wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

US_BAHASA SUNDA 2020

Total questions: 50

Worksheet time: 50mins

Name
Class
Date
1.

ENI : Badé nambut buku naon ari Asri?

ASRI : Duka atuh, nuju milihan heula. Mung ieu nu saé mah buku “Carita Si Dirun”, ramé rupina!

ENI : Oh muhun, ramé da abdi gé kantos maca. Caritana téh Si Dirun budak bedang basangkal ka kolot mung ahirna mah babalik pikir.

ASRI : Oh, kitu! Muhun ah, badé nambut “Carita Si Dirun” baé abdi mah. Ari Eni tos maca buku naon waé?

ENI : Seueur, diantarana: “Babalik Pikir”, “Maju Jurang Mundur Jungkrang”, “Japati jeung Inten”, sareng “Sasakala Maribaya”. Ayeuna badé nambut buku “Budak Teuneung” sareng “Kabandang ku Kuda Lumping

Jejer paguneman anu dicaritakeun dina eta téks nya éta....

a)

Eni nginjeum buku carita

b)

Judul-judul buku carita

c)

Asri nginjeum buku carita

d)

Buku carita Eni

2.

Wacana anu tos dibaca ku hidep téh kaasup kana conto paguneman, lantaran...

a)

obrolan dilakukeun ku saurang palaku

b)

obrolan dilakukeun leuwih ti saurang palaku

c)

obrolan dilakukeun ku barudak

d)

obrolan dilakukeun di toko buku

3.

Dumasar kana eta gambar , kakawihan anu sok dihaleuangkeunana nya éta...

a)

Oray-orayan

b)

Perepet Jengkol

c)

Eundeuk-eundeukan

d)

Jingjiripit

4.

Ieu kaulinan téh biasa dimaénkeun ku budak lalaki di tempat anu lega, biasana ngagunakeun alat anu dijieunna tina awi dua teukteuk; sateukteuk awi pondok, sateukteuk deui anu panjang. Kaulinan anu dimaksud téh nya éta...

a)

Boyboyan

b)

Bébénténgan

c)

Jajangkungan

d)

Gatrik

5.

1. Cingkorokok

Bodogol cau

Ucingna ngokok

Calanana bau

Éta kakawihan téh biasana dihaleuangkeun dina kaulinan...

a)

Ucing sumput

b)

Ngadu panggal

c)

Ngamandian ucing

d)

A. Keur ngala cau

6.

Baca Pupujian ieu di handap!


Eling eling umat,

Muslimin muslimat

Hayu urang solat berjamaah lohor,

Estu kawajiban keur urang di dunya

Kanggo pibekeleun jaga di aherat

Amanat nu kaunggel tina teks pupujian eta nya éta...

a)

Maot téh takdir Gusti Allah

b)

Pépéling sangkan getol ibadah

c)

Salawat ka Nabi Muhammad Saw

d)

Do’a jeung tobat ka Allah

7.

Dumasaér kana eusina, papatah ngajak ibadah aya dina...

a)

Padalisan ka-1

b)

Padalisan ka-2

c)

Padalisan ka-3

d)

Padalisan ka 4 jeung 5

8.

Solatulloh salamulloh Eling eling dulur kabeh

Ala thoha rosulillah Ibadah ulah campoleh

Solatulloh salamulloh Beurang peuting ulah weleh

Ala yasin habibillah Bisina kaburu paeh

Dumasar kana rumpaka eta pupujian, pupujian anu eusina pepeling ngajak urang sangkan...

a)

Solawat

b)

Ibadah

c)

Tobat ka pangeran

d)

Muji ka gisti Allah

9.

Baca sempalan dongeng ieu pikeun ngajawab patalékan no 9-11 !


