wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

Latihan US Basa Sunda

Total questions: 20

Worksheet time: 3mins

Name
Class
Date
1.

1. Buruan sakola katingali éndah. Di sisi jalan kénca katuhu dipelakan rupa-rupa kekembangan nu sareungit. Karangan di luhur nyaritakeun kaéndahan sakola, karangan sarupa kitu disebut .........

a)

Sorangan

b)

Éksposisi

c)

Pamadegan

d)

Deskripsi

2.

2. Murid-murid SDN Lojikobong I keur kerja bakti meresihan pakarangan sakola. Sakabéh murid ti kelas hiji nepi ka kelas genep milu kerja bakti. Hal poko nu dicaritakeun nyaéta........

a)

Kerja bakti di sakola

b)

Kelas 6 kerja bakti

c)

SDN Lojikobong I

d)

murid-murid

3.

Anu asup kana istilah dagang nyaeta ....

a)

handphone

b)

internet

c)

mobil

d)

bati

4.

Asalna ti Cina, tapi kiwari mah ... teh geus jadi kadaharan khas Sumedang

a)

tahu

b)

tauco

c)

tempe

d)

oncom

5.

Kamar Astri mah aya di loteng. Kecap loteng serepan ti basa ....

a)

Cina

b)

Arab

c)

Walanda

d)

Sansekerta

6.

Angin gunung seselekat dina bilik. Kalimah di luhur ngagunakeun gaya basa ....

a)

raguman

b)

mijalma

c)

rautan

d)

rahulan

7.
Sabab katinggaleun Padlan teu kabagian nasi timbel. Babasan nu pas keur ngagambarkeun carita eta ....
a)
bengkok tikoro
b)
buntuk gasireun
c)
katempuhan buntut maung
d)
hampang leungeun
8.
Ari maneh teu daek cicing, kawas ....
a)
jeler kasaatan
b)
ucing jeung anjing
c)
kalapa bijil ti cungap
d)
lodong kosong gelentrung
9.

Kerja bakti saméméhna dibéwarakeunheula.

Dibéwarakeun sasaruaan tina .....

a)

disaruakeun

b)

dikerjakeun

c)

diumumkeun

d)

dicaritakeun

10.

Kerja bakti geus lumangsung ti baheula nepi ka kiwari. Baheula hartina .....nu geus lila kaliwat.

a)

waktu

b)

poé

c)

buku

d)

bulan

11.
Kagiatan wawancara antara nu ngawawancara jenug nu diwawancara saenyana sarua jeung ....
a)
sawala
b)
diskusi
c)
tanyajawab
d)
paguneman
12.
Anu teu kaasup wawancara nyaeta ....
a)
wawancara wartawan
b)
wawancara panalungtikan
c)
wawancara lamaran gawe
d)
wawancara sapopoe
13.
" .... Nu pang heulana nulis buku carpon Sunda ? Kecap pananya nu cocog pikeun ngalengkepan kalimah di luhur nyaeta ...
a)
saha
b)
ku saha
c)
naon
d)
mana
14.
Kalimah nu ngandung kecap bilangan nyaeta ....
a)
Dagang oncom rancatan emas
b)
Mata dijual ka peda
c)
Dagang peda ka Cirebon
d)
Ded, nambut heula artos lima rebu rupiah.
15.
Assalamualaikum wr. Wb. Ungkara di luhur dina biantara kaasup kana....
a)
salam pamuka
b)
salam panghormat
c)
salam pangwilujeng
d)
salam panutup
16.
Kecap nu nuduhkeun rasa nyaeta ....
a)
koneng, alus, amis
b)
amis, pait, pangset
c)
panjang, pondok, jangkung
d)
caang, poek, ceudeum
17.
Kecap katerangan tina panjang nyaeta....
a)
kadeplik
b)
ngabetrak
c)
ngagebay
d)
nyepring
18.
Di handap ieu ngaran tutuwuhan , iwal....
a)
bungur
b)
hejo
c)
koneng
d)
coklat
19.
Dihandap ieu paribasa nu ngandung harti jalma nu ngomongna loba bohongna nyaeta ....
a)
omong harus batan goong
b)
hade gogog hade tagog
c)
alus laur hade ome
d)
hade ku omong goreng ku omong
20.
Kagiatan nepikeun hiji jejer kalawan lisan di hareupeun jalma rea disebutna ....
a)
ceramah
b)
diskusi
c)
biantara
d)
hutbah