WorksheetsBUDAYA SUNDA
Total questions: 31
Worksheet time: 27mins
Baca sempalan teks di handap, pikeun ngajawab soal no. 1 jeung 2
Ieu kaulinan teu merlukeun alat, ngan butuh tempat nu lega. Sakelompokna teh aya tiluan. Dua urang pahareup-hareup tuluy nikelkeun panangan katuhu atawa kénca, panangan nu teu ditikeulkeun nyepengan panangan réréncangan. Nu saurang naék. Mun kelompokna leuwih ti hiji bisa balapan.
Kaulinan anu dimaksud dina sempalan di luhur nyaéta .....
a. Oray-orayan
b. Congklak
c. Maén Karet
d. Jajampanaan
Gambar kaulinan anu sesuai jeung bacaan teks di nomor hiji, nyaéta ......
Langlayangan Dandi mah ngapungna meuni luhur pisan.
Kecap sabalikna dina kecap anu dihideungan nyaéta .....
a. handap
b. katuhu
c. kénca
d. jangkung
Mang Danu nuju dahar di pawon sareng Bi Eha.
Kecap nu kudu dibenerkeun dina kalimah di luhur nyaéta ....
a. nuju jadi keur
d. dahar jadi tuang
c. sareng jadi jeung
b. pawon jadi dapur
Kalimah ieu di handap anu bener penggunaan huruf kapital jeung tanda bacana, nyaéta .....
a. kekey, iraha aya lomba maca sajak téh!
b. Hayu Pak sareng abdi ka jakartana?
c. Abdi nuju diajar basa sunda di kelas.
d. Bintang rék liburan ka Singapura bulan hareup.
Shalofa ............... kamari teu sakola?
Kecap tanya anu merenah pikeun ngalengkapan kalimah di luhur nyaéta ..........
a. iraha
b. kunaon
c. dimana
d. kumaha
Ieu acara urang buka ku maca ................... babarengan.
Istilah kaagamaan anu cocok pikeun ngalengkepan kalimah di luhur nyaéta ......
a. taud
b. hamdalah
c. istigfar
d. basmallah
Mun cita-cita hayang kacapai mah kudu rajin diajar atuh Jang.
Kecap rajin miboga harti anu sarua jeung kecap .....
a. nalangsa
b. getol
c. kasohor
d. teuneung
Sato anu awakna gedé, tulaléan jeung sihungan. Ceulina ogé gedé. Sok sesemprot ku cai. Sato ieu gé sok aya dina tontonan sirkus.
Sato anu dimaksud dina tatarucingan di luhur nyaéta ....
a. Badak
b. Jarapah
c. Uncal
d. Gajah
Dewi : Pak upami jeruk ..................... hargana?
Bapak : Jeruk mah sakilona dua belas rebuan neng.
Kalimah tanya anu cocok ngalengkepan dialog Dewi nyaéta....
a. kumaha
b. sabaraha
c. kunaon
d. iraha
Lanceukna indung/bapak urang disebut .....
a. Uwa
b. Nini
c. Amang
d. Bao
Basa sunda na dikukus nyaéta ........
a. dikulub
b. diréndos
c. dibeuleum
d. diseupan
Aisha keur muka jandela di kamarna tadi mah.
Dina kalimah di luhur anu mangrupakeun unsur objek nyaéta .....
a. Aisha
b. Muka
c. Jandela
d. Kamar
Di handap ieu mangrupakeun kalimah aktip, iwal ti ....
a. Satrio keur maén bola di lapang upacara.
b. Pupuh nu dinyanyikeun ku Sakti meuni enakeun.
c. Izzy jeung Bintang keur maén PUBG di hp.
d. Jessie keur mantuan masak mamahna di dapur.
Barudak kelas genep meuni kacida atohna lantaran geus ngalaksanakeun ujian nasional.
Babasan anu cocok pikeun ngagambarkeun kelas genep nyaéta ……
bucat bisul
amis budi
beurat birit
bodo alewoh
Kagiatan tanya jawab antara narasumber jeung nu nanya pikeun ngumpulkeun informasi disebutna .....
wawancara
ngadongeng
biantara
nyarita
Kagiatan anu nepikeun hiji hal kalawan lisan di hareupeun jalma réa disebut ......
a. Nyarita
b. Wawancara
c. Biantara
d. Diskusi
Assalamualaikum wr.wb. Sampurasun! Ibu-ibu sinareng bapa-bapa guru nu ku simkuring dipihormat. Barudak nu ku Bapak dipikadeudeuh
Wacana di luhur mangrupakeun bagian biantara tina ………
a. salam pamuka
b. bubuka
c. eusi
d. pamungkas biantara
Kecap ibu-ibu jeung bapak-bapak mangrupakeun jenis kecap rajekan ..........
