wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

REMEDIAL PTS

Total questions: 40

Worksheet time: 40mins

Name
Class
Date
1.

Jalan-jalan ka Guha Pawon.

Basa dinten Minggu abdi diajak jalan-jalan ka guha Pawon ku téh Rinrin. Abdi mios ti rorompok naék motor tabuh 7 énjing-énjing. Saméméh ka Guha Pawon ka museum heula ningalian tangkorak manusa purba, rupi-rupi pakakas tina batu. Di guha Pawon, abdi ningal gunung-gunung batu anu ngajegir. Seueur anu nuju manjat tebing. Salian ti ningalan kaéndahan alam téh, abdi ogé kénging pangaweruh perkawis kahirupan jaman purba.


Nu jadi jejer utama laporan kajadian di luhur nyaéta...

a)

jalan-jalan ka guha pawon

b)

guha Pawon

c)

acara dinten Minggu

d)

ulin ka museum

2.

Jalan-jalan ka Guha Pawon.

Basa dinten Minggu abdi diajak jalan-jalan ka guha Pawon ku téh Rinrin. Abdi mios ti rorompok naék motor tabuh 7 énjing-énjing. Saméméh ka Guha Pawon ka museum heula ningalian tangkorak manusa purba, rupi-rupi pakakas tina batu. Di guha Pawon, abdi ningal gunung-gunung batu anu ngajegir. Seueur anu nuju manjat tebing. Salian ti ningalan kaéndahan alam téh, abdi ogé kénging pangaweruh perkawis kahirupan jaman purba.


Kajadian anu kaalaman dina laporan di luhur nyaéta....

a)

ningali rupa-rupa paninggalan jaman purba jeung ningal kaéndahan alam

b)

naék motor ka guha Pawon

c)

aya nu manjat tebing di Gunung Batu

d)

riset ka guha Pawon

3.

Jalan-jalan ka Guha Pawon.


Basa dinten Minggu abdi diajak jalan-jalan ka guha Pawon ku téh Rinrin. Abdi mios ti rorompok naék motor tabuh 7 énjing-énjing. Saméméh ka Guha Pawon ka museum heula ningalian tangkorak manusa purba, rupi-rupi pakakas tina batu. Di guha Pawon, abdi ningal gunung-gunung batu anu ngajegir. Seueur anu nuju manjat tebing. Salian ti ningalan kaéndahan alam téh, abdi ogé kénging pangaweruh perkawis kahirupan jaman purba.


Jalan-jalan ka guha Pawon, urang bakal nyaho ngeunaan....

a)

pangaweruh ngeunaan kahirupan jaman purba

b)

rupa-rupa pakakas tina batu

c)

tangkorak manusa purba

d)

museum nu aya di guha Pawon

4.

Ngojay Jeung Lauk di Cibulan.


Hiji waktu kuring indit ka Cibulan nganteur Bi Réni ti Bandung. Unggal aya sémah ti luar kota sok hayang dianteur waé ka Cibulan. Ku sabab Cibulan mangrupa tempat wisata anu kakoncara. Cibulan téh perenahna di Désa Manis Kidul, Kecamatan Jalaksana. Gampang didongkangna, boh maké kendaraan umum, boh kana kandaraan pribadi. Nepi ka Cibulan nempo lauk tinggudibeg dina balong. Lauk baradag, Lauk kancra bodas, anu katelah lauk déwa téa lauk nu dianggap keramat. Ti baréto ogé nepi ka ayeuna, taya anu wani-wani ngala éta lauk, sabab cenah sok aya matakna.


Ceuk carita rayat di dinya, éta lauk téh tadina mah ponggawa Prabu Siliwangi jaman Karajaan Pajajaran. Ku sabab baha kanu jadi raja, nya disupata jaradi lauk. Anéhna, upama balong dikuras, lauk téh ngariles, ngaraleungit duka ka marana. Lamun balongna geus aya caian deui, lauk téh narémbongan deui bari jeung jumlahna angger.