Sangkuriang ngagebeg barang nénjo di wétan geus bijil balébat. Manéhna nu keur ngageduk nganggeuskeun parahu tuluy ngahuleng awahing ku reuwas. Bijil balébat tandana geus beurang. Mangka parahuna can anggeus, hartina manéhna moal tulus papangantén jeung Dayang Sumbi. Bakating ku handeueul kabina-bina, ngan jedak baé parahuna ditajong satakerna. Bubuhan jalma sakti, parahu téh mangpéng jauh pisan. Gubrag di hiji tempat, parahu téh nangkub. Jleg salin rupa jadi gunung. Éta gunung téh kiwari katelah Gunung Tangkuban parahu. Ari talaga nu ngemplang ku Sangkuriang didupak tepi ka caina saat ngolétrak. Éta urut talaga téh kiwari jadi padataran Bandung anu ngampar lega pisan. Tunggul kai urut nuar Sangkuriang tuluy ngajanggélék jadi Gunung Bukit Tunggul, wétaneun Gunung Tangkuban Parahu. Ari régang kai anu ngahunyud sarta geus rangrang teu daunan, tuluy ngajanggélék jadi Gunung Burangrang di béh Kulon. (Tina Mahér Basa VII, Karya Drs. Ahmad Hadi, Spk.)

Dumasar kana eusina, waktu anu lumangsung dina eta dongeng nya éta....

a)

Isuk-isuk

b)

Peuting

c)

Subuh

d)

Tibeurang

10.

Kajadian pamohalan anu aya dina dongeng sasakala teh nya éta...

a)

Sangkuriang najong parahu

b)

Padataran Bandung anu ngampar lega

c)

Sangkuriang ngagebeg nenjo bijil balébat

d)

Parahu ditajong robah jadi gunung

11.

Dumasar kana eusi dongeng, aya amanat hadé anu ditepikeun keur urang. Amanat nu dimaksud nya éta....

a)

Jadi jalma ulah sok pundungan

b)

Jadi jalma ulah gedé amarah

c)

Jadi jalma kudu taat ka sepuh

d)

Jadi jalma kudu rajin babakti

12.

Baca sing gemet ieu sajak di handap!

SAMAGAHA

Karya : Atép Yogaswara


Durukan ngelun

Silalatu eunteup sangeunahna

Teu méré lolongkrang

Piraku kamari teu apal

Pan nyakséni aya ucap rohaka

Ngeunah sorangan.

Rasa anu digambarkeun dina sajak “Samagaha” nya éta....

a)

Kasedih pangarang sabab ditinggalkeun ku jalma nu hayang ngeunah sorangan.

b)

Rasa sedih jeung kuciwa pangarang sabab aya jalma nu hayang ngeunah sorangan.

c)

Kasono jeung kanyaah pangarang ka hiji jalma sanajan éta jalma hayang ngeunah sorangan

d)

Rasa ambek pangarang sabab geus disapirakeun ku jalma nu hayang meunang sorangan

13.

Pasemon nu luyu saupama maca sajak anu judulna “Samagaha” nya éta....

a)

Maca dibarung ku juuh cimata

b)

Maca dibarung ku rasa nalangsa

c)

Maca tarik bakat ku amarah

d)

Maca dibarung ku imut jeung seuri

14.

Ungkara durukan ngelun, silalatu eunteup sangeunahna ngabogaan harti konotatif. Harti nu dimaksud nya éta....

a)

Kasedih nu taya kendatna

b)

Kasadrahan haté manusa

c)

Amarah nu nyangkaruk dina haté

d)

Sikep pasrah tumarima

15.

Baca kawih ieu di handap pikeun ngajawab patalékan no. 15-17!

Mojang Priangan

Sanggian Iyar Wiyarsih


Umat-imut lucu Mojang ti Priangan

Sura- seuri nyari Lucu saé atikan

Larak-lirik keupat sae basa sopan

Mojang Priangan Mojang Priangan

Dumasar kana kawih anu judulna “Mojang Priangan” wanoja Sunda téh digambarkeun mojang anu …

a)

Daékan

b)

Soméah

c)

Judes

d)

Gumeulis

16.

Dina kawih anu judulna “Mojang Priangan” aya sababaraha ungkara anu disusun ngagunakeun kecap rajékan. Kecap rajékan anu dimaksud téh kaasup kana kecap rajékan …

a)

Dwipurwa

b)

Dwimadya

c)

Dwiréka

d)

Dwilingga

17.

