Font size
WorksheetsBahasa Sunda Kelas 8 Minggu 1
Total questions: 8
Worksheet time: 27mins
KAMEKARAN SENI SUNDA
Kumaha kamekaran seni Sunda kiwari ?
Pasualan éta geus remen jadi bahan padungdengan. Pangna kitu téh lantaran kahirupan urang Sunda kiwari geus loba kapangaruhan ku adat jeung kabiasaan nu jolna di deungeun. Eta hal téh gedé pangaruhna kana hirup huripna Seni Sunda. Karasa pisan, seni Sunda anu sakitu euyeubna téh nungtutan laleungitan. Sok sanajan kitu, henteu kabéh matak pikasalempangeun, sabab aya kénéh seni Sunda anu hirup, mekar, sarta tetep dipikaresep.
Kasenian Sunda nyampak tur mekar di unggal wewengkon, upamana baé wayang golék, calung, kendang penca, jeung degung. Ari anu hirup sarta mekar di hiji atawa sawatara wewengkon nyaéta sampyong di Kabupaten Majalengka jeung sabudeureunana, Sisingaan di Kabupaten Subang, Kuda Rénggong di Kabupaten Sumedang, Tarling di Kabupaten Indramayu, Bénjang di Kabupaten Bandung, Surak Ibra jeung Dodombaan di Kabupaten Garut.
Seni nu husus hirup di Kabupaten Majalengka jeung Kuningan nyaéta Gembyung jeung Sampyong. Hanjakal kamekaranana geus loba kadéséh ku ku seni modéren, anu antukna jadi kurang dipikawanoh ku masarakat.
Kasenian Sunda lianna anu masih kénéh pada mikaresep sarta sering dipintonkeun boh dina acara Agustusan, di nu kariaan, malah dina siaran televisi nyaéta calung, réog, degung, jaipongan jeung wayang golék.
Alesan pangna kasenian calung, réog, degung, jaipongan jeung wayang golék masih bisa hirup lantaran dianggap mampuh nuturkeun parobahan jaman. Calung ayeuna geus loba pisan robahna lamun dibandingkeun jeung calung baheula, pangpangna dina lebah nabeuh jeung lalaguanana. Baheula mah nu disebut calung teh rénténg, lantaran waditrana ngajajar ditalian sina ngarénténg. Tungtung tali nu hiji ditalikeun kana tihang, ari nu hiji deui ditalikeun kana awak anu nabeuhna. Atuh nabeuhna gé bari diuk.
Kiwari nabeuh calung téh dijingjing sabab waditrana henteu dirénténgkeun maké tali, tapi dirénténgkeun maké awi pikeun ngajingjingna. Ku kituna dina magelarkeunana leuwih gampang. Nu nabeuh bisa gerak kalawan bébas. Malah sangkan leuwih dipikaresep, pintonanana dieuyeuban ku humor.
Naon sababna kahirupan Seni Sunda remen jadi bahan padungdengan?
A. Kahirupan sunda geus kapangaruhan
B. Budaya sunda geus kapangaruhan
C. Kabiasaan urang sunda modern
D. Pangaruh negatif ti luar
Carpon mangrupa karya sastra dina wangun...
A. Ugeran
B. Puisi
C. Lancaran
D. Sindiran
Salahsahiji unsur intrinsik anu aya dina carpon nyaeta...
A. Alur
B. Imaji
C. Simbol
D. Moral
Salahsahiji anu ngabedakeun carpon jeung dongeng nyaeta...
A. carita dina carpon mah realistis sedengkeun carita dina dongeng mah sok pamohalan
B. carpon mangrupa karya sastra, dongeng henteu mangrupa karya sastra
C. carpon carita pondok, dongeng caritana panjang
D. carpon carita panjang, dongen caritana pendek
Sasaruan carpon jeung dongeng nyaeta sarua-sarua...
A. mangrupa carita realistis
B. mangrupa carita rekaan atawa khayal
C. mangrupa carita pamohalan
D. mangrupa carita kanyataan
Nu tea kaasup ciri carpon nyaeta….
A. Kecapna antara 5000-10.000 kecap
B. Rengse dibaca kira-kira saparapat jam
C. Dititik 2 spasi, 4-8 lambar ukuran kertas A4
D. Caritana tea logis, ngandung unsur pamohalan
Baca piken no 7-8
“ Barudak ngapalkeun mah geus kawajiban hidep. Ngapalkeun supaya bias ngarti tur maham kana pangajaran. Jadi alusna ngarti mah bfapalkeun the lain ngan ukur waktu ulangan wungkul. Tapi kudu jadi pagawean anu rutin. Teu, ngarah siap lamun aya ulangan saperti kieu, sok ayeuna mah tulis soalna!”
amanat tina cutatan carpon diluhur, nyaeta…
A. Pungsina ngapalkeun
B. Poe harita dek ulangan
C. Ngapalkeun teh kawajiban
D. Ngapalkeun dina waktu dek ulangan
Baca piken no 7-8
“ Barudak ngapalkeun mah geus kawajiban hidep. Ngapalkeun supaya bias ngarti tur maham kana pangajaran. Jadi alusna ngarti mah bfapalkeun the lain ngan ukur waktu ulangan wungkul. Tapi kudu jadi pagawean anu rutin. Teu, ngarah siap lamun aya ulangan saperti kieu, sok ayeuna mah tulis soalna!”
Nilik latar tempat. Carpon diluhur, nyaeta di…
A. Waktu diajar
B. Waktu ulangan
C. Rohangan kelas
D. Rohangan sakola
