wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

Diajar Di Imah Materi Warta jeung Novel

Total questions: 25

Worksheet time: 35mins

Name
Class
Date
1.

Méré katerangan atawa béja ngeunaan hiji kajadian atawa ka balaréa ngaliwatan média massa, boh média citak saperti koran jeung majalah, boh média éléktronik saperti radio, televisi, jeung internét disebut…

a)

Béwara

b)

Biantara

c)

Wawancara

d)

Warta

e)

Wawaran

2.

Rita Tila téh lahir di Sukabumi, 16 Désémber 1984. Paribasa Sunda téng manuk téng anak merak kukuncungan loyog pisan dilarapkeun ka Rita. Mun anjeunna masagi dina seni Sunda, pinter ngawih, tari jeung nabeuh waditra, horéng éta téh bakat anu ngocor ti ibuna, Iis Rohayati, juru kawih Sunda.


Unsur warta anu aya dina cutatan di luhur nyaéta…

a)

Iraha

b)

Dimana

c)

Saha

d)

Kumaha

e)

Naon

3.

Ieu acara ogé disumpingan ku Gupernur Jawa Barat jeung staf pamaréntahan, para inohong Sunda, Budayawan, sarta para réktor jeung civitas akademika ti paguron luhur saperti ITB, Unpad, UPI, jeung Unpas.

a)

Kumaha

b)

Saha

c)

Iraha

d)

Dimana

e)

Naon

4.

Pertanyaan : …………………………….

Jawaban : Nurutkeun Prof. Dr. Asep Warlan Yusuf, pakar tata ruang ti Universitas Parahiyangan, mangpaat jeung mudorotna proyék Bandung Téknopolis téh sawadina kudu disosialisasikeun jeung dikonsultasikeun ka publik (masarakat).


Pertanyaan anu merenah pikeun jawaban di luhur nyaéta…

a)

Naha perelu maluruh arsitéktur Sunda?

b)

Naon mangpaatna Proyék Téknopolis téh?

c)

Saha anu ngagagas Proyék Téknopolis téh?

d)

Naon waé rencana Proyék Téknopolis téh?

e)

Iraha wilayah Gedébagé bakal resmi dibuka?

5.

Anu teu kaasup kana unsur-unsur warta nyaéta…

a)

Iraha

b)

Saha

c)

Dimana

d)

Kumaha

e)

Sabaraha

6.

Jalma anu sok neangan jeung nulis warta disebut ...

a)

Jurnalis

b)

Host

c)

Narasumber

d)

Girang serat

e)

Presenter

7.

Tujuanna sangkan kaayaan di masarakat jadi leuwih hadé, upamana warta eusina soal kateureugeujeugan di masarakat, maksudna sangkan aya tarékah pikeun ngoméan kaayaan anu reugeujeug disebut….

a)

Wawaran

b)

Fungsi estetis

c)

Fungsi Pragmatis

d)

Fungsi kontrol sosial

e)

Fungsi bewara

8.

Mangrupa wincikan atawa katerangan tina inti warta anu aya dina bagéan puhu warta disebut…

a)

Munggaran warta

b)

Puhu warta

c)

Adegan warta

d)

Eusi warta

e)

Panutup warta

9.

Warta mah diperedih salawasna kudu ngabogaan sifat ...

a)

Subjektif

b)

Objektif

c)

Pesenan salah saurang

d)

Pro ka nu mayar

e)

Ngadukung ka pamarentah

10.

Tinggal urang nu ngahuleng sorangan. Nengetan deui eusi kamar. Kamar kos ukuran 4x5 méter. Nu asalna dieusian ku tiluan, Si Bén, Si Rudi, jeung Si Ayang. Urang gé mindeng milu cicing didieu. Ramé unggal peuting da babaturan Si Ayang jeung Si Rudi sok daratang. Ngadon saré, bari buktina mah tara sararé (dicutat tina novel Pangantén, karangan Dédén Abdul Aziz).


Cutatan di luhur téh dominan ngandung unsur…

a)

Latar waktu

b)

Latar tempat

c)

Puseur tilikan

d)

Palaku jeung karakterna

e)

Amanat

11.
  1. Ngandung unsur pamohalan
  2. Wangunna prosa (fiksi) panjang
  3. Tokohna loba
  4. Jejer jeung eusina nyaritakeun kahirupan sapopoé
  5. Macana cukup ku 10 menit
  6. Galur caritana atawa plotna ngarancabang (loba)

Di luhur anu kaasup kana ciri-ciri novel diantarana…

a)

1), 2), 3), dan 4)

b)

2), 3), 4), dan 5)

c)

2), 3), 4), dan 6)

d)

1), 2), 4), dan 6)

e)

1), 3), 5), dan 6)

12.