Dumasar kana eusina aya jejer anu béda dina eta kawih téh. Jejer nu dimaksud nya éta…

a)

Mojang Priangan ngeunaan nyaah ka sasama sedengkeun Tanah Sunda ngeunaan cinta ka lemah cai

b)

Mojang Priangan ngeunaan pasipatan jalma sedengkeun Tanah Sunda ngeunaan kaendahan alam

c)

Mojang Priangan ngeunaan pasipatan jalma sedengkeun Tanah Sunda ngeunaan cinta ka lemah cai

d)

Mojang Priangan ngeunaan pasipatan jalma sedengkeun Tanah Sunda ngeunaan cinta ka indung bapa

18.

Teu puguh monyet hideungna,

Asa teu puguh tungtungna

Wangsal tina ungkara nu aya dina eta sisindiran wawangsalan nya éta...

a)

Gorilla

b)

Lutung

c)

Patung

d)

Buntung

19.

Dumasar kana wangunna sisindiran anu kaasup rarakitan nya éta …

a)

Ka kulah nyiar kapiting

Ka nu bala ngala suluh

Ulah sok liar ti peuting,

Di sakola matak tunduh

b)

Ninyuh ubar ku cipati

Diwadahan piring gelas

Anu sabar téa pasti

Ku Allah dipikawelas

c)

Ngala terong jeung kalapa

dibawa ka kebon cikur.

nu gondrong jaman ayeuna

teu wawuh ka tukang cukur

d)

Sapanjang jalan Cibogo

Moal weleh dipapaés

Sapanjang can nyebut bogoh

Moal weléh disms

20.

Prak baca sempalan artikel ieu pikeun ngajawab patalékan no 20 jeung 21!


CELEMPUNGAN, SENI TRADISIONAL PURWAKARTA

Seni celempungan téh salahsahiji titinggal budaya karuhun Sunda di daérah Purwakarta. Ieu kasenian téh aya hubunganana jeung kasangtukang pakasaban urang Sunda baheula di wewengkon Purwakarta, nya éta ngahuma. Istilah celempungan téh asalna tina kecap celempung, hartina waditra anu dijieunna tina awi saruas, maké dua tali hinis minangka senarna. Ari di bagian tengah éta ruas awi téh sok dipolongoan pikeun liang sora. Tah ruas jeung liang éta minangka résonantorna. Éta waditra téh lamun ditakol bakal ngaluarkeun sora anu mirip jeung sora kendang.

Dicutat tina Wiwaha Basa kelas IX, 2014:26

Penerbit : Geger Sunten

Pikiran lulugu tina téks anu judulna ‘Celempungan, Seni tradisional Purwakarta’ nya éta....

a)

Adat tradisi miara seni karuhun urang Sunda

b)

Kasangtukang pakasaban urang Sunda di Purwakarta

c)

Seni celempungan téh salahsahiji titinggal budaya Sunda

d)

Cara pikeun ngamumulé seni tradisi titinggal karuhun

21.

Dumasar kana téks artikel celempung miboga kaunikan anu mandiri. Kaunikan tina celempung nya éta....

a)

Dijieun tina dua ruas awi bari nabeuhna ditakol

b)

Dijieun tina awi saruas tapi ngahasilkeun sora jiga kendang

c)

Dijieun tina saruas awi tapi ngaluarkeun sora alus

d)

Dijieun tina awi dua ruas nu ngahasilkeun sora jiga kendang

22.

Prak baca rumpaka pupuh ieu !

ADAT JALMA

(Pupuh Mijil)

Sipat jalma adat masing-masing,

Nu rajin nu getol,

Nu balabah soméah daréhdéh,

Wijkaksana tulatén gumati,

Lantip amis budi,

Ampuh lungguh timpuh.

Jejer pupuh Mijil éta téh nyaritakeun ngeunaan …

a)

Pasipatan jelema

b)

Kabiasaan jelema

c)

Kaayaan jelema

d)

Rupa-rupa jelema

23.