a. Dwipurwa
b. Dwimadya
c. Dwimurni
d. Dwireka
Ungkara “Rupina sakitu waé nu tiasa didugikeun ku abdi. Mugi-mugi aya mangpaatna” kaasup kana ……
a. bagian bubuka
b. salam panutup
c. bagian panutup
c. bagian eusi
Mang Danu ngajual sawah jeung kebonna jang modal usaha. Ai pék téh nu di jual geuning tempé jeung tahu bari batina ogé saeutik.
Paribasa anu cocok pikeun ngagambarkeun sikap Mang Danu nyaéta ………
Dagang peda ka Cirebon
Mata dijual ka peda
Dagang oncom rancatan emas
Élmu tungtut dunya siar
Kecap kaayaan anu nuduhkeun rasa, nyaéta ......
konéng, alus, amis
amis, pait, asin
panjang, pondok, pendék
caang, poék, haneut
Di handap ieu kalimah anu ngandung kecap rajekan dwipurwa nyaéta ………
Wah, éta lalaki meuni kasep pisannya!
Tutuwuhan nu dipikaboga ku Azita meuni aralus pisan.
Adi jeung Andi keur ulin momobilan di lapang.
Geus sababaraha kali dibejaan masih kénéh teu nurut budak téh!
Ilikan lirik pupuh maskumambang di handap.
Itu kusir bangun ambek-ambek teuing
Turun tina delman
Kuda dipecutan tarik
Teu aya pisan ras-rasan
Guru wilangan jeung guru lagu dina lirik pupuh baris ka opat di luhur nyaéta ......
8 - n
n - 8
a - 8
8 - a
Di handap ieu mangrupakeun wangun béwara/surat resmi, iwal ti ...........
kop surat
kalimah pangajak
tawisan
salam pamuka
Pék ceklis kalimah anu ngandung makna konotatif.
Jadi jalma mah tong gedé hulu!
Satrio keur ninggali béntang di langit.
Mang Danu keur diharudum kulantaran tiris.
Aisha téh katelah jadi kembang désa di Cimahi.
Mun embung ngendog di kelas 3, kudu daék diajar atuh!
Kaulinan nu biasana dipaenkeun ku awewe, alat na kadang dina awi/plastik. Panjangna kira-kira 40 cm, lébarna kira-kira 15 cm, luhurna maké logak sababaraha hiji, aya nu sapuluh aya nu dua welas. Unggal logak dieusian ku kewuk, siki salak, batu, jsté. Lobana tujuh siki. Cara ulinna piligenti, tepi ka kewuk beak (arasup kana logak indung).
Kaulinan anu dimaksud nyaéta ................
Pék jieun hiji kalimah anu ka asup kana kalimah barang jeung kalimah pagawéan!
Kalimah barang :
Kalimah pagawéan :
Hubungan pancakaki Dudun ka Bu Lilis nyaéta ..........
Nini
Bibi
Uwa
Buyut
Hubungan pancakaki Pak Anab ka Pak Aning nyaéta .....
Uwa
Bibi
Amang
Aki
Poè Kemis, tanggal 23 Januari 2020, abdi, Rama, Nahel, Zico, jeung babaturan sakelasna indit ka Orchid Forest di daerah Lembang. Harita tèh mangkatna jam genep isuk ti Perumahan Nusa Hijau Cimahi, kulantaran beus ti jam lima subuh geus nungguan didinya.
Neupi ka ditu jam satengah salapan kulantaran jalanna lumayan macet. Kaayaan di ditu lumayan ramè pisan, ti mimiti budak neupi ka kolot. Teu ngadagoan lila abdi jeung babaturan nu sèjèn digeroan jang foto bareng tuluy diajak maèn kaulinan tradisional. Diantarana aya maèn oray-orayan, bola racun, estafet balap karung, jeung sajabana. Pokokna pas maèn kaulinan tradisional kacida ramè pisan.
Kalimah pananya anu teu bisa kajawab dina tèks di luhur nyaèta .............
Iraha Rama, Nahel, Zico, jeung babaturanna indit ke Orchid Forest?
Kaulinan tradisional naon waè anu dipaenkeun ku barudak?
Kumaha cara maènkeun kaulinan tradisional?
Kunaon perjalanan ti Cimahi ka Lembang lila?
