NEW
Font size
WorksheetsBasa Sunda
Total questions: 40
Worksheet time: 40mins
"Para mahasiswa ngadongsok sangkan kapolda bisa sagancangna ngarengsekeun kasus korupsi."
Kecap ngadongsok upama di kana basa Indonesiakeun mah hartina ....
Menyuruh
Memaksa
Menyerang
Mendatangi
Mendesak
Anjeunna mangrupa salasahiji inohong Sunda anu kawentar ku banyol jeung ceramahna. Tokoh nu aya dina gambar nyaeta....
Mang Koko
Asep Sunandar
Kang Ibing
Gugum Gumbira
Ahmad Heryawan
Iber ngeunaan hiji informasi anu bisa diuji bebeneranana mangrupa wangenan tina ....
Bewara
Warta
Novel
Sajak
Roman
Anjeunna mangrupa hiji panyajak atawa sastrawan Sunda asal Ciamis. Saha namina?
Taufik Faturohman
Dadan Sutisna
Ajip Rosidi
Tatang Sumarsono
Godi Suwarna
Tukang maca warta sok disebut ....
Narasumber
Panyair
Panyiar
Wartawan
Kameramen
Maca warta teu sarua jeung maca nu sejenna. Aya sababaraha hal anu kudu diperhatikeun, nyaeta iwal ....
Ekspresi
Intonasi
Ejahan jeung waktu
Tempat jeung jalmana
Raksukan nu dipakena
Puter cutatan lagu di luhur.
Lagu di luhur teh miboga judul "Kapalang Nyaah" anu dinyanyikeun ku ....
Lagu di luhur teh judulna ....
Kasusah
Rumah Tangga
Daun Hiris
Daun Puspa
Dasar Jodo
Lagu di luhur judulna ....
"Jang" dinyanyikeun ku Bah Dadeng
"Jang" dinyanyikeun ku Oon B
"jang" dinyanyikeun ku Yayan Jatnika
"Jang" dinyanyikeun ku Darso
"Jang" dinyanyikeun ku Abiel
Lengkah nu penting upama urang rek maca warta nyaeta ....
Nyaho kana kajadianana
Apal saha nu jadi korbanna
Paham kana eusi warta
Raksukan(pakean) kudu menarik
Sora kudu halimpu
Anu jadi sarat mutlak dina warta nyaeta beritana kudu ....
Factual
Aneh
Dipikaresep
Waktuna can lila
Kajadian anu deukeut jeung pamaca
Warta teh miboga struktur anu patali di unggal bagianana. Di handap ieu mangrupa struktur warta, iwal ....
Waruga
Judul
Pamungkas
Bubuka
Salam
Pikeun nanyakeun 'kaayaan' ilaharna ngagunakeun kecap ....
Naon
Di mana
Kumaha
Iraha
Ku naon
Anu jadi sarat mutlak dina warta nyaeta beritana kudu ....
Factual
Aneh
Dipikaresep
Waktuna can lila
Kajadian anu deukeut jeung pamaca
Novel mangrupa karya fiksi dina wangun lancaran anu ukuranana panjang. Di handap anu kaasup kana ciri-ciri novel nyaeta ....
Bisa dibaca ku sakali maca
Konflikna simpel
Tokohna saeutik
Teu bisa dibaca ku sakali maca
Junlah kecapna teu leuwih ti 5.000 kecap.
Novel nu mimiti medal di tatar sunda nyaeta novel "Baruang ka nu Ngarora" anu leuwih heula tibatan novel dina Basa Indonesia anu judulna ....
Azab dan Nestafa
Azab dalam Durjana
Azab dan Sengsara
Azab dan Berhala
Azab dan Siksaan
Novel baruang ka nu ngarora nyaeta karangan ....
D.K Ardiwinata
Raden Wira Tanu Datar
G.S
Deri Hudaya
KIS W.S
Novel Baruang ka nu Ngarora medal dina taun ... sedengkeun novel dina Basa Indonesia medal taun ....
1920 jeung 1914
1916 jeung 1920
1914 jeung 1920
1920 jeung 1921
1914 jeung 1914
Anu jadi ciri khas dina roman nyaeta ....
Tokohna loba
Tokohna bisa kaitung
Nyaritakeun kapeurih tokoh utama
Nyaritakeun hiji tokoh ti lahir nepi ka maotna
Nyaritakeun karajaan
Novel dicokot tina basa latin nyaeta ...
