wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

UJIAN SEKOLAH BAHASA SUNDA SD

Total questions: 40

Worksheet time: 1hrs 21mins

Name
Class
Date
1.

Wacana dihandap pikeun soal no 1 sd 4!

Baca sing taliti !

Wawaran

Diumumkeun ka balarea,dina wangkid kiwari keur meuweuh virus corona di tatar Jawa Barat malah nepikeun ka sakuliah dunya sarta geus mawa korban.Ku kituna pamarentah provinsi Jawa Barat babarengan jeung Dinas Kesehatan Propinsi Jawa Barat umajak kabalarea:

1. Gancang bawa ka Puskesmas atawa ka rumah sakit nu

deukeut lamun aya nu gering ngadadak, sesek napas

jeung batuk-batuk.

2. Jalma-jalma teu meunang kaluar ti imah lantaran bisi

katepaan ku virus corona

3. Lamun penting kudu kaluar kapaksa kudu make masker

pikeun nyegah nepa na virus corona


Bandung, 16 Maret 2020


Dinas Kesehatan Popinsi Jawa Barat


Dumasar kana bacaan di luhur wangkid kiwari keur meuweuh panyakit ....

a)

cikungunya

b)

virus corona

c)

malaria

d)

kolera

2.

Nu nyieun bewara dina bacaan di luhur ,nyaeta ....

a)

Dinas peternakan jeung Gubernur Jawa Barat

b)

Dinas kesehatan jeung Pamarentah Provinsi Jawa Barat

c)

Dinas Pendidikan jeung kesehatan Propinsi Jawa Barat

d)

Dinas Peternakan jeung kesehatan Propinsi Jawa Barat

3.

Kudu dibawa kamana lamun aya nu gering panas ngadadak,sesek nafas jeung batuk-batuk....

a)

ka posyandu

b)

ka dinas perternakan

c)

ka Puskesmas/Rumah Sakit

d)

ka dinas kesehatan

4.

Hal-hal nu ku urang kudu dilaksanakeun sangkan urang salamet teu katepaan virus corona iwalti....

a)

Cicing di imah ulah kaluar kanu loba jelema

b)

Lamun rek kaluarmah jig we teu kudu di masker

c)

Lamun aya nu gering ngadadak sesek napas jeung batuk gancang bawa ka rumah sakit

d)

Lamun penting kudu kaluar, kapaksa kudu make masker pikeun nyegah nepa na virus corona

5.

Isuk-isuk panon poe tos moncorong barudak ngadon ... di

teras imah moe tonggong

a)

nangtung

b)

moyan

c)

nyangheuy

d)

cicinn

6.

“Pun Bapamah jumeneng keneh nanging ari pun biang mah parantos ngantunkeun!”

Nu dimaksud ngantunkeun nya eta ….

a)

maot

b)

angkat

c)

indit

d)

miang

7.

Dina basa sunda lamun nyarios kudu beres ... ambeh sae kadanguna

a)

alaang ujurna

b)

jauh deukeutna

c)

manjang pondokna

d)

undak usukna

8.

Kecap dibaledogkeun lamun dirucat enggangna jadi ....

a)

dibaledog-keun

b)

di-baledog-keun

c)

di-baledogkeun

d)

di-ba-le-dog-keun

9.

Tiap tiap kota ngabogaan sesebutan saperti kota Bandung katelahna kota ...

a)

hujan

b)

udang

c)

kembang

d)

peuyeum

10.

Karangan anu ngadadarkeun hiji hal disebut ....

a)

embaran

b)

bewara

c)

pedaran

d)

keterangan

11.

Pasanggiri sarua hartina jeung ....

a)

pintonan

b)

perlombaan

c)

tontonan

d)

latihan

12.

Pa Lurah nuju ... di aula nerangkeun pentingna Siskamling

a)

tembang

b)

pidato

c)

ngawih

d)

ngahaleuang

13.

Jalma anu gancang nafsu disebutna ....

a)

ipis biwir

b)

leutik burih

c)

hampang leungeun

d)

getas harupateun

14.

Ulah kabawa teu puguh paribasana nyaeta ....

a)

ulah kamana karep

b)

ulah kamana losna

c)

ukah sakahayang sorangan

d)

ulah kabawa sakaba-kaba

15.

Di tatar sunda aya lagu nu ngaranapupuh, Jumlah pupuh kabehna aya ....

a)

14

b)

15

c)

16

d)

17

16.

Meungpeung budak keneh Jang sing soson-soson diajar teh ulah....

Kecap nu merenah keur ngeusian titik-titik di luhur nyaeta...

a)

rajin

b)

daekan

c)

ngedul

d)

parigel

17.

Basa sunda teh aya bahasa lemes, aya bahasa salancar, jeung bahasa kasar. Kalimah anu ngagunakeun bahasa lemes nyaeta ....

a)

kuring mah tiisuk can dahar

b)

Kuring mah ti enjing can tuang

c)

kuring mah ti enjing can neda

d)

Abdimah ti enjing teu acan neda

18.

