Wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

Ulangan Harian Basa Sunda Kelas 7

Total questions: 10

Worksheet time: 46mins

Name
Class
Date
1.

Titenan paguneman ieu di handap, tuluy jawab pananyana ti nomer 7 nepi ka nomer 10!


Yuni : Nin, bade angkat ka mana ? Mani rurusuhan kitu ?

Nina : Bade ka sakola Yun, kasiangan puguh Nina teh, kedahna mah tabuh 8.00 tos kempel di sakola

Yuni : Har, na aya kagiatan naon di sakolah teh Nin ?

Nina : Ih, teu acan terang nya ? Pan sakola urang teh bade ngiring rampak sekar di Bandung. Tah

minangka wawakilna teh nyaeta ti kelas Nina. Naha Yuni teu ngiringan kitu ?

Yuni : Pami ti kelas Yuni mah ngiringna pasanggiri maca sajak

Nina : Ke, ari Yuni ayeuna bade ka mana deuih, tos aged ?

Yuni : Nya sami bade ka sakola oge, pan bade latihan sareng Bu Susi


Topik anu jadi paguneman di luhur teh nyaeta ....

a)

latihan kanggo pasanggiri

b)

ulin ka sakola

c)

latihan drama

d)

rek aya pagelaran wayang

2.

Paguneman nyaeta obrolan nu dilakukeun ku ....

a)

obrolan keur diskusi

b)

obrolan nu dilakukeun ku saurang

c)

tanya jawab nu dilakukeun di sakola

d)

obrolan anu dilakukeun ku dua urang atawa leuwih

3.

Dina wacana di luhur, saha anu rek miluan pasanggiri maca sajak ?

a)

Bu Susi

b)

Yuni

c)

Nina

d)

Dadan

4.

Dina paguneman di luhur, rek jeung saha cenah Yuni latihanana ?

a)

Bu Eli

b)

Bu Susi

c)

Bu Tuty

d)

Dada

5.

Dina paguneman di luhur, rek jeung saha cenah Yuni latihanana ?

a)

Bu Eli

b)

Bu Susi

c)

Bu Tuty

d)

Dada

6.

Titenan paguneman ieu di handap, tuluy jawab pananyana ti nomer 12 nepi ka nomer 15!


Galang : Ki, basa poe Minggu kamari ka mana ? Galang ka bumi Diky, tapi teu araya.

Diky : Puguh Diky mah piknik ka Cimanggu, ka Pamoyanan Cipanas.

Aria : Kumaha rea nu pariknikna ?

Diky : Nya, rea oge, komo ka Kawah Putih mah, pamandanganna endah teh.

Aria : Jam sabaraha balikna ?

Diky : Sore. Da balikna nyimpang heula ka bumi nini di Ciwidey.

Aria : Mana oleh-olehna ? Geuning teu mawa ?

Diky : Bisi hoyong oleh-oleh mah balik sakola ka imah, nya ! Aya banderk geura, anu kasohor “Bandrek Abah” aya kaluwa jeruk.


Naon anu jadi topik paguneman di luhur teh ?

a)

Ningali pamandangan

b)

Piknik ka Cimanggu

c)

Ulin ka Pangojayan

d)

Rek aya pagelaran wayang

7.

Dina wacana di luhur teh, saha nu piknik ka Cimanggu teh ?

a)

Galang

b)

Diky

c)

Aria

d)

Dadan

8.

Paguneman nyaeta obrolan nu dilakukeun ....

a)

obrolan nu dilakukeun ku saurang

b)

tanya jawab nu dilakukeun di sakola

c)

obrolan keur di sakola

d)

obrolan nu dilakukeun ku dua urang atawa leuwih

9.

Naon oleh-oleh ti Ciwidey ?

a)

Dodol jeung jeruk

b)

Kurupuk jeung kecap

c)

Kaluwa jeruk jeung bandrek

d)

Tahu jeung opak

10.

Naon ari harti "Paguneman" teh?

a)

Nyarita

b)

Ngobrol saarah

c)

Ngobrol dua arah

d)

Ngawadul