wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

PH 2 B. Sunda

Total questions: 10

Worksheet time: 20mins

Name
Class
Date
1.

Naon sababna di jalan atawa gang nu poék kudu dilampuan?

a)

sabab lamun poék mah bisi nu ngaliwat cilaka

b)

sabab ngahurungkeun lampu téh maké énergi

c)

sabab lampu anu hurung mah kudu di jalan

2.

Iraha kuduna urang nyaangkeun lampu di jero imah?

a)

beurang peuting lampu kudu dihurungkeun

b)

ti tabuh genep soré tepi ka tabuh genep isuk-isuk

c)

peuting wungkul, tapi mun rék saré mah teu kudu kabéh sina hurung

3.

Pakakas naon waé di antarana anu butuh ku énergi listrik?

a)

istrikaan, erak, sapatu, jeung kompor gas

b)

kulkas, televisi, jeung kompa cai

c)

blénder, komputer, jeung erak piring

4.

Bakal kumaha lamun énergi listrik terus-terusan dipaké?

a)

kakuatanana bakal terus nambahan

b)

bakal jadi jeung dipikabutuh

c)

bakal ngurangan, ahirna béak

5.

Kumaha contona urang ngahémat énergi listrik téh?

a)

lamun geus teu dilalajoan, telebisi gancang pareman

b)

ngahurungkeun televisi kudu bareng jeung kipas angin

c)

ulah neundeun istrikaan dina tumpukan baju

6.

Naon sababna urang kudu ngahémat énergi listrik?

a)

sabab lamun dihambur-hambur bisi terus nyetrum

b)

sabab énergi listrik téh kudu dibeuli atawa dibayar

c)

sabab énergi listrik téh ukur aya di PLN

7.

Bakal kumaha lamun televisi terus hurung padahal euweuh nu lalajona?

a)

bakal hambur listrik jeung televisina téréh ruksak

b)

bakal ngagandéngan jeung ngaganggu ka nu keur saré

c)

bakal pareum sorangan da euweuh nu lalajona

8.

Naon akibatna mun istrikaan terus hurung padahal geus teu dipaké?

a)

hawa bakal panas tapi ka karasa hareudang

b)

moal aya akibat nanaon

c)

bisa nimbulkeun kahuruan

9.

Naon sababna ngahémat listrik téh sarua jeung ngahémat duit?

a)

sabab lamun ngahambur-hambur listrik urang moal boga duit

b)

sabab lamun ngahambur-hambur listrik tangtu bakal hambur duit

c)

sabab listrik mah teu apaleun kana duit

10.

Kumaha contona mun urang ngahémat cai?

a)

lamun mandi cukup asal baseuh awak

b)

lamun urang mandi kudu bari huhujanan

c)

cai ukur dipaké saperluna ulah dipiceunan