wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

ULANGAN SUNDA CARPON KELAS 8

Total questions: 50

Worksheet time: 25mins

Name
Class
Date
1.

Jadi naon carita pondok teh sok disinggetna…..

a)

Capon

b)

Caron

c)

Carpon

d)

Capron

2.

Dina carita pondok ngandung dua unsur nyaeta...

a)

Intrinsik jeung tema

b)

Intrinsik jeung judul

c)

Intrinsik jeung Ekstrinsik

d)

Tema jeung Judul

3.

Kaasup kana wangun karangan naon carita pondok teh?

a)

Alur

b)

Karangan

c)

Rekaan

d)

Kajadian

4.

Naon nu teu ka asup kana unsur jero carita pondok teh?

a)

Judul

b)

Alur Carita

c)

Tema

d)

Wangun

5.

Naon nu disebut latar teh….

a)

Plot

b)

Setting

c)

Kajadian

d)

Dekor

6.

Nu disebut tema nyaeta…

a)

Karangan

b)

Ngaran karangan

c)

Jiwa Karangan

d)

Palaku

7.

Nu disebut tokoh nyaeta……

a)

Palaku dina karangan

b)

Ngaran karangan

c)

Jiwa karangan

d)

Pikiran karangan

8.

Unsur luar disebutna…

a)

Esentrik

b)

Ekstrinsik

c)

interen

d)

intrinsik

9.

Naon nu disebut alur….

a)

Ngaran karangan

b)

runtuyan kajadian

c)

Jiwa karangan

d)

waktu kajadian

10.

Naon nu disebut Judul…

a)

Ngaran Karangan

b)

Runtuyan kajadian

c)

Jiwa karangan

d)

Waktu kajadian

11.

Barang jrut turun tina mobil teh kuring culang-cileung ninggalian kaayaan sakurilingna. wangunan sakola anu tohaga jeung pirang-pirang wangunaa sejenna patingjungkiring. Alun-alun anu lega, mobil anu harerang patingjalugrug. Geus poho motor mah patingjalajar teu kaitung reana. Panon eunteup deui na wangunan sakola tohaga. Resep sakaligus peurih nyaksian sakola anu dipinuhan ku barudak pantar kuring, bangun anu palinter. “Duh Gusti, hayang teuing kuring jadi budak sakola kawas maranehna.”Kuring ceurik jero hate. Lian ti kacirina palinter teh, awak jeung papakeanana bararesih. ras ka diri sorangan. awak begang, kulit hideung balas kapoe, papakean sanyampayna. Ku asa teu hargaan pisan diri teh.


Kunaon pangna Atin waktu nempo wangunan sakola anu dipinuhan ku barudak sakola sok ceurik dina jero hatena?

a)

Lantaran Atin hayang bisa sakola

b)

Lantaran Atin embung sakola

c)

Lantaran Atin teu naek kelas

d)

Lantaran Atin hayang ulin di sakola

12.

Teu karasa, digawe di sakola ieu teh geus meunang tilu bulan. jadi tukang beberesih jeung purah muka panto gerbang saban isuk jeung ngoncikeunana deui saban sore. sapopoe, hate mah teu weleh dirobeda ku kahayang nuluykeun skola. Tapi dalah kumaha, da beubeunangan digawe oge kapan sok tuluy dikirimkeun ka Ema di lembur. Boro-boro keur beaya nuluykeun sakola.


Naon gawena Atin di sakola teh?

a)

Jadi tukang dagang di kantin sakola

b)

Jadi tukang bebersih jeung purah muka panto gerbang sakola

c)

jadi tukang nyeuseuh di imahna Guru Yoyoh

d)

jadi tukang ngored mantuan indungna di lembur

13.