Di Cibulan aya dua balong gedé, ngaréndéng. Kahiji balong anu jero, kadua balong anu déét. Hiji deui balong leutik anu aya tempat sosorodotan. Tah dina balong anu déét téa abdi, Dani jeung Dina ngojay. Cai balong karasa tiis nyecep. Ngojay babarengan jeung lauk anu baradag. lauk siga nu lalindeuk.


Gagasan utama paragrap kahiji dina wacana di luhur nyaéta....

a)

tempat nu ngaranna Cibulan

b)

ngojay jeung lauk di Cibulan

c)

ponggawa Prabu Siliwangi nu jadi lauk

d)

di Cibulan aya balong nu digeugeuh lauk karamat

5.

Ngojay Jeung Lauk di Cibulan.


Hiji waktu kuring indit ka Cibulan nganteur Bi Réni ti Bandung. Unggal aya sémah ti luar kota sok hayang dianteur waé ka Cibulan. Ku sabab Cibulan mangrupa tempat wisata anu kakoncara. Cibulan téh perenahna di Désa Manis Kidul, Kecamatan Jalaksana. Gampang didongkangna, boh maké kendaraan umum, boh kana kandaraan pribadi. Nepi ka Cibulan nempo lauk tinggudibeg dina balong. Lauk baradag, Lauk kancra bodas, anu katelah lauk déwa téa lauk nu dianggap keramat. Ti baréto ogé nepi ka ayeuna, taya anu wani-wani ngala éta lauk, sabab cenah sok aya matakna.


Ceuk carita rayat di dinya, éta lauk téh tadina mah ponggawa Prabu Siliwangi jaman Karajaan Pajajaran. Ku sabab baha kanu jadi raja, nya disupata jaradi lauk. Anéhna, upama balong dikuras, lauk téh ngariles, ngaraleungit duka ka marana. Lamun balongna geus aya caian deui, lauk téh narémbongan deui bari jeung jumlahna angger.


Di Cibulan aya dua balong gedé, ngaréndéng. Kahiji balong anu jero, kadua balong anu déét. Hiji deui balong leutik anu aya tempat sosorodotan. Tah dina balong anu déét téa abdi, Dani jeung Dina ngojay. Cai balong karasa tiis nyecep. Ngojay babarengan jeung lauk anu baradag. lauk siga nu lalindeuk.


Tujuan indit ka Cibulan numutkeun wacana di luhur téh nyaéta....

a)

nganteur Bi Réni ka tempat wisata Cibulan

b)

hayang ngojay jeung lauk baradag

c)

ngadatangan tempat pariwisata

d)

sukan-sukan ulin unggal peré

6.

Ngojay Jeung Lauk di Cibulan.


Hiji waktu kuring indit ka Cibulan nganteur Bi Réni ti Bandung. Unggal aya sémah ti luar kota sok hayang dianteur waé ka Cibulan. Ku sabab Cibulan mangrupa tempat wisata anu kakoncara. Cibulan téh perenahna di Désa Manis Kidul, Kecamatan Jalaksana. Gampang didongkangna, boh maké kendaraan umum, boh kana kandaraan pribadi. Nepi ka Cibulan nempo lauk tinggudibeg dina balong. Lauk baradag, Lauk kancra bodas, anu katelah lauk déwa téa lauk nu dianggap keramat. Ti baréto ogé nepi ka ayeuna, taya anu wani-wani ngala éta lauk, sabab cenah sok aya matakna.


Ceuk carita rayat di dinya, éta lauk téh tadina mah ponggawa Prabu Siliwangi jaman Karajaan Pajajaran. Ku sabab baha kanu jadi raja, nya disupata jaradi lauk. Anéhna, upama balong dikuras, lauk téh ngariles, ngaraleungit duka ka marana. Lamun balongna geus aya caian deui, lauk téh narémbongan deui bari jeung jumlahna angger.


