NEW
Font size
WorksheetsPAT Bahasa Sunda Kelas 8
Total questions: 50
Worksheet time: 2hrs 46mins
Kecap blantek dina wancana diluhur nyaeta ...
campur seni ibingan
campur aduk
campur sari
campuran kasenian daerah
Pangna dingaranan kasenian topeng blantek teh lantaran…..
kabeh pamaen marake topeng
nu ngibing make topeng
nu mintonkeun bobodoran make topeng
dina panggung digantung-gantungkeun topeng
"jalan ka Puncak teh mani…." kecap anu merenah pikeun ngalengkepan eta kalimah nyaeta….
amis
seungit
nanjak
lada
"Mobil anyar teh majuna mani…."
Kecap anu merenah pikeun ngalengkepan eta kalimah, nyaeta…..
alus
gancang
loba
pinter
"Ka Pa Haji Gugun mah loba nu mikaresep lantaran...." Kecap sipat nu merenah pikeun ngalengkepan kalimah di luhur nyaeta….
angreng
haseum
tarik
bageur
Nu kaasup rangkey laporan perjalanan nyaeta….
tujuan, tempat, waktu, kagiatan, biaya perjalanan
tujuan, tempat, waktu, pamilon, kagiatan
tujuan, tempat, waktu, biaya perjalanan, kagiatan
tujuan, tempat, waktu, bekel perjalanan, kagiatan
1. Ieu kagiatan teh dilaksanakeun poe Sabtu, tanggal 8 Januari 2011.
2. Anu milu dina ieu kagiatan aya 250 urang.
3. Tujuan karya wisata ka Kebon Raya Bogor teh supaya parasiswa boga pangalaman ngeunaan rupa-rupa spesies tutuwuhan (tumbuh-tumbuhan).
4. Salila di Kebon Raya Bogor parasiswa nitenan sarta nyatet rupa-rupa spesies tutuwuhan (tumbuh-tumbuhan).
5. Tempat-tempat nu dituju nyaeta Kebon Raya Bogor jeung Musium Zoologi.
Susunan Laporan perjalanan nu bener nyaeta......
1-2-3-4-5
2-1-3-4-5
3-5-1-2-4
4-5-1-2-3
"Kuring mah jelmana teu boga, tabungan oge ukur cukup keur meuli peremen."
Kalimah diluhur ngagunakeun gaya basa…..
mijalma ( personifikasi)
ngasor (litotes)
ocon (metonimia)
lalandian (metafora)
Nu kaasup gaya basa ocon (metonimia) nyaeta……
sora suling kadenge siga nu ceurik
Pun anak mah da teu kantos sakola
Imas teh bentang kantos VIII-6
Saban poe Wawan sakolana kana Kijang
Tengetan sajak ieu dihandap!
“Indung, hampura abdi tina sagala kalepatan”
Napas demi napas anjeun terus ngadoakeun abdi..
Nyieun abdi tiasa kajaga jeung ngarasa bagja nepi ayena..
Indung nu ku abdi di pikanyaah..
Mugi-mugi gusti allah nangtayungan anjeun salamina..
Indung..
Hampurakeun abdi tina sagala kalepatan, kasalahan, kaangkuhan, kakurangan..
Abdi ucapkeun hatur nuhun pisan kanggo indung kuring..
Sampalan (penggalan) sajak diluhur ngagambarkeun kaayaan anu….
gumbira
ambek
bingung
pikaseudiheun
"kuring meunang peunteun anu hade"
Sinonim kecap "hade",nyaeta….
alus
hoream
handap
pinter
"Teu babari jadi juri kelas teh, lantaran sainganna loba"
Antonim tina kecap "babari",nyaeta….
cape
hese
handap
ruksak
"Cing, pangmeulikeun kopi ka warung, Jang!"
Kalimah diluhur kaasup kana kalimah parentah…..
nyaram
menta/nitah
maksa
ngajak
"Manehna turun ka handap sanggeus menerkeun kenteng nu bocor"
Kalimah diluhur kaasup gaya basa….
ngasor (litoteas)
ocon (metonimia)
kadalon ( pleonasme)
mijalma (personafikasi)
Kampung Gedé
Kasepuhan Ciptagelar Perenahna di Kabupatén Sukabumi. Persisna mah di kampung Sukamulya, Désa Sirnaresmi, Kacamatan Cisolok. Di ditu, di sisi laut Palabuan Ratu. Ti saprak kantor Pemda Kabupatén Sukabumi pindah ka Palabuan Ratu, rada leuheung ka kota téh teu jauh teuing jiga baheula basa Pemda Kabupaténna di Cisaat kénéh. Najan teu jauh ka kota sarta geus réa kagiridig ku jalma nu ngadon ulin, masarakat Kampung Gedé Kasepuhan Ciptagelar mah, pageuh kénéh nyekel tali paranti adat warisan parakaruhun. Boh wangunan imah boh hirup kumbuh sapopoéna, masih mageuhan kabiasaan urang Sunda pituin, anu can kacampuran ku pangaruh modéren.