Teu karasa, digawe di sakola ieu teh geus meunang tilu bulan. jadi tukang beberesih jeung purah muka panto gerbang saban isuk jeung ngoncikeunana deui saban sore. sapopoe, hate mah teu weleh dirobeda ku kahayang nuluykeun skola. Tapi dalah kumaha, da beubeunangan digawe oge kapan sok tuluy dikirimkeun ka Ema di lembur. Boro-boro keur beaya nuluykeun sakola


Meunang sabaraha bulan Atin digawe tukang beberesih di sakola teh?

a)

tilu bulan

b)

lima bulan

c)

dua bulan

d)

opat bulan

14.

Kuring teh taya niat hayang nyaba ieuh tadina mah. tapi kaayaan dilembur maksa kuring pikeun ingkah nyiar kipayah. harita teh di lembur usum paceklik. Sagala marahal, bari lahan buburuh teu aya. Panen gagal, ngalantarankeun kaayaan ekonomi kulawarga kuring teu paruguh. Ema geus lami ngangur. Biasana, Ema teh sok ngadon buburuh di sawah atawa kebon Haji Husen nu nganter kuring nyiar gawe tea. Tapi harita, teuing bet ku sarerea paceklik teh, kaasup Haji Husen anu pokna ka Ema,”wayahna ayeuna mah Embi eureun heula bae ka sawah jeung ka kebon teh.” Najan teu ngajentrekeun naon nu jadi alesanna, kuring ngarti kana kaayaan. Jigana mah boro-boro keur muruhan Ema, kapan panena oge gagal.


Naon nu ngalantarankeun ekonomi kulawarga Atin jadi teu pararuguh teh?

a)

Ditinggal maot ku indungna karek sabulan

b)

panen gagal lantaran usum paceklik

c)

teu akur jeung tatangga lantaran sok pasea wae

d)

panen gagal lantaran usum ngijih

15.

Kuring teh taya niat hayang nyaba ieuh tadina mah. tapi kaayaan dilembur maksa kuring pikeun ingkah nyiar kipayah. harita teh di lembur usum paceklik. Sagala marahal, bari lahan buburuh teu aya. Panen gagal, ngalantarankeun kaayaan ekonomi kulawarga kuring teu paruguh. Ema geus lami ngangur. Biasana, Ema teh sok ngadon buburuh di sawah atawa kebon Haji Husen nu nganter kuring nyiar gawe tea. Tapi harita, teuing bet ku sarerea paceklik teh, kaasup Haji Husen anu pokna ka Ema,”wayahna ayeuna mah Embi eureun heula bae ka sawah jeung ka kebon teh.” Najan teu ngajentrekeun naon nu jadi alesanna, kuring ngarti kana kaayaan. Jigana mah boro-boro keur muruhan Ema, kapan panena oge gagal.


Kumaha watek atawa pasipatan Atin teh?

a)

koret jeung harak ka batur

b)

Loba bohong bari bodo

c)

Pinter jeung gede hulu

d)

Daekan jeung hirup prihatin

16.

“Henam Tin, bebeja ka pangurus sakola, sebutkeun maneh hayang milu sagawe-gawe di dieu.” Ceuk Pa Haji Husen nu kakara jrut turun tina mobil. Kuring nuturkeun tukangeunana. Hate mah asa digerihan ngadenge kasauranana kitu teh.


Saha nu nganter Atin nyiar gawe ka kota teh?

a)

Ema

b)

Guru Yoyoh

c)

Haji Husen

d)

Embi

17.

Karya sastra anu direka dina basa lancaran (prosa) kalawan ukuranana pondok disebut..............

a)

carpon

b)

novel

c)

sajak

d)

sisindiran

18.

Buku kumpulan carpon nu medal munggaran dina sastra Sunda teh judulna nyaeta...............

a)

Dogdog pangrewong karya G.S

b)

Neangan karya Caraka (Wiranta)

c)

Papacangan karya Rusman Sutiasumarga

d)

Kanyaah Kolot karya Karna Yudibrata

19.

