wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

bahasa Sunda Kelas VIII

Total questions: 15

Worksheet time: 15mins

Name
Class
Date
1.

Baca bagian teks kawih ieu!


Alam endah hejo ngemploh sugih mukti,

Subur tutuwuhan, beunghar pepelakan

Daun hejo ngemploh karaharjaan lemah cai


Gambaran Indonseia dina kawih ieu nya eta...

a)

Hejo

b)

Subur

c)

Asri

2.

Baca teks kawih ieu!


Piraku rek rela piraku rek tega

Alam anu ngemploh hejo, pinarengan ngarangrangan teu kariksa


Amanat dina kawih di luhur!?

a)

Pepelakan dina tanah subur Indonesia

b)

Sukuran tina kaendahan alam Indonesia

c)

Ngaraksa ngariksa alam Indonesia

3.

Baca bagian teks kawih ieu!


Alam endah,

Hejo ngemploh sugih mukti,

Subur tutuwuhan, beunghar pepelakan,

Daun hejo ngemploh, karaharjaan lemah cai


Gambaran Indonesia dina kawih ieu, nya eta...

a)

Hejo

b)

Subur

c)

Asri

4.

Baca teks kawih ieu!


Jang, jalan kahirupan

Henteu salawasna datar

Aya mudun jeung tanjakan


Kalimah "Aya mudun jeung tanjakan" ngandung harti...

a)

Hirup teh aya meunang aya eleh

b)

Hirup teh aya kaya aya miskin

c)

Hirup teh aya senang aya susah

5.

Baca teks warta ieu!


Pikeun nyingkahan bahaya virus corona, Dinas Pendidikan Kabupaten Cirebon, ngundurkeun waktu sababaraha agenda kagiatan. Diantara kagiatan nu diundurkeun waktuna, nya eta Pasanggiri Basa Sunda tingkat SD. Hal ieu, di jentrekeun ku Sanu Mulyadi, S. Pd, minangka koordinator pelaksana eta kagiatan.


Naon sababna Pasanggiri diundur?

a)

Nyingkahan bahaya corona

b)

Koordinator pelaksana sieun ku corona

c)

Anggaran kagiatan teu turun

6.

Baca teks paguneman ieu!


W: "Assalamualaikum, punten bade nyungkeun waktos! "

A: "Waalaikumsalam. Mangga teu sawios. Aya nu tiasa dibantos? "

W: "Abdi Dadan. Ti majalah Mangle. "

A: "Oh, muhun. Mangga linggih! "

W: "Saderek teh, leres nu kengeng pinunjul dina Pasanggiri warta kamari? "

....

Kagiatan nu dilakukeun ku "W" ka "A" nya eta...

a)

ngawanohkeun diri

b)

Wawancara

c)

Menta Informasi

7.

Baca sisindiran ieu!


(1) Ngawuluku ngawalajar

(2) Kudu dibaladah heula

(3) Dina waktu rek diajar

(4) Kudu.... Heula


Kecap nu tepat ngalengkepan eta sisindiran?

a)

diajar

b)

dialajar

c)

dialajaran

8.

Baca teks sisindiran ieu!


Sanaos ka haur geulis

Andi mah resep ka Cina

Sanaos Neng Nurul geulis

Andi mah resep ka Rina


Sisindiran ieu ngagambarkeun kaayaan?

a)

Papatah

b)

Silih asih

c)

Sesebred

9.

Baca wawangsalan ieu!


Abdi teh kapiring leutik

Kaisinan ku gamparan


Wangsalna tina ieu wawangsalan nya eta...

a)

mangkok

b)

pisin

c)

tatakan

10.

Baca bagian teks artikel ieu!


Bisa jadi hiji waktu kasenian angklung diaku ku urang Malaysia. Di ieu nagara katembong upayana hade ngajarkeun kasenian angklung, ka generasi ngora. Ku lantaran kitu, di urang kudu leuwih kuat ngajarkeun ngajarkeun angklung ka generasi ngora. Ulah nepika kaduhung, banda urang diaku batur.


Paragraf di luhur ngagambarkeun bagian...Nu nulisna artikel

a)

argumentasi

b)

narasi

c)

eksposisi

11.

Baca bagian teks artikel ieu!


Kiwari kasenian tradisi nungtutan laleungit, sabab kasenian tradisi jarang di tabeuh tur diajarkeun ka generasi ngora.


Wangun pertanyaan nu nyambung jeung ieu teks nya eta...

a)

Naha kasenian tradisi bet dileungitkeun?

b)

Saha nu ngaleuleungit seni tradisi teh?

c)

Naon sababna kasenian tradisi nungtutan leungit?

12.

Baca guguritan mijil ieu!


(Di Mekah Tepung Silaturahmi)


Jamaah teh asal beda nagri,

Ti wetan ti kulon,

Nagri kidul katut nagri kaler,

Rupa-rupa bangsa pada hadir,

Mungguh umat Nabi,

Kabeh ge kasaur


pernyataan nu teu nyambung jeung teks di luhur nya eta...

a)

Jamaah teh ti unggal nagri

b)

Jamaah teh urang Indonesia

c)

Jamaah teh ti unggal juru mata angin

13.

Baca guguritan Durma ieu!


Para prajurit Amarta geus samakta, tekad sayaga jurit, bakal makalangan, Kurawa musuh bangsa, pan kudu gancang diusir, ti lemah endah, nagri pupujan ati


Isi guguritan ngagambarkeun kaayaan...

a)

Pinuh harepan jeung prihatin

b)

Pikalucueun jeung banyol

c)

Heuras, panceg, siap tarung

14.

Baca ieu teks!


Hadirin hormateun sim kuring. Supados ieu acara lumangsung kalawan lancar, pinuh ku kaberkahan. Sumangga urang sasarengan maoskeun Basmalah. Bismillahirohmanirrohim.


Kalimah ieu sering di ucapkeun ku... dina hiji acara.

a)

Panata Acara

b)

Panata Rias

c)

Panata Dekorasi

15.

Baca teks ieu!


Salajengna dihaturkeun ka Bapak Eman Sulaeman, kanggo ngadugikeun biantara seren sumeren calon panganten pameget.


Eusi teks di luhur mere gambaran yen tugas panata acara diantarana...

a)

Ngatur waktu jeung kasempetan pikeun nu rek nikah.

b)

Ngatur waktu jeung kasempetan pikeun nu ngeusi acara.

c)

Ngatur waktu jeung kasempetan tukang sound sistem.