Aya sabaraha padalisan dina sapada eta pupuh mijil teh?

a)

6

b)

7

c)

8

d)

9

24.

Prak baca susunan acara Paturay tineung ieu !

1) Upacara adat “Pangjurung Geusan Nanjung”

2) Laporan pupuhu panata calagara

3) Bubuka

4) Maos ayat suci al-quran

5) Biantara pangbagéa ti kepala sakola

6) Pintonan kasenian

7) Pamungkas/dunga tutup

Sususnan acara anu bener nya éta....

a)

7-5-6-4-3-2-1

b)

3-4-2-5-1-6-7

c)

3-5-1-2-6-4-7

d)

3-4-6-5-1-2-7

25.

Hadirin sadayana anu dipihormat

Acara demi acara parantos kapidangkeun kalayan aya dina kalancaran. Sim kuring salaku panata acara neda dihapunten bilih seueur kakirangan dina ucap tur réngkak paripolah.

Ungkara di luhur mangrupa kalimah anu dikedalkeun pikeun.......

a)

Nutup acara

b)

Mungkas acara

c)

Pamit undur

d)

Rék lekasan

26.

Prak baca sempalan carpon ieu pikeun ngajawab patalékan no. 26-28!

Ulangan Ngadadak

Karya Wawan Agus Purnama

Peuting tadi di lembur kuring aya anu nanggap wayang. Kuring lalajo nepi ka tabuh tilu subuh. Ramé tuda, lalakonna pikaresepeun. Katambah dalangna géus kasohor. Teu ingét saeutik ogé lamun isuk téh kudu sakola. Da sasarina mah ari aya lalajoaneun téh sok malem minggu. Éta ogé hudang sotéh bané waé digéuingkeun ku Ema.

“Ujang, naha moal sakola?”

Kuring ngoréjat. Rét kana jam, géus satengah tujh. Gésat-gésut ka cai. Brus, mandi gagancangan, da sieun kabeurangan.

Di jalan mani géus coréngcang. Anu arindit ka sakola kari hiji-dua. Biasa wé, barudak anu rada ngédul. Datang ka sakola téh géus méh asup. Untung teu kabeurangan ogé. Telat lima menit waé, géus pasti moal bisa asup ka kelas. Lamun kapanggih ku guru, tangtu bakal disetrap. Ditangtungkeun hareupeun kelas. Éra temen, dilalajoan ku babaturan.

Teu kaburu ulin, da barang lol gé ka kelas, loncéng tanda asup kaburu disada. Gék diuk. Buku matématika dikaluarkeun. Ditenjoan bisi aya PR anu can dipigawé. Ah euweuh géuningan. Jongjon haté téh. Cacak mun aya, cilaka dua welas.

Keur kitu, guru matématika aseup ka kelas. Sanggéus barudak ngucapkeun salam, tuluy ngadunga heula babarengan. Terus diabsén hiji-hiji. Aya duaan anu absén téh. Si Udin jeung Si Yanto. Pasti maranéhna ogé kabeurangan, da peuting téh sarua lalajo jeung kuring.

“Ayeuna sok kaluarkeun kerétas salambar!”, pokna

“Pa, da ayeuna mah teu aya ulangan.”, si Reni, murid anu pangwantérna di kelas kuring, kadengé nyelengkeung tarik naker.

“Pokona mah ayeuna ulangan. Titik!”

“Da teu acan ngapalkeun.”, barudak saur manuk.

“Bapa ti heula géus papadon ka hidep, yén ngapalkeun mah kawajiban hidep. Hidep ngapalkeun téh ngarah maham kana eusi pangajaran. Jadi alusna mah ngapalkeun téh lain ari aya ulangan wungkul, tapi kudu jadi pagawéan anu rutin. Tah, ngarah siap upama aya ulangan ngadadak siga kieu. Sok ayeuna mah tulis soalna!” soanten Pa Guru aya ku tandes.