Buku kumpulan carpon nu medal munggaran dina sastra Sunda teh nyaeta taun................

a)

1910

b)

1930

c)

1920

d)

1940

20.

Saha ngaran pangarang buku kumpulan carpon nu medal munggaran dina sastra Sunda teh?

a)

Caraka

b)

G.S

c)

Ki Umbara

d)

R.A.F

21.

Tokoh anu ngalakonan atawa anu dilakonan dina carpon disebutna...........

a)

jejer

b)

amanat

c)

palaku

d)

galur

22.

Unsur-unsur nu ngawangun carpon nyaeta, iwal................

a)

tema

b)

latar

c)

palaku

d)

carita

23.

Rarangken hareup di-, gunana pikeun ngawangun kecap pagawean nyaeta, kajaba...................

a)

diajar

b)

dipikir

c)

ditempat

d)

dibaca

24.

Dipikir dibulak-balik, naha Atin teh teu ngarti kana kahayang kuring”, kecap dipikir ngawangun kecap pagawean anu hartina..............

a)

kalakuan pasif atawa dilakukeun ku...

b)

kalakuan pasif teu dihaja atawa bisa dilakukeun teu dihaja

c)

kalakuan aktif atawa dilakukeun ku..

d)

kalakuan aktif teu dihaja atawa bisa dilakukeun teu dihaja

25.

Kapikir ayeuna mah Atin teh ning can dewasa”, kecap ngawangun kecap pagawean anu hartina.............

a)

kalakuan pasif atawa dilakukeun ku...

b)

kalakuan pasif teu dihaja atawa bisa dilakukeun teu dihaja

c)

kalakuan aktif atawa dilakukeun ku...

d)

kalakuan aktif teu dihaja atawa bisa dilakukeun teu dihaja

26.

Rarangken hareup di- anu gunana pikeun ngawangun kecap pagawean anu hartina aktif ngalakukeun...., nyaeta..........

a)

diajar

b)

disada

c)

dibaju

d)

dibilang

27.

Rarangken hareup di- anu gunana pikeun ngawangun kecap pagawean anu hartina aktif make...., nyaeta..........

a)

diajar

b)

disada

c)

dibaju

d)

dibilang

28.

Rarangken hareup di- anu gunana pikeun ngawangun kecap pagawean anu hartina aktif ngaluarkeun...., nyaeta..........

a)

diajar

b)

disada

c)

dibaju

d)

dibilang

29.

Rarangken hareup di- anu gunana pikeun ngawangun kecap pagawean anu hartina aktif kakeunaan pagawean...., nyaeta..........

a)

dibilang

b)

dijebol

c)

didongkrak

d)

dihampura

30.

Rarangken hareup di- anu gunana pikeun ngawangun kecap pagawean anu hartina pasif kakeunaan pagawean ku/make...., nyaeta..........

a)

dibilang

b)

dijebol

c)

didongkrak

d)

dihampura

31.

Rarangken hareup ka- anu gunana pikeun ngawangun kecap pagawean anu hartina pasif kakeunaan pagawean ku pagawean di...., nyaeta..........

a)

kagaridig

b)

kasawang

c)

kagambar

d)

katincak

32.

Rarangken hareup ka- anu gunana pikeun ngawangun kecap pagawean anu hartina pasif bisa di-..........-keun, nyaeta..........

a)

kagaridig

b)

kasawang

c)

kagambar

d)

katincak

33.

Rarangken hareup ka- anu gunana pikeun ngawangun kecap pagawean anu hartina pasif bisa di-...., nyaeta..........

a)

kagaridig

b)

kasawang

c)

kagambar

d)

kagambar

34.

Rarangken hareup ka- anu gunana pikeun ngawangun kecap pagawean anu hartina pasif teu dihaja di-........., nyaeta..........

a)

kagaridig

b)

kasawang

c)

kagambar

d)

katincak

35.