Inti pikiran atawa puseur implengan pangarang anu aya dina novel disebut…

a)

Latar

b)

Alur

c)

Amanat

d)

Jejer

e)

Palaku

13.

Baca sing gemet sempalan novel di handap!

“Ih, lain ku kituna Embi, ngan éta baé Embi langkung uninga, kapan kuring rék lakian. Pisakumahaeun temen sepuh-sepuh, lamun kuring aya lampah nu teu pantes. Bongan teu ti baréto, da ku Abah ogé moal burung dihaturkeun, lamun enyaan mah. Ngan éta ari ménak ka somah téh sok nyécépo, ngarurujit.

Ayeuna mah lajengkeun baé, sugan jaga di ahérat bisa tepang sukma padasukma. Ari ieu lélépén lain teu nuhun, ngan kuring risi, bisi kauninga ku sepuh; saé haturkeun deui baé.”


Tina sempalan novel di luhur, Nyi Rapiah miboga watek…

a)

Pengkuh

b)

Hare-hare

c)

Sabar

d)

Adigung

e)

Pelit

14.

Pisakumahaeun temen sepuh-sepuh, lamun kuring aya lampah nu teu pantes. Bongan teu ti baréto, da ku Abah ogé moal burung dihaturkeun, lamun enyaan mah. Ngan éta ari ménak ka somah téh sok nyécépo, ngarurujit.


Kecap somah miboga harti ...

a)

Pura-pura

b)

Cocog

c)

Mustahil, henteu kaharti ku akal, henteu logis

d)

Rayat biasa, lain pagawé atawa alat pamaréntah

e)

Dikawinkeun nurutkeun kahayang kolot lalaki jeung kolot awéwé

15.

Upama latar, boh latar tempat boh latar waktu, papalimpang atawa henteu saluyu jeung kanyataan disebut…

a)

Kroismeu

b)

Anakroismeu

c)

Bobok tengah

d)

Merele

e)

Mundur maju

16.

Di handap ieu nu teu kaasup kana unsur novel nyaeta ...

a)

Jejer

b)

Palaku

c)

Galur

d)

Amanat

e)

Kapangarangan

17.

Nu teu kaasup palaku nu ngalalakon dina novel Baruang ka nu Ngarora nyaeta ...

a)

Si Lamsijan

b)

Nyi Rapiah

c)

Aom Usman

d)

Nyi Dampi

e)

Ujang Kusen

18.

Novel munggaran dina sastra Sunda judulna ...

a)

Pangeran Kornel

b)

Baruang ka nu Ngarora

c)

Nu Kaul Lagu Kaleon

d)

Bentang Lapang

e)

Payung Butut

19.

Novel Baruang ka nu Ngarora medal dina taun ...

a)

1941

b)

1914

c)

1920

d)

1902

e)

1945

20.

Pangarang novel Baruang ka nu Ngarora nyaeta ...

a)

D.K. Ardiwinata

b)

Moh. Ambri

c)

M.A. Salmun

d)

Yus Rusyana

e)

Yoseph Iskandar

21.

COVID-19 mangrupa singgetan tina ...

a)

Corona Virus Disease 2019

b)

Corolla Virus Disconected 2019

c)

Corona Virus Disconected 2019

d)

Corona Virus Diesel 2019

e)

Corolla Virus Disease 2019

22.

Normalna masa inkubasi Corona teh nyaeta ...

a)

Tilu minggu

b)

Dua minggu

c)

Saminggu

d)

Lima minggu

e)

Opat minggu

23.

Sanggeus opat belas poe kainfeksi biasana kakara gering jeung nunjukeun gejala-gejala di handap ieu, iwal ...

a)

Batuk garing

b)

Sesek napas

c)

Hareeng (demama)

d)

Nyeri genggerong (tenggorokan)

e)

Nyeri sirah

24.

Hal nu bisa dilakukeun sangkan urang teu beunang ku virus Corona, iwal ...

a)

Make masker

b)

Ngajaga jarak minimal 1 meter

c)

Cicing di imah

d)

Ngumbah leungeun

e)

Loba dahar nu enak

25.

Jalma nu rentan kajangkit ku virus Corona, iwal ...

a)

Lansia

b)

Tukang ngaroko

c)

Nu boga panyakit asma

d)

Nu kasawat panyakit kronis

e)

Jalma nu ngajaga pola hirup bersih jeungs sehat