“Ngahaja, Bapa hayang apal, naha hidep kabéh téh daria henteu dialajarna!”

(Dicutat tina Manglé No. 1657)

Dumasar kana eusi carita pondok “Ulangan Ngadadak”, nu ngabogaan watek wantéran nya éta...

a)

Reni

b)

Kuring

c)

Ujang

d)

Pa Guru

27.

Amanat anu ditepikeun tina sempalan carpon “Ulangan Ngadadak” téh nya éta...

a)

Budak mah ulah sok nonton wayang bisi hudang kabeurangan

b)

Budak sakola mah tong sok ulin tipeuting bisi hudang kabeurangan

c)

Budak sakola kudu getol diajar ngarah paham kana eusi pangajaran

d)

Budak sakola kudu daria dina migawe soal ulangan

28.

Tokoh utama tina carita pondok anu judulna “Ulangan Ngadadak” ngabogaan watek disiplin, ieu hal katembong tina sikepna nu daria dina ngerjakeun PR. Tokoh nu di maksud nya éta...

a)

Yanto

b)

Ujang

c)

Udin

d)

Reni

29.

Prak baca téks laporan kajadian ieu di handap!

Jakarta. Salah saurang nu boga pabrik pil PCC, BP (46) nu ditéwak Baréskrim Polri ngabogaan pabrik anu nyieunan pél PCC aya di sababaraha wewengkon di Indonésia. Salah sahijina aya di Jawa Barat nyaéta di wewengkon Cimahi. Bahan baku pél PCC anu lobana 4 ton téh engkéna bakal bisa ngahasilkeun 8 juta pél PCC.

BP ditéwak di hotél Aston, jalan KH. Noer Ali, Bekasi Barat kira-kira pukul 04.00 WIB dina tanggal 17 Séptémber 2017. BP ngabogaan sababaraha pabrik jeung gudang tempat nyieunan PCC di antarana di Bandung, Surabaya jeung Purwokerto Jawa Tengah.

Kiwari BP geus ditéwak pihak kapolisian bareng jeung pamajikanana LKW (43) jeung dua baturna nyaéta M.SAS (23) jeung WY (38). BP dijiret Pasal 197 Subsidér Pasal 196 UU No. 36 Taun 2009 ngeunaan kaséhatan tur diancam hukuman 15 taun penjara jeung denda panglobana 1,5 milyar rupiah. (Sumber: sindonews.com)


Dumasar kana éusi téks kajadian anu dilaporkeun nya éta....

a)

Jalma nu nyandu kana narkotik ditangkep pulisi

b)

Anak bandar nu sok ngedarkeun pel PCC ditangkep pulisi

c)

Bandar tukang nyieunan pel PCC ditangkep pulisi

d)

Oknum nu dagang narkoba dihukum 15 taun penjara

30.

Dina nulis laporan kajadian saratna kudu faktual, kalimah-kalimah anu ngadukung kana sarat anu dimaksud dianatarana nya éta....

a)

BP ditéwak di hotél Aston, jalan KH. Noer Ali, Bekasi Barat kira-kira jam 04.00 WIB dina tanggal 17 Séptémber 2017.

b)

Bahan baku pél PCC anu lobana 4 ton téh engkéna bakal bisa ngahasilkeun 8 juta pél PCC.

c)

BP dijiret Pasal 197 Subsidér Pasal 196 UU No. 36 Taun 2009 ngeunaan kaséhatan tur diancam hukuman 15 taun penjara jeung denda panglobana 1,5 milyar rupiah.

d)

BP ngabogaan sababaraha pabrik jeung gudang tempat nyieunan PCC.

31.

Sameméh migawé soal, prak baca ieu teks biantara!

Bismillahirrohmanirrohim

Assalamu’alaikum wr. wb.

Puji sinareng syukur urang sanggakeun ka Gusti Alloh swt., anu parantos maparin kakiatan ka urang sadayana kanggo ngémpel di ieu patempatan. Solawat sinareng salam mugia salamina ngocor ka Kangjeng Nabi Muhammad, saw. Ka kulawargina, ka para sahabatna tur dugi ka urang salaku umatna.