Di pakampungan Ciptagelar mah wangunan imahna ogé potongan imah panggung tina bilik kénéh. Nu disebut imah panggung téh imah anu aya kolongan. Jangkung kolongna kira-kira 60 cm. Lamun rék unggah ka imah téh kudu nécé heula golodog, anu ditunda handapeun panto hareup. Biasana tina batu tatapakan, anu wangun pasagi opat jeung badag. Kétah, wangunan mah ogé handapna maké batu tatapakan, anu sarua jangkungna. Anggang ti batu ka batu téh paling tilu méteran.
Wangun suhunan lolobana segi panjang jeung juré. Sok ditambahan émpér di bagian hareup jeung bagian tukang. Hateupna tina daun tepus, eurih, atawa injuk. Moal matak bocor najan hujan gedé ogé, da ditumpukna rékép pisan. Sedeng minangka lanténa, tina palupuh. Babagian imah diwangun ku tengah imah paranti ngumpulna sakabéh anggota keluarga, pangkéng atawa kamar paranti saré, padaringan atawa goah paragi neundeun béas, jeung dapur paranti masak. Lian ti imah pangeusi lembur, di dinya ogé urang bisa manggihan bumi ageung, leuit, jeung saung lisung. Kumaha waé di pakampungan Sunda baheula.
Anu disebut bumi ageung téh paranti ngariungna masarakat lamun aya pasualan anu kudu dibadamikeun. Biasana dijejeran ku sesepuh lembur, anu disebutna Sesepuh Girang . Tah, ngeunaan leuit, lamun dina basa Indonésia mah disebutna “lumbung” téa, paragi neundeun paré. Wangunna jiga imah, ngan leuwih leutik. Sisina ditutupan ku bilik, hateupna ku injuk. Leuit téh perenahna di sisi pakampungan. Unggal imah, pasti ngabogaan leuit. Jadi moal pacorok pangaboga. Di deukeut wangunan leuit, diwangun saung lisung nyaéta saung paranti nutu sakumna pangeusi lembur. Saung lisung mah ngan hiji, dipaké ku salelembur. Ku kituna, mangpaat saung lisung téh lian ti paranti nutu, ogé tempat campur gaulna (sosialisasi) urang lembur.
Di mana perenahna kampung Adat Ciptagelar téh?
Di Kampung Sukamulya, Désa Cisampih, Kacamatan Cigasong, Kabupatén Sukabumi.
Di Kampung Sukamulya, Désa Buniseuri, Kacamatan Cikubang, Kabupatén Sukabumi.
Di Kampung Sukamulya, Désa Sirnaresmi, Kacamatan Cisolok, Kabupatén Sukabumi.
Di Kampung Sukamulya, Désa Sinaresmi, Kacamatan Cisalak, Kabupatén Sukabumi.
Kampung Gedé
Kasepuhan Ciptagelar Perenahna di Kabupatén Sukabumi. Persisna mah di kampung Sukamulya, Désa Sirnaresmi, Kacamatan Cisolok. Di ditu, di sisi laut Palabuan Ratu. Ti saprak kantor Pemda Kabupatén Sukabumi pindah ka Palabuan Ratu, rada leuheung ka kota téh teu jauh teuing jiga baheula basa Pemda Kabupaténna di Cisaat kénéh. Najan teu jauh ka kota sarta geus réa kagiridig ku jalma nu ngadon ulin, masarakat Kampung Gedé Kasepuhan Ciptagelar mah, pageuh kénéh nyekel tali paranti adat warisan parakaruhun. Boh wangunan imah boh hirup kumbuh sapopoéna, masih mageuhan kabiasaan urang Sunda pituin, anu can kacampuran ku pangaruh modéren.
