wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

Laporan Kajadian

Total questions: 10

Worksheet time: 13mins

Name
Class
Date
1.

Laporan kagiatan anu dimuat dina koran atawa diwartakeun dina televisi saenyana hasil pagawéan…

a)

Siswa sakola

b)

Nu maca warta

c)

Wartawan

d)

Kalawarta

2.

Dina nuliskeun laporan kajadian, boh anu dilakonan ku wartawan atawa jalma biasa, aya pola anu disebut “piramida terbalik”, anu hartina…

a)

Tuliskeun heula kajadian penting saméméh anu kurang penting

b)

Tuliskeun sing jelas saha baé anu kalibet dina éta kajadian

c)

Tuliskeun katerangan-katerangan anu puguh fakta jeung datana

d)

Tuliskeun heula anu ramé batan anu teu ramé

3.

Nuliskeun hiji kajadian mah teu bisa diwangwang siga karangan fiksi, tapi kudu jelas dumasar kana kanyataan nu lumangsung atawa kapanggih, ari sababna tulisan laporan kajadian mah sifatna kudu…

a)

Komunal

b)

Prosédural

c)

Konstéktual

d)

Faktual

4.

Tengetan léngkah-léngkah ieu dihandap:

1) Nyatetkeun hal-hal anu penting

2) Nangtukeun judul laporan

3) Nyusun rangka karangan

4) Nuliskeun laporan sacara kronologis

Susunan léngkah nulis laporan kajadian anu merenah nyaéta…

a)

1,2,3,4

b)

1,3,2,4

c)

1,4,3,2

d)

1,3,4,2

5.

Tengetan kalimah-kalimah ieu dihandap!

1) Ujug-ujug kadéngé nu jejeritan, “kahuruan! Kahuruan!” cenah.

2) Aya nu mawa émbér dieusi cai, aya nu mawa gayung, aya ogé nu ngaluarkeun barang-barang ti jero imah.

3) Geus rék tengah peuting harita téh, kaayaan gé geus sepi.

4) Teu lila jul-jol jalma-jalma kaluar ti imahna séwang-séwangan.


Sangkan runtuyan kajadianna merenah (kronologis), susunan anu bener tina kalimah-kalimah di luhur nyaéta…

a)

4,3,2,1

b)

3,1,4,2

c)

2,3,1,4

d)

1,2,3,4

6.

Di antara wacana ieu di handap anu nuduhkeun laporan kajadian téh nyaéta…

a)

Bahasan téh nyaéta tulisan dina wangun lancaran anu ngabahas hiji perkara. Eusina bisa naon waé. Bisa perkara pertanian, ékonomi, atawa masalah social. Biasana dumasar kana fakta-fakta, boh tina panalungtikan boh tina pangalaman sorangan.

b)

Dina ieu kasempetan simkuring ngawakilan kelas VIII seja ngahaturkeun pangwilujeng ka raka-raka kelas IX anu taun ieu lulus sakola. Mugi-mugi baé tiasa neraskeun sakola ka jenjang nu leuwih luhur

c)

Teu téga saenyana kuring téh lamun manéhna kudu balik sorangan. Tapi manéhna keukeuh embung dijajap, da bisa sorangan ieuh cenah. Manéhna tuluy leumpang rumanggieung, saléngkah-saléngkah ninggalkeun gerbang sakola.

d)

Pasanggiri degung marebutkeun piala R.A.A. Wiranata Kusumah digelar di Balai Pengelolaan Taman Budaya Jawa Barat. Éta kagiatan dibuka ku Gubernur Jawa Barat sarta diiluan ku pamilon ti 19 kabupatén/kota. Ari pamilonna aya 27 grup ti SMA jeung SMK sa-Jawa Barat.

7.

Laporan anu ditulis dumasar kana prosés niténan hiji objék disebut…

a)

Laporan kagiatan

b)

Laporan kajadian

c)

Laporan lalampahan

d)

Laporan pengamatan

8.

Hal-hal anu kudu diperhatikeun dina nganalisis laporan nu dibaca nyaéta…

a)

Nggaregepkeun laporan gurat badagna wungkul

b)

Ngacék unggal hal anu dilaporkeun sacara gemet tur taliti

c)

Maurkeun antara fakta jeung opini

d)

Ngacék sabagian hal anu dilaporkeun

9.

Hal anu dianalisis dina laporan bisa ngawengku…

a)

Proses kajadian

b)

Sabab musababna kajadian

c)

Kronologi waktu kajadian

d)

Tempat/lokasi kajadian

10.

Hal-hal anu perlu ditétélakeun dina nyaritakeun laporan kajadian, di antarana:

a)

Waktu kajadian

b)

Tempat kajadian

c)

Runtuyan kajadian

d)

Bener kabeh