Saderék sadayana anu dipihormat,

Salah sahiji konci dina ngajembaran pangawéruh téh ngaliwatan kagiatan maca. Maca miboga mangpaat anu kacida pisan hébatna. Ngaliwatan kagiatan maca, urang bisa ngalatih konséntrasi, museurkeun implengan urang kana hal-hal anu keur dibaca. Ku lantaran biasana maca téh dibarengan museurkeun konséntrasi, tangtuna hal-hal penting anu ditepikeun dina bahan bacaan babari dipikaharti, babari kacangkem eusina. Balukar tina ngalobakeun maca, pangawéruh urang bakal ngajembaran.

Bapa kalih ibu sadayana anu dipihormat,

Ku kituna, maca téh kudu dibiasakeun. Numuwuhkeun kabiasaan maca téh henteu gampil. Ku lantaran kitu, pikeun ngaronjatkeun minat maca jolna téh dimimitian ti diri urang heula. Misalna, ngaliwatan kagiatan maca qur’an di pangaosan, maca qur’an sabada solat magrib, sabada solat subuh di bumi masing-masing, atawa maca koran jeung majalah. Ti dinya teraskeun kana maca buku anu luyu jeung kaperluan urang.

Para wargi sadayana anu dipihormat

Hayu urang babarengan diajar ngabiasakeun maca. Sabab, maca téh bisa ngaronjatkeun kualitas diri jadi pribadi anu masagi nya éta pribadi anu rajin, hébat, aktif, tur kayungyun sarta jembar pangawéruhna.

Mung sakitu anu tiasa didugikeun, hapunten bilih aya kekecapan anu kirang mérénah larapna!

Wassalamu’alaikum wr. wb.

Jejer téks eta biantara teh nya éta....

a)

Maca mangrupa hiji konci dina ngajembaran elmu pangaweruh.

b)

Cara nuwuhkeun resep maca nya éta ku cara maca qur’an.

c)

Maca matak ngaronjatkeun kualitas diri.

d)

Hayu urang babarengan diajar maca.

32.

Ungkara anu eusina ngajak diajar maca aya dina....

a)

Paragraf ka- 3

b)

Paragraf ka- 4

c)

Paragraf ka -5

d)

Paragraf ka -2

33.

Baca téks ieu saméméh ngajawab patalékan 33-34!

NGALONGOK KAMPUNG KANÉKÉS

Kanékés téh ayana di pagunungan sakiduleun Rangkasbitung, anu nyicinganana urang Baduy, urang Sunda baheula nu masih kénéh kukuh kana tali paranti. Ari urang Baduy dedeg-pangadegna kawas urang Sunda nu ilahar baé.Papakéanana sahinasna teu kajurung ku napsu hayang alus atawa hayang punjul ti batur.Sampingna, bajuna jeung totopongna, bodas atawa bulao beunang ninun ku sorangan.

Imah-imah urang Baduy umumna panggung. Tihangna kai maké bilik, hatéupna kiray, ari wuwungna injuk. Kolongna luhur sarta sok dipaké paranjé. Pikeun turun unggahna maké tangga atawa tarajé. Pantona leutik, tengah imahna ngablag baé. Beulah tukang di sisi bilik aya parako. Di sisi bilik aya samak ngagelar jeung anggelna paranti saré.

Aya nu disebut balé, gunana pikeun kumpulan, mantun hajatan, mutus perkara jeung sajabana. Nepi ka kiwari masarakat Baduy henteu ngagunakeun alat transportasi, maranéhna milih badarat pikeun mamangkatan bari nyékér.

Ku kituna, mikawanoh sélér Baduy henteu ngan ukur méré wawasan penting ngeunaan budaya asli nu masih kénéh sumebar di sakuliah nusantara, tapi ogé ngajarkeun ajén-inajén kahirupan utamana sual kasaimbangan hirup ngaliwatan ajén budaya nu diagem ku masarakatna.