Di pakampungan Ciptagelar mah wangunan imahna ogé potongan imah panggung tina bilik kénéh. Nu disebut imah panggung téh imah anu aya kolongan. Jangkung kolongna kira-kira 60 cm. Lamun rék unggah ka imah téh kudu nécé heula golodog, anu ditunda handapeun panto hareup. Biasana tina batu tatapakan, anu wangun pasagi opat jeung badag. Kétah, wangunan mah ogé handapna maké batu tatapakan, anu sarua jangkungna. Anggang ti batu ka batu téh paling tilu méteran.
Wangun suhunan lolobana segi panjang jeung juré. Sok ditambahan émpér di bagian hareup jeung bagian tukang. Hateupna tina daun tepus, eurih, atawa injuk. Moal matak bocor najan hujan gedé ogé, da ditumpukna rékép pisan. Sedeng minangka lanténa, tina palupuh. Babagian imah diwangun ku tengah imah paranti ngumpulna sakabéh anggota keluarga, pangkéng atawa kamar paranti saré, padaringan atawa goah paragi neundeun béas, jeung dapur paranti masak. Lian ti imah pangeusi lembur, di dinya ogé urang bisa manggihan bumi ageung, leuit, jeung saung lisung. Kumaha waé di pakampungan Sunda baheula.
Anu disebut bumi ageung téh paranti ngariungna masarakat lamun aya pasualan anu kudu dibadamikeun. Biasana dijejeran ku sesepuh lembur, anu disebutna Sesepuh Girang . Tah, ngeunaan leuit, lamun dina basa Indonésia mah disebutna “lumbung” téa, paragi neundeun paré. Wangunna jiga imah, ngan leuwih leutik. Sisina ditutupan ku bilik, hateupna ku injuk. Leuit téh perenahna di sisi pakampungan. Unggal imah, pasti ngabogaan leuit. Jadi moal pacorok pangaboga. Di deukeut wangunan leuit, diwangun saung lisung nyaéta saung paranti nutu sakumna pangeusi lembur. Saung lisung mah ngan hiji, dipaké ku salelembur. Ku kituna, mangpaat saung lisung téh lian ti paranti nutu, ogé tempat campur gaulna (sosialisasi) urang lembur.
Boh wangunan imah boh hirup kumbuh sapopoéna, masih mageuhan kabiasaan urang Sunda pituin, anu can kacampuran ku pangaruh modéren. Kecap “pituin” ngandung harti…..
Deungeun
Batur
Sélér
Asli
"Geus peuting ieu teh, gancang geura sare atuh….supaya isuk teu kabeurangan!"
Kalimah diluhur kaasup kana kalimah parentah….
menta / nitah
maksa
nyaram
ngajak
Kalimah dihandap nu kaasup kana gaya basa kadolon (pleonasme) nyaeta…..
Kuring mules beuteung, loba teuing ngadahar rujak
Abdi bade meser mobil butut
Wah hebat, manehna mah geus kabeuli Panther
Daun kalapa ngagupayan
Susunan pok-pok acara anu bener dina kagiatan rapat nyaeta….
bubuka, biantara, nampung saran, kacindekan, panutup
bubuka, nampung saran, biantara, panutup, kacindekan
biantara, bubuka, panutup, kacindekan, nampung saran
bubuka, biantara, kacindekan, nampung saran, panutup
"Sabada ngadugikeun salam kawileujeungan, sim kuring ngahaturkeun nuhun ka saderek sadaya, teu hilap ka Bapa sareng Ibu guru anu parantos kersa ngaluuhan ieu rapat."
Pedaran kalimah di luhur teh mangrupa….
panutup
bubuka
kacindekan
biantara pangdeudeul
Nu kaasup sarat-sarat jadi pamandu acara nyaeta…..
sora kudu tarik pisan
kalimah nu diucapkeun bebas
ngagunakeun basa nu bener
ngutamakeun penampilan pakean
kalimah anu mangrupa conto panutup dina acara rapat, nyaeta…
Hapunten anu kasuhun,bilih panampian ti sim kuring kirang nyugemakeun. Dupina acara anu bade dipidangkeun
Salajengna, mangga ieu acara rapat urang buka ku maca basmallah sasarengan
Hadirin anu dipika hormat,acara anu kadua nyaeta pamapag ti ketua OSIS
Salajengna mangga urang tutup ieu acara ku maoskeun hamdallah sasarengan
"Abdi mah bade….ayeuna,tos teu kiat lapar."
Basa hormat nu merenah pikeun ngalengkepan kalimah diluhur nyaeta….
dahar
neda
makan
tuang
"Ibu Guru nembe … panataran ti Bandung."
