NEW
Font size
WorksheetsPenilaian Akhir Tahun Bahasa Sunda (PG)
Total questions: 20
Worksheet time: 20mins
Alat komunikasi jaman baheula nyaéta ....
kohkol
radio
télévisi
hand phone
Jaman baheula mah alat komunikasi informasi téh cukup ku nakol kohkol. Upama aya kahuruan atawa aya maling, nakol kohkolna ....
sakali
dua kali
tilu kali
dititirkeun
Alat komunikasi jarak jauh anu loba digunakeun jaman ayeuna nyaéta ....
radio
hand phone
kohkol
télévisi
Paribasa Sunda nu hartina pribumi kaéléhkeun ku sémah nyaéta ....
kandel kulit beungeut
jati kasilih ku junti
ipis biwir
héjo tihang
Kakara ogé balik ti sakola, Si Junéd mah geus ulin deui teuing ka mana, dasar manéhna mah budak anu ....
kurung batok
beurat birit
murag bulu bitis
héjo tihang
Nyi Iteng meuli tujuh jeruk di pasar Ciamis. Kecap tujuh dina éta kalimah kaasup kecap bilangan ....
utama
kumpulan
tingkatan
pecahan
Poé Rebo Anjar juara kahiji lomba ngadongéng tingkat kabupatén. Kecap kahiji dina éta kalimah kaasup kecap bilangan ....
utama
pecahan
tingkatan
kumpulan
Loba jalma nu nganggur teu baroga gawé lantaran euweuh ....
kadaék
kahayang
kapinteran
élmu
Kasanggupan nyiptakeun usaha-usaha anu anyar sarta keur ngahontal hiji impian sangkan meunang kauntungan disebut ....
pariwisata
karyawisata
widyawisata
wirausaha
Lamun rék ngalakukeun hiji pagawéan kudu dipikir heula. Paribasa nu luyu jeung éta ungkara nyaéta ....
pupulur méméh mantun
kaduhung mah tara ti heula
kawas bueuk meunang mabuk
neté semplak nincak semplak
Uyah mah tara téés ka ....
handap
gigir
luhur
tukang
Pa Haris nuju meuleum lauk di pipir imah. Caritaan dina éta kalimah nyéta ....
Pa Haris
lauk
meuleum
di pipir imah
Sapi téh nuju diparaban ku Roni di tukang imah. Jejer dina éta kalimah nyaéta ....
Sapi
diparaban
Roni
di tukang imah
Tukang nyieun pakakas tina emas atawa pérak nyaéta ....
anjun
gending
pamayang
kamasan
Kadaharan anu séhat mah, kadaharan anu ....
ngandung gizi
marahal
ngareunah
marurah
Kasakit dina dampal suku bareulah lantaran mindeng kokotoran atawa ku cai sabun ....
kokoloteun
sasanggaleun
rorombéheun
jeungjeuriheun
Tong huhujanan baé atuh, bisi ....
kokoloteun
rieut
kalikibeun
sasanggaleun
Ucapan sukur ka Gusti Allah kaasup bagian .... biantara.
panutup
eusi
bubuka
bubuka jeung panutup
Sanggeus hudang saré urang kudu ngumbah beungeut. Istilah ngumbah beungeut sok disebut ....
mandi
ngisikan
sibanyo
sibeungeut
Kalimah nu kaasup gaya basa ngumpamakeun (simile) nyaéta ....
budak téh beungeutna saru pisan, kawas beungbeulahan térong
ombak laut kidul tingjalegur kawas nu ambek
béntang-béntang tingkariceup, ngiceupan haté nu kasmaran
sora suling ngabangingik tengah peuting nyeungceurikan anu anyar mulang
