wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

Latihan Basa Sunda

Total questions: 30

Worksheet time: 15mins

Name
Class
Date
1.

Keur anteng maranehna nyisilan siki pare, geleber haliber lantaran Rezel jeung Yumna ngaliwat ka sisi sawah lebah dinya.

Kecap haliber asalna tina kecap hiber make rarangken tengah -al- anu ngandung harti ....

a)

hiji nu hiber

b)

dua nu hiber

c)

loba nu hiber

d)

saeutik nu hiber

2.

Satrio nitipkeun buku ka Defand.Kalimah tanya anu luyu piken kalimat di luhur nya eta ....

a)

Ka saha Satrio nitipkeun buku ?

b)

di mana satrio nitipkeun buku ?

c)

Ka mana satrio nitipkeun buku ?

d)

iraha satrio nitipkeun buku ?

3.

manuk titiran diinuman ku rezel.

huruf kapital anu bener dumasar kalimah di luhur nya eta ...

a)

Manuk titiran diinuman ku Rezel

b)

manuk Titiran diinuman ku Rezel

c)

Manuk titiran diinuman ku rezel

d)

manuk titiran diinuman ku Rezel

4.

Karangan dina wangun lancaran anu ukuranana pondok disebut ...

a)

dongeng

b)

sketsa

c)

carpon

d)

carita wayang

5.

Bapa nuju maos koran di tepas . Kalimah di luhur mun dirobah jadi kalimat pasif jadi ...

a)

Koran nuju diaos Bapa di tepas

b)

Di tepas Bapa nuju maos koran

c)

Koran maos Bapa di tepas

d)

Maos koran Bapa di tepas

6.

....ku sien beretek , Habbit teh lumpat . Kecap nu luyu pikeun ngalengkepan kalimah di luhur nya eta ...

a)

bakating

b)

awahing

c)

mangkanig

d)

kersaning

7.

Keyne teu sakola.

Keyne nuju teu damang

Kalimah di luhur mun disusun make kecap panyambung , jadi ...

a)

Keyne teu sakola lantaran nuju teu damang.

b)

Keyne teu sakola lantaran Keyne nuju teu damang

c)

Keyne nuju teu damang lantaran teu sakola

d)

Keyne nuju teu damang ku kituna teu sakola

8.

Risa putrana Bu Hani. Bu Hani kagungan ibu namina Ma Diah. Hubungan pancakaki Risa ka Ma Diah nya eta ...

a)

incu

b)

nini

c)

buyut

d)

ua

9.

Di antara kalimah - kalimah ieu di handap, mana nu kaasup kalimah parentah ..

a)

Mudah-mudahan hujanna gancang raat !

b)

Ti mana wae Davo, dipilarian ti tadi teu aya !

c)

Punten Elvan, pangnyandakeun buku Ibu di kantor !

d)

Sabaraha pangaos hui Cilembu sakilona Mang !

10.

Jadi budak mah kudu bodo alewoh, lamun teu bisa kudu daek ....

a)

tatanya

b)

nyontek

c)

usaha

d)

lumpat

11.

Imah kuring di Ciwastra. Ragam basa hormat anu luyu pikeun kalimah di luhur nya eta ....

a)

Bumi abdi di Ciwastra

b)

Rumah abdi di Ciwastra

c)

Rorormpok abdi di Ciwastra

d)

Lembur kuring di Ciwastra

12.

Paesemonna mani marahmay. Babasan tina marahmay ...

a)

gede hulu

b)

hampang birit

c)

amis budi

d)

haseum budi

13.

Di antara kalimah di handap nu kaasup kana kalimah barang nya eta ...

a)

Sapatuna tina Kulit Domba

b)

Indungna kakara datang

c)

Bapana nu Polisi keur jaga

d)

Hargana dua welas rebu

14.

Harga buku teh opat puluh rebu rupiah. Kaasup kana kalimah ....

a)

barang

b)

bilangan

c)

pagawean

d)

sifat

15.