Basa hormat nu merenah pikeun ngalengkepan kalimah diluhur nyaeta……..
mulang
mulih
balik
wangsul
"Angin teh mani gede kieu. Cing panto teh …."
Kecap anu anu merenah pikeun ngalengkepan kalimah diluhur nyaeta…..
panganteurkeun!
pangjualkeun !
pangalungkeun !
pangnutupkeun !
"Bahan baju teh ngan cukup keur saurangeun."
Kecap asal tina kecap saurangeun dina kalimah diluhur nyaeta….
urang
saurang
urangeun
saurangeun
"Rusdi mah keur pinter teh bageur kababaturanna, matak …batur."
Kecap anu merenah keur ngalengkepan kalimah diluhur nyaeta……
pikasediheun
pikareseupeun
pikaseurieun
pikangewaeun
Peupeujeuh ke kelas dua
Kitu deui kelas hiji
Sing leuwih getol diajar
Enggoning ngulik pangarti
Ulah kasasar nya diri
Masing jenuh nyiar elmu
Harta moal salilana
Euweuh ajen taya harti
Mungguh elmu mangpaat dunya akherat
Eusi guguritan diluhur nyaeta......
nasehat keur adi kelas
atikan ngeunaan shalat
nasehat kudu getol kana ibadah
mikanyaah kasasama
Ninggang mangsa nu utama
Ninitih winci nu mustari
Urang kabeh rek paturay
Geus jadi takdir ti Gusti
Papasten nu Maha Suci
Mungguh mantenna nu ngatur
Kahirupan ieu alam
Nu endah teu aya tanding
Mantenna teh anu Maha Murbeng Alam
Guru lagu jeung guru wilangan anu bener tina padalisan ka 9 nyaeta .....
12-a
8-i
7-i
8-u
Rarangken gabungan pikeun nu ngandung harti "bahan" atawa "bakal" aya dina…..
pikakeuheuleun
pikameulangeun
pidoktereun
pikaseurieun
Upama nilik kana wangunna, guguritan teh kaasup kana….
puisi
prosa
esey
drama
"Lamun urang jadi jalma perceka"
Harti kecap anu digaris handap nyaeta…..
daek dina sagala hal
teu mampu ngalakukeun nanaon
bodo dina pangaweruh
pinter/ahli sagala dina pagawean
Hiji carita disebut carita pondok ditilik tina…..
panjang caritana bisa dibaca kurang ti sajam, bagianna saeutik
palakuna loba jeung konflikna rumit
panjang caritana teu bisa dibaca kurang ti sajam, bagianna loba
bagianan loba, patempatan ilahar ngan salokasi
Naon nu dimaksud MC/Pemandu acara?
jalma anu miboga tugas ngatur susunan hiji acara sarta mingpin hiji acara
jalma nu tugasna ngeusian acara nu diatur ku batur
jalma nu tugasna neupikeun biantara
jalma nu tugasna macakeun doa
Kecap kantetan anu patali unsur-unsurna geus awor pisan neupi ka bener-bener mangrupa hiji kecap nu boga harti mandiri nu beda harti ti unsur-unsurna, disebut kantetan ...
rakitan tunggal
rakitan jamak
rakitan anggang
rakitan dalit
Contoh istilah organisasi nu patali jeung ngaran palaku dina hiji organisasi nyaeta ...
Angkatan muda siliwangi
Partai Nasdem
Sekretaris
Hanura
Istilah organisasi nu patali jeung ngaran hiji organisasi nyaeta ….
pupuhu
panataharta
sekretaris
partai berkarya
Tengetan rupa-rupa kasenian ieu dihandap !
1) Calung
2) Ondel-ondel
3) Kendang penca
4) Karapan sapi
Nu asalna ti daerah sunda nyaeta.....
1 jeung 2
1 jeung 3
2 jeung 4
3 jeung 4
Rarangken barung ka-an nu ngawangun kecap sipat, hartina teu dihaja nyaeta ...
kaulinan
kadaharan
kabeneran
kacumponan
Riyanti pelisir karya wisata teh mangrupa hiji tarekah, pikeun ngawanohkeun siswa kana kondisi alam lingkungan nu sabenerna, nu aya patalina jeung pangajaran nu kungsi ditarimana disakola. Ieu hal mangrupa…..
bubuka laporan
panutup laporan
tujuan laporan
tujuan karya wisata
Wacana nu eusina ngagambarkeun salasahiji objek neupi ka anu maca saolah olah ningali sorangan kana objek nu digambarkeun, mangrupa wancana…..
argumentasi
deskripsi
eksposisi
narasi
