NEW
Font size
WorksheetsLatihan Ujian Online Bahasa Sunda Kelas VI
Total questions: 40
Worksheet time: 43mins
Éling-éling murangkalih
Kudu apik jeung berséka
Ulah odoh ka panganggo
Mun kotor geuwat seuseuhan
Soéh geura kaputan
Ka nu buruk masing butuh
Ka nu anyar masing lebar
Pupuh di luhur teh kaasup wangun pupuh …
lambang
gurisa
asmarandana
kinanti
Pupuh nu jumlah padalisanna aya sapuluh nyaeta …
sinom
pangkur
mijil
dangdanggula
Mun kotor geuwat seuseuhan.
Padalisan nu kadua tina pupuh di luhur teh palanggeranana …
6 – a
7 – a
8 – a
9 - a
Sikep nu dipiharep mun urang jadi jalma mashur kudu....
tong ngalantur
jadi jalma kufur
ngucap sukur
nyaah kana kujur
Ciri jalma nu ngagem elmu salaku lampahna ...
tartib
sabar
pinter
bener
Omat hidep kudu jujur
masing nyaah kana kujur
kalakuan tong ngalantur
tungtungna osok kabintur.
Numutkeun pepeling indung di luhur, urang hirup teh salawasna kudu...
mashur
loba batur
takabur
jujur
Jalan kapendakna elmu nu kaopat nyaeta ….
luang nu kapanggih
tina buku
ti guru nu asih
ti indung bapa
Ibu bade … acuk saragam kanggo Umar.
meuli
meser
ngagaleuh
ngahilian
Nindi geus mandi ti tadi, upami ibu mah nembe bade ….
siram
mandi
ibak
babanjur
Éling-éling murangkalih
Kudu apik jeung berséka
Ulah odoh ka panganggo
Mun kotor geuwat seuseuhan
Soéh geura kaputan
Ka nu buruk masing butuh
Ka nu anyar masing lebar
Eusi pupuh di luhur ngajak urang kudu …
eling meuli baju
apik jeung berseka kana papakean
ngajaga papakean ulah soeh
kudu make baju anyar wae
Hormat abdi, Baktos abdi , Sonona, eta kekecapan nu sok dipake dina bagean surat nu disebut ….
salam bubuka
salam panutup
eusi surat
bubuka surat
Kahatur
Dedi
di Garut.
Ungkara di luhur teh mangrupa bagean surat nu disebut….
titimangsa
salam bubuka
tujul surat
salam panutup
Kalimah di handap nu kaasup bubuka surat nyaeta ….
Sakieu heula serat ti abdi , diantos waleranna!
Kumaha damang Rin? Syukur ari damang mah.
Abdi nyeratan teh bade ngajak piknik ka Teti.
Hatur nuhun tos kersa nyeratan ka abdi.
Ungkara di handap nu kaasup panutup surat nyaeta …
Win,urang jangjian ulin mu pere sakola.
Sakieu heula serat ti abdi, diantos waleranna.
Kumaha damang ? sukur ari damang mah.
Ulah ka mana – mana mun pere sakola nya.
Salah sahiji inohong dina widang kasenian wayang golek nu kasohor nyaeta ….
Nano S.
Upit Sarimanah
Asep Sunandar Sunarya
Gugum Gumbira
Inohong Daeng Sutigna teh nu nyiptakeun waditra (alat musik) …
gamelan
angklung
kacapi
calung
Tempat nyieun karajinan wayang golek di wewengkon ….
Jelekong Bandung
Subang
Sumedang
Leles Garut
Barudak abege mah keur meujeuhna murag bulu bitis nu hartina …
tara indit – inditan jauh
jauh panyabaan
teu betah cicing di imah
resep nurutan batur
Jalma nu teu boga kaera babasanna ….
kandel kulit beungeut
hampang birit
ipis biwir
murag bulu bitis
Si Wawan mah ginding tapi barangna meunang nginjem ti batur, paribasana …
amiang meulit ka bitis
adean ku kuda beureum
ngaliarkeun taleus ateul
lodong kosong ngelentrung
Kacaritakeun di karajaan Pasir Batang ,Raja Tapa Ageung geus masrahkeun kakawasaanna ka putri bungsu nu kasohor bageur nyaeta Purbasari, atuh kacida ambekna Purbararang teh salaku anak nu panggedena tapi teu kapilih jadi ratu. Anjeunna teu tarima kana kaputusan ramana malah boga niat rek ngusir Purbasari ti karaton. Kasurung ku rasa sirik pidik ,hiri dengki Purbararang dibantuan ku adi – adina bisa ngusir Purbasari malah dipiceun ka leuweung.