Di Cibulan aya dua balong gedé, ngaréndéng. Kahiji balong anu jero, kadua balong anu déét. Hiji deui balong leutik anu aya tempat sosorodotan. Tah dina balong anu déét téa abdi, Dani jeung Dina ngojay. Cai balong karasa tiis nyecep. Ngojay babarengan jeung lauk anu baradag. lauk siga nu lalindeuk.


Tempat nu di tuju ka Cibulan téh nyaéta....

a)

balong di Cibulan

b)

pasar Cibulan

c)

terminal Cibulan

d)

tempat jajan di Cibulan

7.

“Ku sabab baha kanu jadi raja, nya disupata jaradi lauk.”


Kecap baha jeung disupata dina kalimah di luhur hartina...

a)

ngalawan–dikutuk

b)

nurut-dibéla

c)

ngalawan-dipikanyaah

d)

tunduk-dipikasieun

8.
Istilah ngasakan cai disebutna ...
a)
naheur
b)
meuleum
c)
mubuy
d)
nyeupan
9.
Ngasakan kadaharan dina katél atawa talawéngkar teu maké minyak, atawa maké keusik panas, disebutna?
a)
Nyangray
b)
Ngulub
c)
Ngagoréng
d)
Mais
10.
Peuyeum ti Bandung, dodol ti Garut, tauco ti Cianjur. Tuangeun has ti wewengkon Cirebon nyaéta ...
a)
tahu gejrot
b)
jalakoték
c)
kuéh mochi
d)
peuyeum ketan
11.
Inuman anu asalna tina tangkal kawung nyaéta….
a)
lahang
b)
bajigur
c)
céndol
d)
tuak
12.
Nyangu dina kastrol atawa tina panci teu diseupankeun ngaranna….
a)
Ngaliwet
b)
ngahaneutkeun
c)
Ngakeul
d)
Ngagoréng
13.
Kecap laporan asalna tina kecap lapor (basa walanda) nu hartina…
a)
Nyaritakeun naon nu geus dipigawé
b)
Nyaritakeun hal-hal nu kaalaman
c)
Nyarita hiji perkara ka batur
d)
Nyaritakeun hal-hal nu can kaalaman
14.
Upami hidep rék nyusun laporan kudu ngawengku tilu bagéan poko nyaéta…
a)
Bubuka, eusi, jeung panutup
b)
Bubuka, eusi jeung kacindekan
c)
Bubuka, panutup jeung kacindekan
d)
Eusi, panutup, jeung kacindekan
15.
Laporan anu di tepikeun ku urang, teu bisa ditepikeunana ku cara…
a)
gambar
b)
lisan
c)
tulisan
d)
lisan jeung tulisan
16.
Salah sahiji unsur nu kudu dipibanda dina nepikeun péréléan laporan nyaéta…
a)
kaayaan saeunggeus lalampahan
b)
téma laporan
c)
maksud jeung tujuan kagiatan
d)
kagiatan nu rék dilaksanakeun
17.
Di handap ieu mangrupa conto kadaharan has di tatar Sunda nyaéta …
a)
dodol garut
b)
bajigur
c)
bandrek
d)
téh manis
18.
Conto ngaran inuman sunda téh nyaéta ...
a)
bandrék
b)
jus
c)
sirop
d)
cingcau
19.
Alat nu dipaké pikeun ngaréndos nyaéta …
a)
cowét
b)
téko
c)
nyiru
d)
palu
20.
Tauco kaasup kadaharan has ...
a)
Cianjur
b)
Bandung
c)
Sukabumi
d)
Medan
21.
Panata acara sok disebut ogé …
a)
protokol
b)
pangjejer
c)
narasumber
d)
panumbu catur
22.
Kang Rahmat téh lulusan basa Sunda UPI manéhna dipercaya sangkan bisa mingpin acara hajatan nikahan putra kepala désa. Salah sahiji anu kudu dilakukeun ku Kang Rahmat dina éta acara nyaéta…
a)
muka jeung nutup acara
b)
méré pangbagéa kana lumangsungna acara
c)
nangtukeun nu ngeusi acara
d)
ngawakilan panata calagara
23.
Pancén panata acara téh diantarana …
a)
muka jeung nutup acara
b)
méré pangbagéa kana lumangsungna acara
c)
nangtukeun nu ngeusi acara
d)
ngawakilan panata calagara
24.
Anu pangheulana diucapkeun ku panata acara nyaéta …
a)
ngucapkeun salam bubuka
b)
ngucapkeun panuhun ka panata calagara
c)
ngucapkeun pangwilujeng ka nu haladir
d)
ngucapkeun salam panutup
25.
Anu ditataan ku panata acara dina bubukana nyaéta …
a)
runtuyan acara ti mimiti nepi ka lekasan
b)
anu ngahadiran kana éta acara
c)
réngréngan panata calagara
d)
runtuyan kagiatan panata calagara
26.
Runtuyan acara ditutup ku …
a)
Du’a
b)
Pintonan kasenian
c)
Balakécrakan
d)
Sasalaman
27.
Kecap kantétan téh dina seuhseuhanana mah kacap anu...
a)
diréndonkeun
b)
dirobah sorana
c)
dibalikan deui
d)
dirarangkénan
28.
Hiji kecap bisa disebut kecap kantétan upama...
a)
ngarobah harti kecap unsur-unsur pangwangunna
b)
henteu ngarobah harti kecap unsur-unsur pangwangunna
c)
bisa dirobah unsur-unsur pangwangunna
d)
bisa diselapan ku kecap séjén anu hartina sarua
29.