Aya rupaprupa kalimah sperti kalimah tanya, kalimah parentah, kalimah ajakan jeung sajabana. Nu kaasup kana kalimah parentah nyaeta ....

a)

Jang geura balik!

b)

saha ngaran teh?

c)

Bapa kuring ngarana Sumarna

d)

Pa, abdi ngiring ka kebon!

19.

Kusabab disurungkeun ka tukang,manehna ....

a)

tijengkang

b)

tijongklok

c)

tiguling

d)

tikusruk

20.

Ucing-ucingan kaasup istilah ....

a)

kaulinan

b)

kadaharan

c)

kainuman

d)

kasehatan

21.

Ari keur ulangan ulah sok ....ka babaturan bisi disangka niron

a)

luad- leod

b)

luas -leos

c)

luak-lieuk

d)

lumah-lemeh

22.

Ari sugan teh haneut cai teh, na ari suruput the mani nyecep ...pisan

Kecapnu merenah pikeun ngeusian titik-titik di luhur nyaeta...

a)

panas

b)

tiis

c)

molelel

d)

nereptep

23.

Keur kelas hiji mah Budi teh sok dijemput ka sakola ku ibuna.

dijemput hartina ....

a)

diteang

b)

dipapagkeun

c)

ditungtun

d)

ditanyakeun

24.

Keur inditna oge Budi mah ka sakola teh sok dijajapkeun ku Bapana .

Dijajapkeun hartina ...

a)

dianteurkeun

b)

dipindahkeun

c)

dijurungkeun

d)

dipihapekeun

25.

Sakanteunan wae meser buku teh sareng patlotna.

Sakantenan lemesna tina ....

a)

sawareh

b)

sakalieun

c)

sakalian

d)

sakalikeun

26.

basa poe ahad kuring mili kakebon waluh jeung Bapa, eta buah waluh teh meni rantuy.

Rantuy hartina ....

a)

loba

b)

rapang

c)

ngagarantung

d)

ngagaloler

27.

“Alhamdulillah wasukurillah. Sagala puji kagungan Alloh SWT, anu parantos masihan kasempetan ka urang sadaya kanggo ngariung di ieu tempat “. Cutatan biantara di luhur kaasup kana....

a)

eusi

b)

bubuka

c)

panutup

d)

pamungkas

28.

Mung sakitu nu kapihatur.” neda di hapunten tina samudaya kalepatan.

Kalimah di luhur kaasup kana kalimah …. tina biantara nyaeta

a)

eusi

b)

bubuka

c)

pamungkas

d)

salam bubuka

29.

Bawaning ku keuheul, Ibu guru nyeukseukan ka barudak nu balangor.

Nyeukseukan sarua hartina jeung ....

a)

nyeuseulan

b)

molototan

c)

ngingetan

d)

ngelingan

30.

Ambeh sehat mah kudu daek olah raga.

Ambeh sarua hartina jeung ....

a)

alatan

b)

lantaran

c)

supaya

d)

alatan

31.

Dina basa sunda loba kecap anu asalna tina basa arab, cina jeung sajabana. Kecap-kecap anu asalna tina basa asing disebut kecap….

a)

barang

b)

serepan

c)

internet

d)

teknologi

32.

Salah sahiji balukar anu hade tina teknologi informasi pikeun rumaja saperti di handap ieu…

a)

kedul diajar

b)

runtagna akhlak

c)

jual beuli barang nu dilarang

d)

gampang neangan informai keur tugas sakola

33.

Di handap ieu aya rupa- rupa pakasaban. Nu kaasup kana salah sahiji conto kagiatan wira usaha nyaeta….

a)

jadi pagawe nagri

b)

Muka Rrstoran

c)

Jadi karyawan pabrik

d)

Jadi pagaw swalayan

34.

Ari jadi budak teh kudu hampang birit ulah beurat birit. Harti beurat birit nyaeta ....

a)

hese dititah

b)

daekan

c)

teu bisa diuk

d)

teu daek cicing

35.

Biantara teh aya nu make teks aya nu henteu . Biantara anu henteu ngagunakeun teks, sacara dadakan, disebut biantara metode…

a)

naskah

b)

improptu

c)

ngapalkeun

d)

ekstemporer

36.

Diumumkeun ka balarea,dina wangkid kiwari keur meuweuh panyakit virus corona/covod 19 di tatar Jawa Barat,sarta geus mawa korban.

Jelaskeun harti ku hidep kumaha carana sangkan urang sarerea salamet tina panyakit virus corona!

4 lines
37.

Indonesia teh nagara nu subur makmur,gemah ripah loh jinawi.Alamna indah.Tanahna hejo lembok.Rupaning sumber daya alam nyampak di Indonesia.Kaendahan jeung kabeungharan tanah Indonesia geus kawentar ka mancanagara.

Tuliskeun Ide pokok paragraf diluhur !

4 lines
38.

Tuliskeun harti paribasa, Cikaracak ninggang batu, laun-laun jadi legok !

4 lines
39.

Tuliskeun rangka biantara/pidato!

4 lines
40.

Tuliskeun hal-hal anu kudu diperhatikeun dina ngagalantangkeun biantara

4 lines