wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

PENILAIAN AKHIR TAHUN (PAT) kelas 6 Basa Sunda

Total questions: 30

Worksheet time: 28mins

Name
Class
Date
1.

Karangan dina wangun lancaran anu ukuranana pondok disebut ....

a)

carpon

b)

dongeng

c)

carita wayang

d)

novel

2.

Rezel jeung Yumna diuk andarekak , nyanghareupan manuktitiran. Tuluy kenur anu meulit dina suku manuk titiran teh dikeureut ku Rezel. manuk titiran teh ditangtungkeun dina pipiti nu geus ditilaman ku keretas koran, tapi teu bisaeun nangtung. Sigana sukuna masih titingkuheunkeneh urut kaeurad ku kenur langlayangan.

Topik anu luyu pikeun sempalan carpon di luhur nya eta ....

a)

Kaeurad kenur

b)

Nyalametkeun makhluk hirup

c)

Kanyaah ka sato

d)

Sikep Rezel jeung Yumna

3.

Rezel jeung Yumna diuk andarekak , nyanghareupan manuktitiran. Tuluy kenur anu meulit dina suku manuk titiran teh dikeureut ku Rezel. manuk titiran teh ditangtungkeun dina pipiti nu geus ditilaman ku keretas koran, tapi teu bisaeun nangtung. Sigana sukuna masih titingkuheunkeneh urut kaeurad ku kenur langlayangan.

Palaku utama dina carita di luhur nya eta ...

a)

Rezel

b)

Yumna

c)

manuk titiran

d)

Rezel jeung Yumna

4.

Duwegan teh keur meujeuhna (leho)

Kecap jero kurung sakuduna ditulis ...

a)

lumeho

b)

lehoan

c)

umeho

d)

ngaleho

5.

Di handap ieu kecap anu teu ngandung kecap pananya, nya eta ...

a)

Saha anu ngarang kumpulan carpon Kanyaah Kolot ?

b)

Kaayaan di sakola teh kumaha ayeuna ?

c)

Ari wandi teh sakolah henteu ?

d)

Di mana Wandi teh bumina ?

6.

Mamah nuju ngupahan Helmi. Kalimat di luhur lamun dirobah jadi kalimah pasif jadi ...

a)

Helmi nuju diupahan ku Helmi

b)

Helmi nuju diupahan ku Mamah

c)

Mamah nuju diupahan ku Helmi

d)

Nuju dupahan Mamah ku Helmi

7.

..... ku reuwas beretek Dadi teh lumpat. Kecap anu luyu pikeun kalimah di luhur nya eta

a)

Awahing

b)

Bakating

c)

Mangkaning

d)

Kersaning

8.

Murid kelas VI meunang piala

Murid kelas VI jadi pinunjul tari

Kalimah di luhur lamun digabung jadi ...

a)

Muird kelas VI meunang piala lantaran jadi pinunjul tari

b)

Muird kelas VI jadi pinunjul tari lantaran meunang piala

c)

Murid kelas VI meunang piala jeung pinunjul tari

d)

Murid kelas VI meunang piala , murid kelas genep jadi pinunjul tari

9.

Nita putrana Pak Bahrul. Pak Bahrul boga lanceuk ngaranna Bu Ida. Silsilah pancakaki Nita ka Bu Ida nya eta ...

a)

bibi

b)

ua

c)

nini

d)

teteh

10.

Kalimah ieu di handap nu kaasup kana kalimah parentah nya eta ....

a)

Mudah-mudahan, hujanna gancang raat !

b)

Di mana disimpenna buku Basa Sunda teh !

c)

Cing, pangnyandakkeun cai sagayung !

d)

Kumaha carana ngajawab teka teki ieu teh !

11.

Jadi budak teh ulah beurat birit, kudu bisa babantu ka kolot. Babasan beurat birit ngandung harti...

a)

gawe beurat

b)

daek dititah

c)

hese dititah

d)

akal jahat

12.

Kuring kakara balik ti sakola.

Ragam basa hormat anu luyu pikeun kalimah di luhur nya eta ...

a)

Abdi nembe wangsul ti sakola

b)

Abdi nembe mulih ti sakola

c)

Abdi nembe sumping ti sakola

d)

Abdi nembe dongkap ti sakola

13.

Di antara kalimah ieu di handap nu kaasup kana kalimah barang nya eta ...

a)

Merek mobilna teh Suzuki

b)

Pak Hoeruman teh asli ti Tasikmalaya

c)

Sapatuna dua pasang

d)

Bajuna karek meuli di Pasar Baru

14.

