NEW
Font size
WorksheetsLatihan UAS Genap 2020 Bahasa Sunda
Total questions: 20
Worksheet time: 10mins
Di handap ieu anu teu kaasup kana sikep nu penting kudu dipiboga ku panumbu catur (nu nanya) ka narasumber nalika wawancara nya éta…
loba nyarita
nétral
nyingkahan karengkeng
adil
soméah/ramah
Saupama narasumberna leuwih ti saurang, anu ngawawancara ogé kudu bisa adil ka sakabéh narasumber. Ulah pilih kasih tur teu meunang beurat sabeulah.
Kaayaan kawas kitu téh nuduhkeun yén, anu ngawawancara téh miboga sikep…
Nétral
Adil
Sopan
Bageur
Cageur
Perhatikeun urutan struktur wawancara di
handap ieu!
1. Lajuning laku
2. Bubuka Wawancara
3. Panutup Wawancara
4. Ucapan salam
5. Inti Wawancara
6. Wawanohan
7. Ucapan hatur nuhun
Dumasar struktur di luhur, Anu kaasup kana struktur wawancara anu bener nyaéta…
2-5-1-3
2-1-5-3
4-2-5-3
2-5-3-1
6-7-2-5
Nalika ngawawancara teh, pawawancara geus nyiapkeun heula daftar patalékan anu lengkep katut wincikanana anu jéntré.
Lamun ditilik kana jinisna, wawancara di luhur kaasup kana jinis wawancara ….
Wawancara kauger
Wawancara bebas kauger
Wawancara bebas
Wawancara bebas terpimpin
Wawancara bebas kauger jeung wawancara bebas terpimpin
Dongéng anu eusina kaantelan ku hal-hal ghaib atawa mistis disebutna….
fable
farabél
mitos
carita babad
sage
Dina salah sahiji dongéng, aya dongéng anu juduluna “Si Kabayan ngala Roay”
Ditilik tina eusina, eta dongeng kaasup kana jenis dongéng….
fabél
carita babad
sagé
mitos
farabél
Salah sahiji judul kawih sunda nya éta Mawar Bodas.
Ungkara “mawar bodas” sarua hartina jeung .....
mawar anu bodas
kembang désa
kembang mawar nu éndah
mawar nu seungit
mawar nu sumeleber
Di handap ieu judul lagu anu teu kaasup kana kawih sunda nya éta...
bubuy bulan
tibelat
juru demung
sesah hilapna
karédok leunca
Kawih sunda anu eusina ngandung ajaran agama, rasa cinta ka Alloh, sumerah pasrah ka pangeran kaasup kana jinis/papasingan kawih sunda anu mangrupa….
Kabeungharan budaya
Perjoangan/Cinta ka lemah cai
Cinta/silih asih
Kaéndahan alam
Religi/kaagamaan
Perhatikeun sababaraha judul kawih di
handap ieu!
1) Es Lilin
2) colenak
3) Bandung
4) Mawar Bodas
5) peuyeum bandung,
6) Budak saha
7) kabogoh jauh
8) Borondong garing
9) Duriat
10) Dina Amparan sajadah
11) surabi haneut,
12) asih abadi
13) anjeun
Judul kawih dil luhur anu eusina nyaritakeun mangrupa Cinta/silih asih nya éta…
4-7-3-12-13
4-7-9-12-13
4-7-6-12-13
4-7-10-12-13
4-7-9-3-12
Perhatikeun rumpaka kawih di handap ieu!
DINA AMPARAN SAJADAH
Dina amparan sajadah
Abdi sumujud pasrah
Diri nu lamokot ku dosa
Nyanggakeun sadaya-daya
Dina amparan sajadah
Abdi sumujud pasrah
Mundut pangampura Gusti
Ya Allah Robbul Izzati
Ungkara anu nétélakeun yén keur sholat nya éta…
Abdi sumujud pasrah
Diri nu lamokot ku dosa
Nyanggakeun sadaya-daya
Mundut pangampura Gusti
Dina amparan sajdah
Tatkala rék migawé biantara, aya sababaraha metode anu bisa dipaké. Métode anu te maké persiapan disebut metode…
Metode Ngapalkeun
Metode Naskah
Metode impromtu
Metode Esktemporan
Metode Maca
Perhatikeun kalimah di handap ieu!
“Kita baru saja melaksanakan pemilihan umum presiden dan wakil presiden”
Dumasar kalimat di luhur, Tarjamahan anu merenah nyaéta….
Urang nembe pisan ngalaksanakeun pilihan umum presiden sareng wakil presiden
Urang nembe pisan ngalaksanakeun pamilihan umum presiden sareng wakil presiden
Urang nembe pisan ngalaksanakeun pilihan umum presiden jeung wakil presiden
Urang bieu pisan ngalaksanakeun pamilihan umum presiden sareng wakil presiden
Urang bieu pisan ngalaksanakeun pilihan umum presiden sareng wakil presiden
Saha ngaran Putri anu rék dipigarwa ku Prabu Siliwangi dina salah sahaiji Babad Sunda anu judul na “Cariosan Prabu Siliwangi” téh?
Nyi Putri Subang Larang
Putri Subang Anom
Nyi Putri Supang Larang
Nyi Putri Subang Kuro
Nyi Putri Tambirasa
Dina salah sahaiji Babad Sunda anu judul na “Cariosan Prabu Siliwangi” aya kecap nedunan.
Harti kecap nedunan anu aya dina eta babad sunda, nya éta….
nyumponan
nutupan
nyukupan
minuhan
ampihan
Jumlah huruf dasar anu aya dina aksara sunda sajumlah….
7 aksara swara, 25 aksara ngalagena
5 aksara swara, 21 aksara ngalagena
7 aksara swara, 21 aksara ngalagena
5 aksara swara, 25 aksara ngalagena
5 aksara swara, 26 aksara ngalagena
Dina proses narjamahken, di handap ieu kecap anu teu bisa ditarjamahken kana bahasa séjén nya éta kecap…
Cai panas
Cingcirining
Cikaracak
Cai ngagolak
Citiis
Dina undak usuk basa sunda, kecap calik téh digunakeun pikeun diri sorangan, sedengkeun pikeun batur anu saluhureun nya éta …
linggih
diuk
calik
Ngadeg
cicing
Hasil karya ngarobah basa, tina hiji basa kana basa séjén mangrupa wangenan tina….
tarjamahan
ngartikeun
narjamahkeun
ngarang
nyieun carita
Perhatikeun 7 unsur biantara di handap ieu!
1) Pangabagéa Randegan
2) Salam bubuka
3) Bubuka Biantara
4) Panutup Biantara
5) Pangabagéa
6) Eusi Biantara
7) Salam Panutup
Urutan anu merenah tatkala rék migawé biantara nya éta…
3-2-5-1-6-4-7
2-5-3-1-6-4-7
2-3-5-1-6-4-7
3-5-2-1-6-4-7
2-5-3-1-6-7-4