Purbararang ngayakeun rupa – rupa pasanggiri pikeun ngera – era Purbasari sangkan teu jadi ratu. Ku lantaran Purbasari mah teu salah nu ahirna dibelaan ku lutung samaran Guruminda, Purbasari hasil dina kabeh pasanggiri.
Dina sempalan carita ” Lutung Kasarung” nu jadi palaku utamana nyaeta …
Purbasari
Purbaleuwi
Purbararang
Purbakancana
Purbararang salaku anak nu panggedena boga watek…
bageur,lemah lembut
adil wijaksana
sirik pidik ,hiri dengki
pinter ngasuh adi –adina
Carita
“ Lutung Kasarung “ kaasup conto dongeng …
sasakala
parabel
pamuk
mite
Purbasari ti Karajaan Pasir Batang ahirna dipiceun ka leuweung ku lanceuk – lanceukna.
Karajaan Pasir Batang jeung leuweung kaasup …
galur
latar
watek
palaku
Barudak nu dipikacinta,
Ngumbah leungeun disabunan téh kacida pentingna pikeun nyinglar panyakit nu nerekab saperti infeksi saluran pernapasan “akut”, nu sok jadi deui, influenza, jeung diaré. Tapi, kasadaran jeung kanyaho barudak kana hal éta masih can biasa.
Kagiatan ngumbah leungeun disabunan téh keur barudak mah aya lima waktu nyaeta saméméh sarapan,saméméh dahar, waktu peuting, sanggeus ulin jeung waktu kaluar ti toilét. Lamun nu déwasa mah saméméh dahar, sakaluarna ti toilét, saacan nyadiakeun dahareun, sanggeus ngaganti popok orok, jeung sanggeus nyekel ingon-ingon
Eusi biantara di luhur teh ngeunaan … pikeun barudak.
waktu pikeun ngumbah leungeun
cara ngumbah leungeun
balukar tina ngumbah leungeun
gunana ngumbah leungeun
Barudak nu dipikacinta , hadirin nu dipihormat,
eta kekecapan mangrupa bagean biantara nu disebut …
panutup
bubuka
pangbagea
eusi
Kalimah di handap nu kaasup bagean bubuka nyaeta ….
Langkung ti payun urang panjatkeun puji sukur ka Gusti Nu Maha Esa.
Urang kudu ngumbah leungeun ku kasadaran sorangan.
Sakieu nu tiasa kapihatur mugia dihapunten bilih aya kekecapan nu teu merenah.
Hatur nuhun kana perhatosanana mugia aya mangpaatna .
Numutkeun eusi biantara di luhur teh barudak kudu ngumbah leungeun pikeun ….
meresihan leungeun mun rek dahar
nyabunan leungeun penting pisan
nyinglar rupa - rupa kasakit nu nerekab
kawajiban kolot jeung barudak
Kasakit nu bakal nerekab mun urang kedul ngumbah leungeun teu make sabun di antarana….
influenza jeung diare
asup angin
rieut jeung migren
arateul awak
Jalma nu sok puak - paok barang batur babasanna ….
panjang leungeun
hampang leungeun
laer gado
ipis biwir
Si Wandi mah geus katelah … da adigung pisan abong jalma beunghar .
hampang birit
laer gado
gede hulu
buntut kasiran
Jalma nu daekan dititah sok disebut ….
hampang birit
murag bulu bitis
ipis biwir
kurung batok
Kang Didin mah karek sabulan digawe geus pindah deui, dasar …
hejo tihang
kurung batok
laer gado
leutik burih
Ka budak nu kandel kulit beungeut mah loba nu teu resepeun sabab ….
babari ambek
kedul dititah
gampang ceurik
teu boga kaera
Si Roni mah babari neunggeul ka batur, paribasana ….
panjang leungeun
hampang birit
hejo tihang
hampang leungeun
Barudak ayeuna mah teu daek cicing di imah, paribasana ...
murag bulu bitis
hejo tihang
kurung batok
hampang leungeun
Ka budak nu babari ceurik mah loba nu teu resepeun . Babasanna ...
ipis biwir
laer gado
gede hulu
kurung batok
Jalma nu kabitaan ku barang batur mah sok disebut ….
hejo tihang
ipis biwir
laer gado
gede hulu
Inohong nu kasohor dina widang seni karawitan sunda nyaeta …
Asep Sunandar
Udjo Ngalagena
Aam Amelia
Mang Koko
Kasenian wayang golek sok dipirig ku gamelan. Jalma nu nabeuh gamelan sok disebut …
sinden
nayaga
dalang
juru alok