(Santika Basa, 2010: 89-90)

Ciri tradisi masarakat Kampung Kanékés nu aya dina paragraf ka-1 nya éta...

a)

Kampung Kanékés pengkuh dina gotong royong

b)

Kampung Kanékés pengkuh dina papakéanana

c)

Kampung Kanékés pengkuh dina tata cara tatanén

d)

Kampung Kanékés pengkuh dina imah-imahna

34.

Pikiran lulugu tina bagéan panutup eta téks deskripsi nya éta....

a)

Mikawanoh sélér Baduy di Kampung Kanékés nambahan wawasan

b)

Ajen inajen kahirupan urang Baduy sual kasaimbangan hirup

c)

Mikawanoh sélér baduy lain ngan ukur méré wawasan budaya asli nusantara

d)

Sélér Baduy ngajarkeun budaya asli

35.

Baca sempalan novél “Miang ka Bandung” ieu!

Kondi téh budak lembur, urang Pagerageung, Tasikmalaya.Kulawargana hirup basajan.Bapana kungsi usaha jadi tukang potrét, tapi tuluy bangkrut, sabab kadéséh ku batur. Bapana tuluy jadi kuli bangunan di Jakarta, tapi teu lila da katarajang musibat, ragrag ti luhur bangunan nepi ka nambruna teu bisa deui gawé nanaon. Pikeun nyumponan kabutuh hirup sapopoé, paparabotan kapaksa dijualan.

Kulawarga Kondi beuki walurat.Indung-bapana mindeng paséa, malah nepi ka pipisahana.Kondi milih nuturkeun bapana.Salila bapana gering ripuh, sanggeus pipisahan, manéhna jeung Kang Odong, lanceukna Kondi nu ngabiayaan bapana.

Hiji waktu Kang Odong ditéwak pulisi lantaran ngabongkar took. Manéhna tuluy dibui di kabupatén, malah tuluy dipindahkeun ka Bandung.

Kondi digawé di pabrik aci.Sanggeus bapana maot, manéhna diajak digawé di Bandung ku Mang Mahmud, dititah nungguan kios di Pasar Ciroyom. Tah, basa geus aya di Bandung, manéhna aya niat haying néangan lanceukna. Bari diaanteur ku Mang Mahmud, Kondi aprak-aprakan mapay raratan lanceukna. Dina hiji waktu, Kondi tepung jeung Asép Dodoy, raja copét anu geus babalik piker.Nya harita manéhna tepung jeung lanceukna, Kang Odong téa.Kang odong geus babalik pikir.Kang odong jadi Bandar minyak tanah di Bandung. Kondi dititah balik deui ka lembur ku lanceukna, ngurus indungna bari nuluykeun sakola.

(Dicutat tina: Gapura Basa IX, 2008: 101-102)

Tina sempalan novel di luhur tokoh kuring nu ngalalakon téh nya éta....

a)

Kang Odong

b)

Kondi

c)

Asep Odoy

d)

Mang mahmud.

36.

Konflik batin anu karasa ku Si Kondi dina eta sempalan novel nya éta....

a)

Ngarasa bétah

b)

Ngarasa Ngarumas

c)

Ngarasa Sedih

d)

Ngarasa Bagja

37.

Dumasar kana eusi sempalan novel “miang ka Bandung” paragraf ka-4 tempat lumangsungna kajadian téh nya éta....

a)

Pasar

b)

Rumah sakit

c)

Statsion

d)

Kelurahan

38.

Pasipatan Kondi anu bageur patukang tonggong jeung lanceukna, pasipatan nu dimaksud téh nya éta...

a)

Tereges

b)

Galak

c)

Ceceremed

d)

Sabar

39.

Baca cutatan drama ieu ku hidep!

Nazma : “Teu karasa nya, geus poé saptu deui”.

Widya : “Enya, asa kamari mah poé Saptu, ayeuna geus poé saptu deui”.

Anggia : “Enya teu karasa… Isukan téh poé Minggu, nya ?”

Mutiara : “Nya enya atuh, dimana-mana ogé geus Saptu mah Minggu, piraku ngaclok ka Senén!”