"Hadirin anu dipihormat, dampak virus corona kacida gedena pikeun kahirupan urang. Ku kituna hayu urang sadaya ngalawan ku cara rajin nagjaga kebersihan jeung kasehatan diri ." Kalimah di luhur kaasup kana bagian ...tina biantara

a)

pamuka

b)

salam pamuka

c)

eusi biantara

d)

panutup

16.

"Assalamualaiku wr.wb. Sampurasun! Ibu - ibu sinareng bapa - bapa guru nu ku sim kuring dipihormat. barudak nu dipikadeudeuh."...Kaasup bagian tina ...biantara

a)

bubuka

b)

salam pamuka

c)

eusi

d)

panutup

17.

Masalah kasehatan masyarakat teh balukar tina lingkungan kurang bersesih, nya eta ...

a)

tara olah raga

b)

pola hirup kurang sehat

c)

sok begadang wae

d)

dahar tambarakan

18.

Pikeun ngajaga kesehatan dina kaaayan kieu , pun biang ngadamel jamu pait mani ...

a)

kareueut

b)

molelel

c)

pangset

d)

humaseum

19.

Di jaman kiwari beja teh gancang pisan narekabna, dina paribasa mah ...

a)

bonteng ngalawan kadu

b)

omong harus batan goong

c)

hade tata hade basa

d)

ngaliarkeun taleus ateul

20.

Isuk - isuk kira wanci tabuh salapan bisa ....sabab alus keur kasehatan.

a)

moyan

b)

nyeuseuhan

c)

popoe

d)

leuleumpangan

21.

........ nu meunang hadiah kulkas teh, Ambu ?

Kecap pananya nu bener dina kalimah diluhur nyaéta ...

a)

A. Dimana

b)

B. Saha

c)

C. Kunaon

d)

D. Iraha

22.

Adi ......... ari manéh bet ceurik ?

a)

A. Dimana

b)

B saha

c)

C. Kunaon

d)

D. Iraha

23.

Ujang jeung lanceukna rek nguseup di Situ Bagendit. Kalimah nu saluyu jeung bener ejahanana nyaéta .....

a)

A. Ujang jeung lanceukna rek nguseup di Situ Bagendit

b)

B. Ujang jeung lanceukna rek ngusep di situ bagendit

c)

C. ujang jeung lanceukna rek nguseup di situ Bagendit

d)

D. ujang jeung lanceukna rek nguseup di Situ bagendit

24.

Ita mah kacida peditna, matak manehna mah disebut ........

Gaya basa lalendean nu saluyu pikeun ngalengkepan kalimah diluhur nyaeta .......

a)

A. Si cap jahe

b)

B. Si arjuna

c)

C. Si jangkung

d)

D. Si kerdil

25.

Maén Bal mah satimna téh aya ....... urang. Beda jeung Voli, ukur genep urang. Kecapa bilangan nu saluyu pikeun ngalengkepan kalimah di luhur nyaéta ......

a)

A. Lima belas

b)

B. Duabelas

c)

C.lima

d)

D.sabelas

26.

Susi mah budakna bodo alewoh.

Bodo alewoh dina kalimah di luhur nyaéta hartina........

a)

A. Daek ngabaturan

b)

B. Daek tatanya kanu leuwih nyaho

c)

C. Teu daek mikir

d)

D. Teu daek akur

27.

Man ! Ibu panggaleuhkeun minyak tanah. Meuli gula mah sakilo tapi minyak tanah mah .......

a)

A. Salosin

b)

B. Sagros

c)

C. Saleter

d)

D. Saons

28.

Ari sakodi eusina .......

a)

A. Duapuluh

b)

B. Tilupuluh

c)

C. Sapuluh

d)

D. Lima belas

29.

...... teh paamprok Dodi jeung Lina di payun. Kecap panganteur nu saluyu jeung kalimah di luhur nyaéta ......

a)

A. Jedor

b)

B. Cleng

c)

C. Bray

d)

D. Gok

30.

Lantaran tos capé Udin langsung weh .....nginum

a)

A. Regot

b)

B. Bray

c)

C. Jedor

d)

D. Am