Jaman kiwari mah barudak tos arapal cara makena komputer.Kecap komputer asalna tina basa ...

a)

Arab

b)

Inggris

c)

Walanda

d)

Perancis

15.

Nepikeun hiji jejer kalawan lisan di hareupeun jalma rea disebut ...

a)

hutbah

b)

pidato

c)

biantara

d)

ceramah

16.

"Assalamualaikum wr.wb. Sampurasun! Ibu-ibu sinareng bapa-bapa guru nu ku sim kuring dipihormat, Barudak nu ku Bapa dipideudeuh."

Sempalan kalimah di luhur kaasup kana ... biantara

a)

salam pamuka

b)

bubuka

c)

eusi

d)

panutup

17.

Isuk - isuk kira salapan bisa ... sabab alus keur kasehatan.

a)

moyan

b)

nyeuseuh

c)

popoe

d)

leuleumpangan

18.

Modal dagang teh gede, ari nu dijual jeung batina saeutik. Eta kalimah teh mangrupa harti tina paribasa ....

a)

Dagang peda ka Cirebon

b)

Dagang oncom rancatan emas

c)

Mata dijual ka peda

d)

Bibilintik ti leuleutik, babanda ti bubudak

19.

Kecap serepan anu aslna lain tina basa arab, nya eta ....

a)

iman

b)

agama

c)

taqwa

d)

abdi

20.

"Pa Rusmana teh guru kelas VI di SD Sukamanah."

Kecap barang anu jadi caritaan dina eta kalimah, nya eta ...

a)

Pa Rusmana

b)

SD Sukamanah

c)

Guru kelas VI

d)

Sukamanah

21.

Kagiatan tanya jawab antara nu ngawawancara jeung nu diwawancara (narasumber), nu tujuanana keur ngumpulkeun informasi disebutna ....

a)

paguneman

b)

wawancara

c)

talkshow

d)

ngawangkong

22.

Ku ayana wabah qorona, widang ekonomi hususna padagang , daganganana henteu laku. Istilahna ....

a)

ngeumbreuk

b)

rugi

c)

untung

d)

mubadir

23.

Dina peuting romadon sok aya istilah Malam salikur, pikeun nungguan Lailatur Qodr Istilah salikur pikeun nuduhkeun angka ....

a)

20

b)

21

c)

22

d)

23

24.

Irwan : ________________________________________

Tukang comro : Tos lami Jang, tos sapuluh tau langkung icalan comro teh.

Kalimah anu luyu pikeun ngawawancara tulang comro nya eta ....

a)

"Ti iraha emang icalan comro teh ?"

b)

"Sabaraha batina sadinten teh , mang ?"

c)

"Di mana waeMang teh icalan comrona ?"

d)

"Dupi Emang, tos lami icalan comro teh ?"

25.

Hadiri sadaya,

Naon ari sehat teh ? Sehat teh dina basa Sunda mah disebutna cageur, nya eta kondisi panghadena tina awak, mental, jeung sosial nepi ka urang bisa lumaku atawa baranggawe.

Kalimah di luhur bagian tina ....biantara

a)

bubuka

b)

eusi

c)

panutup

d)

salam panuatup

26.

Anu nyarita dina wangun hutbah teh, nya eta ....

a)

Biantara di hareupeun masarakat umum

b)

nepikeun materi pangajaran di hareupeun murid

c)

biantara pikeun ngajak masarakat milih calon pamingpin

d)

nepikeun materi kaagamaan di hareupeun jamaah

27.

Kecap kaayaan anu nuduhkeun rasa, nya eta ....

a)

koneng, alus, amis

b)

amis, pait, pangset

c)

panjang, pondok, jangkung, pendek

d)

caang, poek, ceudeum

28.

Kalimah-kalimah ieu di handap anu kaasup kana kalimah bilangan , nya eta ....

a)

Harga buku teh opat puluh rebu rupiah.

b)

Mamah meuli jeruk dua kilo

c)

Rudi teh naek ka kelas genep

d)

Ded, nambut heula artos lima rebu rupiah

29.

Kecap katerangan tina kecap kaayaan ips, nya eta ....

a)

kedeplik

b)

ngabetrak

c)

ngagebay

d)

nyempring

30.

Dina nyusun pedoman wawancara diperlukeun ....

a)

klaimah wawaran

b)

kalimah pananya

c)

kalimah pananya

d)

kalimah panyeluk