Novella
Novellet
Novelous
Nopel
Rowman
Aya novel anu ukuranana pondok. Maksimal ngan samet puluhan kaca. Biasana sok disebut ...
Novel
Nopel
Novelet
Novelous
Roman
Novel "Perang Bubat" dikarang ku ....
Yoseph Iskandar
Iskandarwassid
Yana Umar
R.A.F
Ki Umbara
Aya hiji putra Prabu Lingga Buana nu dikantunkeun di karajaan, anu jenenganana ....
Buni Sora Suradipati
Citra Resmi
Niskala Wastu Kancana
Hayam Wuruk
Gajah Mada
"Manehna indit mawa rancatan, teu bebeja heula ka kuring".
Puseur sawangan nu dipake dina carita di luhur nyaeta jalma ka ....
Hiji
Dua
Tilu
Opat
Lima
Lagu "Dadali Manting" mimiti dihaleuangkeun ku ....
Novel teh miboga unsur-unsur pangwangunna. Anu kaasup kana unsur ekstrinsik nyaeta ....
Tema
Palaku
Latar
Kasang tukang (latar belakang) pangarang
Puseur sawangan
Biografi teh nyaeta catetan ngeunaan ....
Riwayat hirup
Riwayat karir
Kasuksesan hiji jalma
Motivasi hirup
Karya sastra
Riwayat hirup anu ditulis ku dirina sorangan disebut ....
Biografi
Unbiografi
Otobiografi
Authoried biografi
Unauthoried biografi
Riwayat hirup anu ditulis ku batur sarta teu menta idin heula ka jalma nu dituliskeunana, disebut ....
Biografi
Unbiografi
Otobiografi
Authoried biografi
Unauthoried biografi
Saupama nilik kana sajarah di Bandung. Urang pasti kenal kana hiji tokoh nu gede kawani nu dilandian "Si Jalak Harupat". Saha eta teh?
Stadion
Moh Toha
Mang Koko
Otto Iskandar
Ahmad Yani
"Sule" mangrupa salasahiji seniman ti tatar Sunda anu ngaran aslina nyaeta ....
Endang Sutisna
Saswi Sutisna
Entis Sutisna
Asep Balon
Asep Sutisna
Lamun urang rek nuliskeun hiji biografi, hadena urang menta idin heula ka tokoh nu rek dituliskeun. Ieu hal nyingkahan(menghindari) masalah ....
Debat antara nu nulis jeung tokohna
Penghasilan tina tulisan
Hak cipta
Rasa teu enak ti pengarang
Bisi aya hal anu teu oerlu dituliskeun
Tokoh anu dituliskeun dina biografi teh kudu ngawengku(mencakup) sababaraha hal saperti di handap ieu, IWAL ....
Gede Jasana
Sukses
Boga Prestasi
Kawentar atawa terkenal
Tokoh masarakat
Biografi teh asal kecapna tina basa Latin, nyaeta ....
Bios jeung Logos
Bios jeung Grafis
Bios jeung Graphien
Bio jeung Grafi
Bio jeung Graphien
Asep Sunandar Sunarya ti leuleutik diurus ku Bibina. Manehna dibere ngaran "Sukana" lantaran teu dibere ngaran ti indung jeung bapa nu sabenerna. Sukana asal kecap tina "sasukana" atawa sakadek maneh. Beuki gede beuki gede, "Sukana" dikenal ku masarakat Sunda lantaran jasana anu nyingcolang hususna dina dunya ....
Sastra
Teater
Pawayangan/padalangan
Pulitik
Ceramah
Gugum Gumbira. Hiji inohong anu kakara ninggalkeun urang sadaya. Anjeunna pupus(maot) 4 Januari 2020. Loba pisan anu ngarasa leungiteun. Lantaran anjeunna pisan anu jadi pencipta ....
Kliningan
Jaipong
Degung
Karinding
Cianjuran
Suling mangrupa alat musik Sunda nu nyora ku cara ....
Ditabeuh
Dipetik
Ditiup
Ditepak
Dipencet
"Bapa tuang sareng lauk asin. Kuring mah ... sareng angeun kacang."
Dahar
Madang
Neda
Tuang
Emam
"Pun biang mah angkatna kamari ka Bogorna. Abdi mah ke enjing ...na."
Mios
Angkat
Indit
Cengkat
Ngaleos
"Teu sawios. Mangga Pa Rian sareng Pa Rohmat kulem di Hotel Aston. Abdi mah ... di rompok Rifaldi."
Kulem
Sare
He'es
Mondok
Bobo
