wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

PAT Bahasa Sunda Kelas 7

Total questions: 50

Worksheet time: 2hrs 10mins

Name
Class
Date
1.

Baca sempalan dongéng ieu di handap!


Anéhna, teu lila titas nginum cai dina batok anu taya lian cai kahampangan raja, Wayungyang langsung kakandungan. Malah teu lila ti harita Wayungyang téh ngalahirkeun. Anakna awéwé. Ku saliwatan katénjo, pigeuliseun éta budak téh. Bubuhan anak raja. Éta orok téh tuluy dirorok ku Wayungyang tur dibéré ngaran Dayang Sumbi.


Saha nu ngarorok Dayang Sumbi téh?

a)

Jin

b)

Siluman

c)

Wayungyang

d)

Si Tumang

2.

Saha sobat sakadang kuya téh?

a)

Monyet

b)

Maung

c)

Peucang

d)

Ajag

3.

Naon anu dipelak ku sakadang Monyét?

a)

Jantung cau

b)

Tangkal cau anakna

c)

Cauna

d)

Siki cau

4.

Di mana kuya jeung monyét melak cauna?

a)

sawah

b)

walungan

c)

wahangan

d)

kebon

5.

Cau saha anu pangheulana buahan téh?

a)

monyet

b)

kuya

c)

Dua-duana

d)

Teu aya nu buahan

6.

Lalakon sakadang Kuya jeung sakadang Monyét dina dongéng di luhur kaasup kana unsur intrinsik, nyaéta….

a)

jejer

b)

latar

c)

palaku

d)

galur

7.

Runtuyan kajadian dina carita anu ngawangun hiji lalakon nepi ka ngaleunjeur disebut unsur…..

a)

jejer

b)

latar

c)

palaku

d)

galur

8.

Idé, gagasan, atawa poko pikiran anu ngajiwaan carita disebut ….

a)

jejer

b)

latar

c)

palaku

d)

galur

9.

Carita rékaan anu dikarang dina wangun basa lancaran kalawan sumebarna sacara lisan téh disebutna…

a)

carpon

b)

novel

c)

sajak

d)

dongeng

10.

Salah sahiji ciri karangan dongéng téh nyaéta ….

a)

Palakuna jin jeung siluman

b)

Témana ngeunaan kahirupan raja

c)

Loba ditulis dina buku atawa majalah

d)

Dina eusi caritana loba nu pamohalan

11.

Dongéng anu eusina nyaritakeun sasatoan kalawan paripolahna saperti manusa disebut….

a)

sage

b)

fabel

c)

parabel

d)

legenda

12.

Dumasar kana eusina, dongéng anu disebut legénda téh nyaéta….

a)

Dongéng anu eusina nyaritakeun paripolah jalma biasa, anu sakapeung mah sok mahiwal, pikaseurieun, tapi lenyepaneun

b)

Dongéng anu eusina nyaritakeun kajadian atawa asal-muasal hiji hal, tempat, barang, sasatoan, atawa tutuwuhan

c)

Dongéng anu raket patalina jeung kapercayaan masyarakat kana bangsa lelembut atawa perkara-perkara anu goib.

d)

Dongéng anu eusina nyaritakeun hiji kajadian atawa hiji jalma, anu aya patalina jeung sajarah.

13.
Dumasar eusina, “Nyi Roro Kidul” kaasupna kana wanda dongéng …..
a)
Sage
b)
Parabel
c)
Legenda
d)
Mite
14.

Naon jejer wawaran di luhur téh?

a)

Sarat-sarat nepangan petugas tata usaha

b)

Sarat-sarat nyérénkeun potokopian

c)

Sarat-sarat ngajengkeun béasiswa

d)

Sarat-sarat nelepon Pa Agus

15.

Kecap ngajengkeun dina Wawaran di luhur mibanda harti anu sarua jeng kecap….

a)

Ngajukeun

b)

Ngayakeun

c)

Ngaluyukeun

d)

Ngahaturkeun

16.

Salasahiji fungsi wawaran téh pikeun….

a)

Nepikeun niat hade kalawan sopan

b)

Mangaruhan babaturan deukeut

c)

Nepikeun informasi ka balaréa

d)

Nepikeun kahayang ka batur

17.
Naék turuna lagu atawa wirahma nyarita waktu nepikeun wawaran disebut….
a)
Lafal
b)
Lentong
c)
Volume
d)
Réngkak
18.
Di antara media éléktronik nu bisa dipaké pikeun nepikeun wawaran….
a)
Koran
b)
Bulletin
c)
Majalah
d)
Internet
19.

