NEW
Font size
WorksheetsPAT B. SUNDA V 2020
Total questions: 20
Worksheet time: 40mins
Sato nu pinter jeung boga akal panjang dina hiji dongeng nya eta ….
kuda
peucang
buhaya
kuya
Sato nu licik jeung sarakah, aya dina hiji dongeng nya eta ….
kuda
monyet
kuya
sapi
“ Eta mah budak teh beurat birit.” Beurat birit hartina ….
pangedulan
bageur
sopan
galak
Sato anu tulalean….
maung
buaya
gajah
lauk hiu
Ngajual bari maksa ngarah dibeulian, ngarana….
Jual rugi
Jual untung
jual dedet
jual beuli
Dihandap ieu sok dipake ngala lauk, iwal….
ayakan
kecrik
parahu
arit
Ayakan mah dijieuna tina ….
kai
awi
kaen
beusi
Gemuk teh sarua jeung….
pupuk
limbah
pepelakan
sasatoan
Cabe mah dipelak teh….
buahna
sikina
akarna
tangkalna
Mang Jumadi mah moal bisa kapangaruhan, da gurat ….
batu
bata
tembok
garis
Dina sajak teh aya harti konotatif. Harti konotatif sarua jeung ….
harti langsug
harti injeuman
harti saujrutna
harti sajalantrahna
Kecap nu merenah,ngalengkepan kalimah : “Dudi … waktu sukuna titajong kana batu seukeut .”
patinggorowok
gogorowokan
ngagorowok
garawak gorowok
Samemeh mondok ,Wati sok … heula
maca
babacaan
bucu baca
macaan
Kecap srangenge sarua hartina jeung kecap ….
panonpoe
bulan
lampu
bentang
Kecap ngajanggelek sarua hartina jeung kecap ….
ngawangun
ngaleungit
ngawujud
ngajadi
Sora anu sarua dina jajaran atawa antar jajaran kawih disebutna ....
gaya bahasa
pilihan kecap
purwakanti
wirahma
Babasan ” hejo lemboh” hartina ....
loba tatangkalan
subur tur loba rejeki
tatangkalan keur bubuah
lega kebon jeung sawah
Masyarakat dina kaayaan beunghar tur hirup senang. Babasan anu keuna keur eta kalimah, nyaeta ….
repeh rapih
kokoro nyoso
malarat rosa
sugih mukti
Bagian walungan anu leah tur deet disebutna ….
lamping
babantar
leuwi
muara
Kawih nu judulna “Sabilulungan”dikarang ku ….
Mang Bakang
Nano S
Mang Koko
Gugum Gumbira