Rarangken hareup di- anu gunana pikeun ngawangun kecap barang anu hartina hal anu patali jeung...........nyaeta, kajaba.......

a)

kabisa

b)

kasakit

c)

kamampuh

d)

kasura

36.

Tokoh anu ngalakonan dina carpon carpon disebutna...............

a)

lalakon

b)

galur

c)

palaku

d)

latar

37.

Anu disebut latar dina carpon teh nyaeta........

a)

gagasan anu ditepikeun ka pangarang dina karyana

b)

waktu jeung tempat lumangsungna kajadian dina carita

c)

alanan carita atawa runtuyan kajadian dina carita

d)

perkara anu bisa dilenyepan tina eusi carita ku nu maca

38.

Anu disebut tema dina carpon teh nyaeta.......

a)

gagasan anu ditepikeun ka pangarang dina karyana

b)

waktu jeung tempat lumangsungna kajadian dina carita

c)

jalanan carita atawa runtuyan kajadian dina carita

d)

perkara anu bisa dilenyepan tina eusi carita ku nu maca

39.

Anu disebut galur atawa plot dina carpon teh nyaeta.......

a)

gagasan anu ditepikeun ka pangarang dina karyana

b)

waktu jeung tempat lumangsungna kajadian dina carita

c)

jalanan carita atawa runtuyan kajadian dina carita

d)

perkara anu bisa dilenyepan tina eusi carita ku nu maca

40.

anu disebut amanat dina carpon teh nyaeta.......

a)

gagasan anu ditepikeun ka pangarang dina karyana

b)

waktu jeung tempat lumangsungna kajadian dina carita

c)

jalanan carita atawa runtuyan kajadian dina carita

d)

perkara anu bisa dilenyepan tina eusi carita ku nu maca

41.

baca heula sempalan carpon ieu dihandap.

..........

Kalan-kalan matak aral ngaliwatan ieu jalan teh. Pangpangna nya mun keur usum ngijih eta. keur usum ngijih mah mindeng atuh kuring atawa babaturan teu tulus indit ka sakola alatan labuh lebah ieu tanjakan. malah hiji mangsa mah nepi ka aya sapuluh urangna anu teu tulus indit ka sakola. alatanana, nya labuh tea. labuh babarengan. enya, apan ari leumpang teh na pudunan mah sok ngaruntuy. kabeneran harita anu labuh teh anu leumpang pang tukangna. si Diding mun teu salah mah. ari labuhna tisorodot ka hareup, sedeng di hareup batur keur nguntuy, geus pasti atuh batur teh kasuntrungkeun. mangkaning jalan keur leueurlain lalaworakeun. blag blig bug we atuh lalabuh. ari kuring anu leumpang beh tengah, keuheul aya hayang seuri aya ku kajadian labuh babarengan teh. keuheul, pangpangna ka anu labuh pangheulana. kunaon labuh teh lain sosoranganan we atuh, ulah teuing bari nyurungkeun batur, nu antukna jadi cilaka saarerea. hayang seurina, enya atuda lucu tempo batur anu hareupeun kuring kuat ka nguntuy blag blig blugna.....................


Naon anu jadi ngalantarankeun “kuring” teu tulus indit ka sakola?

a)

nempo anu labuh pauntuy-untuy

b)

lantaran usum ngijih

c)

labuh lebah tanjakan

d)

cape leumpang dina pudunan

42.