Di antara tatakrama nepikeun wawaran secara lisan téh….

a)

Sikep awak kudu sangeunahna

b)

Sora kudu ngoncrang tur écés

c)

Maké baju weuteuh tur mahal

d)

Kudu bari diuk dina korsi

20.

Ngalarapkeun kecap anteuran anu merenah aya dina kalimah ...

a)

Berebet diuk dina korsi

b)

Am dahar cacamuilan

c)

Jung solat lohor di masjid

d)

Gék nginum mani ngalekik

21.

Basa jam wéker disada … manéhna hudang bari rucam-riceum. Geus kitu, ... nangtung bari ngusap beungeut.


Kecap anteuran keur ngalengkepan kalimah di luhur …

a)

Cong; am

b)

Berebet; derekdek

c)

Gurinjal; jurungkunung

d)

Nérékél; jurungkunung

22.

Sadérék rieut mastaka? Landongan ku Panadol, pasti damang!

Wacana di luhur disebut…..

a)

Wawaran

b)

Warta

c)

Beja

d)

Iklan

23.

Tina kalimah-kalimah ieu di handap, mana nu ka asup kana wawaran?

a)

Saha eta teh?

b)

Sarjana lulusan mana éta budak téh?

c)

Ah piraku teu bisa nu kitu-kitu acan!

d)

Néng Marni parantos lulus janten sarjana.

24.

Saha nabi anu mulya tur asalna ti bangsa Arab Qurés téh?

a)

Nabi Muhammad SAW

b)

Nabi Adam AS

c)

Nabi Isa AS

d)

Nabi Sulaéman AS

25.

Kecap dibabarkeunna dina pada kadua rumpaka pupujian diluhur mibanda harti….

a)

Dilahirkeun

b)

Ditulis

c)

Dijenengkeun

d)

Dilantik

26.

Jalma nu kumaha nu bakal ngarasakeun nyerina sakarat téh?

a)

Tara ulin

b)

Teu bisa pupujian

c)

Teu bisa ngaji

d)

Tara Shalat

27.

Pupujian salah sahiji karya sastra sunda dina wangun ….

a)

ugeran

b)

Lancran

c)

Drama

d)

Prosa

28.

Ngagalindengkeun pupujian téh disebutna….

a)

Nadoman

b)

Déklamasi

c)

Manggung

d)

Monolog

29.

Rumpaka pupujian di luhur téh jumlahna aya ... padalisan

a)

3

b)

4

c)

5

d)

6

30.

Anu disebut purwakanti dina rumpaka pupujian téh nyaéta….

a)

Gagasan poko anu rék ditepikeun ku nu ngarang rumpaka pupujian ka nu maca

b)

Pesen pangarang anu karasa ku nu maca

c)

padeukeut atawa saruana sora kecap dina ungkara kalimah

d)

sikap pangarang ka nu maca

31.

Aksara sunda anu bener keur nuliskeun kecap “sebrot” nyaéta….

a)

sebRot;

b)

jebRod;

c)

kebRot;

d)

ribet;

32.

Rarangken atawa pananda vokalisasi anu gunana pikeun nambahan sora /r/ disebut …

a)

Panglayar

b)

Panyecek

c)

Paneleng

d)

Paneuleung

33.

Tanda vokalisasi nu ditulis di luhureun lambang aksara daras nyaéta....

a)

Panéléng

b)

Pamepet

c)

Pangwisad

d)

Panolong

34.

Eusi sajak diluhur nyaeta ngagambarkeun….

a)

Kaéndahan alam Kota Bandung nu katelah Kota Kembang.

b)

Kaendahan alam Jawa Barat anu ramah tur merenhah

c)

kageulisan wanoja urang sunda nu katilah mojang priyangan

d)

kaendahan alam tatar sunda nu katelah priyangan

35.

Sajak anu judulna “Priangan” diwangun ku … jeung ….

a)

2 pada 5 padalisan

b)

2 pada 6 padalisan

c)

2 pada 7 padalisan

d)

2 pada 8 padalisan

36.
Biasana sajak mah ditulis dina wangun ungkara atawa basa no boga harti…..
a)
Dénotatif
b)
Konotatif
c)
Aktif
d)
Pasif
37.