Anggia : “Lin kitu, Muti, poé Minggu téh urang jangji rék ngajak jalan-jalan ka adi.”

Widya : “Jalan-jalan ka mana,Gi?”

Anggia : “ Ka Jalan Baru.”

Ilham : “Oh, Pasar Panjang téa. Sugan téh kamana. Ari ka Jalan Baru mah, naon raména”.

Anggia : “Tah nu ieu nu kuper téh. Yeuh, Ilham, Jalan Baru Purwakarta ayeuna mah béda jeung baheula. Ari poé Minggu téh sok ramé. Tah tanyakeun ka Nazma.”

Ilham : “ Hayu ah, geus bél urang asup!”


Dumasar kana téks drama di luhur, tempat lumangsungna kajadian téh nya éta....

a)

Di Jalan Baru

b)

Di Sakola

c)

di Masjid

d)

dina angkot

40.

Dumasar kana paguneman dina sempalan di luhur, tokoh nu ngabogaan watek resep banyol nye éta …

a)

Widya

b)

Anggia

c)

Mutiara

d)

Ilham

41.

Ramdan : Wan, isukan urang lalajo calung yu, di Sempurnunggal!

Wawan :

Ramdan : Ti Bandung béjana mah, nu nanggapna Haji Momon pan kamarina geus nyunatan budakna nu bungsu.

Wawan : Wah, ramé atuh calung ti Bandung mah.

Kalimah anu mérénah pikeun ngeusian paguneman dina drama di luhur nya éta...

a)

Hayu atuh! Dimana nu nanggapna?

b)

Calung ti mana? Saha dalangna?

c)

Calung ti mana euy? Saha nu nanggapna?

d)

Calung nu saha? Dimana nanggapna?

42.

Dumasar kana paguneman drama, suasana haté nu kagambar nya éta....

a)

Sedih

b)

Gumbira

c)

Bingung

d)

Sieun

43.

Babandingan anu perlambang lakuning hirup, ngawangun kalimah (omongan, ungkara) anu geus puguh éntép seuereuhna, geus puguh surupanana, geus puguh pok-pokanana, disebut…

a)

Paribasa

b)

Babasan

c)

Rakitan lantip

d)

Uga

44.

Pakeman basa anu eusina mangrupa tujuman anu nataan atawa nerangkeun kaayaan hiji daérah disebut……

a)

Uga

b)

Cacandran

c)

Caturangga

d)

Rakitan Lantip

45.

Cikaracak ninggang batu, laun-laun jadi legok

Ungkaran di luhur ka asup kana…

a)

Paribasa

b)

Paribasa

c)

Cacandran

d)

Uga

46.

Tengetan ieu rumpaka pupuh asmarandana!


Mun urang nyiar pangarti,

Terus sakola ka kota,

Sing jadi murid rancagé,

Bener pinter bari séhat,

Mikahéman sasama,

Asih ka nu jadi guru,

Gaganti Ema jeung Bapa.


Aya sabaraha padalisan dina sapada éta pupuh asmarandana téh…

a)

7

b)

8

c)

9

d)

10

47.

Guru lagu dina padalisan kahiji nya éta…

a)

–i

b)

–o

c)

–e

d)

–a

48.

Dongéng sasakala anu asalna ti Kabupatén Purwakarta, nya éta …

a)

Sasakala kalapa genep

b)

Sasakala Leuwi Ronggéng

c)

Jonggrang Kalapitung

d)

Sasakala Gunung Guntur

49.

Pancén panata acara téh diantarana …

a)

Méré pangbagéa kana lumangsungna acara

b)

Muka jeung nutup acara

c)

Nangtukeun nu ngeusi acara

d)

Ngawakilan panata calagara

50.

Anu ditataan ku panata acara dina bubukana nya éta …

a)

Anu Ngahadiran kana éta acara

b)

Réngréngan panata calagara

c)

Runtuyan kagiatan panata calagara

d)

Runtuyan acara ti mimiti nepi ka lekasan