Kalan-kalan matak aral ngaliwatan ieu jalan teh. Pangpangna nya mun keur usum ngijih eta. keur usum ngijih mah mindeng atuh kuring atawa babaturan teu tulus indit ka sakola alatan labuh lebah ieu tanjakan. malah hiji mangsa mah nepi ka aya sapuluh urangna anu teu tulus indit ka sakola. alatanana, nya labuh tea. labuh babarengan. enya, apan ari leumpang teh na pudunan mah sok ngaruntuy. kabeneran harita anu labuh teh anu leumpang pang tukangna. si Diding mun teu salah mah. ari labuhna tisorodot ka hareup, sedeng di hareup batur keur nguntuy, geus pasti atuh batur teh kasuntrungkeun. mangkaning jalan keur leueurlain lalaworakeun. blag blig bug we atuh lalabuh. ari kuring anu leumpang beh tengah, keuheul aya hayang seuri aya ku kajadian labuh babarengan teh. keuheul, pangpangna ka anu labuh pangheulana. kunaon labuh teh lain sosoranganan we atuh, ulah teuing bari nyurungkeun batur, nu antukna jadi cilaka saarerea. hayang seurina, enya atuda lucu tempo batur anu hareupeun kuring kuat ka nguntuy blag blig blugna....................


Saha anu labuh pangtukangeunana dina pudunan teh?

a)

kuring

b)

babaturan

c)

si Diding

d)

batur

43.

Kalan-kalan matak aral ngaliwatan ieu jalan teh. Pangpangna nya mun keur usum ngijih eta. keur usum ngijih mah mindeng atuh kuring atawa babaturan teu tulus indit ka sakola alatan labuh lebah ieu tanjakan. malah hiji mangsa mah nepi ka aya sapuluh urangna anu teu tulus indit ka sakola. alatanana, nya labuh tea. labuh babarengan. enya, apan ari leumpang teh na pudunan mah sok ngaruntuy. kabeneran harita anu labuh teh anu leumpang pang tukangna. si Diding mun teu salah mah. ari labuhna tisorodot ka hareup, sedeng di hareup batur keur nguntuy, geus pasti atuh batur teh kasuntrungkeun. mangkaning jalan keur leueurlain lalaworakeun. blag blig bug we atuh lalabuh. ari kuring anu leumpang beh tengah, keuheul aya hayang seuri aya ku kajadian labuh babarengan teh. keuheul, pangpangna ka anu labuh pangheulana. kunaon labuh teh lain sosoranganan we atuh, ulah teuing bari nyurungkeun batur, nu antukna jadi cilaka saarerea. hayang seurina, enya atuda lucu tempo batur anu hareupeun kuring kuat ka nguntuy blag blig blugna.....................


Kajadian naon anu pikaseurieun dina sempalan carpon di luhur teh?

a)

nempo babaturan huhujanan

b)

nempo si Diding disurungkeun ku babaturan

c)

nempo nu labuh nguntuy dina pudunan

d)

nempo babaturan keur leumpang dina pudunan

44.

Kecap ngijih dina sempalan carpon di luhur hartina.........

a)

usum halodo

b)

usum tigerat

c)

usum hujan

d)

usum paceklik

45.

pangarang buku kumpulan carpon anu judulna kanyaah kolot teh nyaeta................

a)

Caraka

b)

Iskandar wassid

c)

Ahmad Bakri

d)

Karna Yudibrata

46.

Ciri carita pondok teh nyaeta ….

a)

Palakuna loba

b)

Temana ganda

c)

Setingna dimana wae

d)

Diwangun kuhiji kajadian utama

47.

Gagasan, pikiran atawa ide utama nu jadi dasar eusi carita nu aya dina carpon, disebut …

a)

Tema

b)

Latar

c)

Galur

d)

Tokoh

48.

Mangrupakeun sagala pitunjuk atawa katerangan anukaitannajeung waktu, suasana, ruang, jeung situasi kajadian hiji paristiwa nu aya dina carpon disebut ….

a)

Tema

b)

Latar

c)

Galur

d)

Tokoh

49.

Mangrupakeun runtuyan carita anu diwangun ku tahapan-tahapan kajadian anu aya nepi ngabentuk hiji carita dina carpon disebut…

a)

Tema

b)

Latar

c)

Galur

d)

Tokoh

50.

Mangrupakeun pasualan, perkara, pesan atawa nasehat anu rek ditepikeun ku pangarang ngaliwatan carpon disebut …

a)

Tema

b)

Galur

c)

Judul

d)

Amanat