Tina kalimah-kalimah ieu di handap, mana nu ngabogaan harti konotatif?

a)

Kembang malati seungitna nyambung ka mana-mana.

b)

Jalma beunghar mah kudu loba sodakoh

c)

Geus pada apal Linda the kembang Desa dilemburna

d)

Lamun beunghar ku raja kaya ulah koret

38.

Pangarang sunda anu naratas gelarna sajak dina taun 1946-an téh, nyaéta….

a)

Kis. W.S.

b)

Ajip Rosidi

c)

Dodi Suwarna

d)

Wahyu Wibisana

39.

Salasahiji karya sastra ieu di handap anu kaasup kana wanda puisi, nyaéta….

a)

Carpon

b)

Sajak

c)

Esey

d)

Novel

40.

Dongeng kahirupan jalma biasa nu paripolah jeung kalakuan teu umum jeung batur (mahiwal) nyaeta …..

a)

sage (babad)

b)

parabel

c)

legenda

d)

mite

41.
Conto kalimah transitif nu bener nyaeta….
a)
Ahmad indit ka Jakarta poe Minggu
b)
Badrun ngala mangga di kebon
c)
Caca mulang ti sakola
d)
Indit sorangan
42.

Iwal ku kasadaran jeung nu sabar

Ninggang ka jalma nu sabar

Nikmatna karasa pisan

Deukeutna waktu keur buka

Jauhna manggih lebaran


Ungkara diluhur mangrupa wangun.....

a)

carpon

b)

dongeng

c)

novel

d)

sajak

43.

Iwal ku kasadaran jeung nu sabar

Ninggang ka jalma nu sabar

Nikmatna karasa pisan

Deukeutna waktu keur buka

Jauhna manggih lebaran


Judul nu merenah pikeun ungkara diluhur....

a)

kasadaran

b)

lebaran

c)

puasa

d)

buka

44.

Iwal ku kasadaran jeung nu sabar

Ninggang ka jalma nu sabar

Nikmatna karasa pisan

Deukeutna waktu keur buka

Jauhna manggih lebaran


Eusi ungkara diluhur teh nerangkeun....

a)

nimatna ibadah saum keur jalma nu sadar jeung tawakal

b)

nimat buka keur jalma nu ngalaksanakeun ibadah saum

c)

nimat saur keur jalma nu ngalaksanakeun ibadah saum

d)

cocoba nu karasana mangrupa hiji siksaan nu kacida beuratna

45.

Iwal ku kasadaran jeung nu sabar

Ninggang ka jalma nu sabar

Nikmatna karasa pisan

Deukeutna waktu keur buka

Jauhna manggih lebaran


Ti ungkara di luhur, nimat nukarasa ku jalma-jalma dina waktu ngalaksanakeun ibadah saum nyaeta nimat ...

a)

waktu keur buka

b)

waktu keur lebaran

c)

waktu keur saur

d)

waktu buka jeung lebaran

46.
Kecap nu ngandung harti saujratna atawa harti kamus sok di sebut….
a)
denotatif
b)
konotatif
c)
rekreatif
d)
tentatif
47.

Eling-eling dulur kabeh

Ibadah ulah campoleh

Beurang peuting ulah weleh

Bisina kaburu paeh


Naon eusi eta pupujian ?

a)

Nitah ibadah sing bener

b)

Kudu eling ka Pangeran

c)

Shalawat ka kanjeng Nabi

d)

Du`a ka Gusti Allah sangkan jauh tina seuneu naraka

48.

Isra mi`raj, misa, nyepi, nyaeta mangrupa istilah kaagamaan nu aya hubunganna jeung….

a)

tempat ibadah

b)

ngaran agama

c)

kagiatan kaagamaan

d)

ngaran palaku kaagamaan

49.

Kecap umum tina manggul, ngajinjing, ngelek nyaeta ….

a)

ngala

b)

mawa

c)

ngali

d)

migawe

50.

Tina kalimah-kalimah ieu di handap, mana nu ngabogaan harti konotatif?

a)

Kembang malati seungitna nyambung ka mana-mana.

b)

Jalma beunghar mah kudu loba sodakoh.

c)

Geus pada apal Linda téh kembang Désa di lemburna.

d)

Lamun beunghar ku raja kaya ulah korét.