Kecap kantétan anu diwangun ku kantétan kecap jeung kecap nyaéta...

a)

héjo tihang

b)

sabar darana

c)

konéng umyang

d)

adug songkol

30.

Kecap kantétan anu diwangun ku kantétan kecap jeung cakal nyaéta...

a)

kagok asong

b)

héjo tihang

c)

dulang tinandé

d)

julang ngapak

31.

Kecap kantétan anu mangrupa gabungan kecap jeung kecap anu miboga harti husus nyaéta…

a)

dulang tinandé

b)

mulus rahayu

c)

suka bungah

d)

bulan sapasi

32.
Kecap kantétan anu mangrupa babasan nyaéta...
a)
gedé hulu
b)
bumi gedé
c)
jalma gedé
d)
gedé sirah
33.
“mugi-mugi baé sing lulus ... hasil anu dimaksud”
a)
banglus
b)
rahayu
c)
ujian
d)
ulangan
34.
Kecap kantétan anu mangrupa babasan patalina jeung pakulitan jelema nyaéta…
a)
héjo carulang
b)
héjo tihang
c)
héjo pucuk cau
d)
héjo ngagedod
35.
Kecap kantétan anu mangrupa ngaran suhunan nyaéta ...
a)
julang ngapak
b)
garuda ngupuk
c)
nonggong kuya
d)
cukang beurit
36.
Ari “garuda ngupuk” mah kecap kantétan anu patalina jeung ...
a)
kaayaan tanah
b)
kaayaan sato
c)
kaayaan jalan
d)
kaayaan imah
37.
“Kang Yana maké kaos warna beureum ...”
a)
euceuy
b)
geuneuk
c)
kolot
d)
ngora
38.
Upama kecap “konéng” mah pasanganana anu merenah téh ...
a)
umyang
b)
meles
c)
ngora
d)
pisan
39.
Acara anu teu kudu maké Protokolér nyaéta...
a)
Rapat
b)
Upacara
c)
Hajat
d)
Biantara
40.
Acara anu maké panumbu catur nyaéta...
a)
Sawala
b)
Upacara
c)
Paguneman
d)
Hajatan