danget ayeuna, urang medar ngeunaan kasehatan lingkungan.

10.

Kalimah nu merenah ngagunakeun tata basa ragam hormat, nyaeta .......

a)

Pa guru angkat ka sakola.

b)

Pa Jaja nuju dahar di Kantin.

c)

Bu Lala arek meuli beas.

d)

Ema nuju neda di dapur.

11.

Kagiatan tanya jawab antara nu ngawawancara jeung nu diwawancara (narasumber), nu tujuanana keur ngumpulkeun informasi disebutna ......

a)

paguneman

b)

wawancara

c)

talkshow

d)

ngawangkong

12.

kecap-kecap ieu di handap anu teu kaasup tempat jualan, nyaeta ....

a)

toko

b)

warung

c)

saung

d)

jongko

13.

Isuk-isuk kira wanci tabuh salapan bisa ..... sabab alus keur kasehatan.

a)

moyan

b)

nyeseuhan

c)

popoe

d)

leuleumpangan

14.

kuring indit ka sakola

antonim kecap indit nyaeta...

a)

angkat

b)

balik

c)

mios

d)

cicing

15.

kalimah pananya "Iraha Bapa sumping ti Surabaya?" dipake pikeun nanyakeun ....

a)

tempat

b)

waktu

c)

jalma

d)

jumlah

16.

Manehna teh jadi kiper lantaran .....

a)

nyepak pinalti

b)

ngajaga gawang

c)

maju ka hareup

d)

pamaen sayap

17.

“Pa, neda widi badé ….heula, hoyong kahampangan!”

a)

ka tukang

b)

ka payun

c)

ka pengker

d)

ka warung

18.

Dinten jumaah kamari Pun Aki…di Rumah Sakit Hasan Sadikin Bandung

a)

Paéh

b)

palastra

c)

maot

d)

pupus

19.

Sing tarik atuh nyarita téh ngarah….

a)

didéngé

b)

ngadéngé

c)

didéngékeun

d)

kadéngé

20.

Tarjamahan tina "matahari akan tenggelam" nyaeta..

a)

Matahari rek surup

b)

Panonpoe rek titeuleum

c)

Panonpoe rek surup

d)

Matahari moncorong