Font size
S
M
L
XL
WorksheetsAssessmen - Carita Pondok
Total questions: 20
Worksheet time: 10mins
Name
Class
Date
1.
Naon anu dimaksud carpon teh?
a)
Karangan rekaan (fiksi) dina wangun ugeran anu wangunna pondok
b)
Karangan rekaan (fiksi) dina wangun lancaran anu wangunna pondok
c)
Karangan rekaan (fiksi) dina wangun lancaran anu wangunna panjang
d)
Karangan rekaan (fiksi) dina wangun ugeran anu wangunna panjang
e)
Karangan rekaan (fiksi) dina wangun ugeran anu wangunna sedeng
2.
Bedana carpon jeung dongeng nyaeta...
a)
dongeng mah loba bagian nu pamohalan (teu asup akal), sedengkeun carpon umumna carita kahirupan sapopoe nu kaharti ku akal
b)
carpon mah teu kanyahoan saha nu ngarangna, sedengkeun dongeng mah kanyahoan nu ngarangna
c)
carpon mah kaasup sastra heubeul, sedengkeun dongeng mah kaasup sastra modern
d)
dongeng mah carita na panjang, sedengkeun carpon mah caritana pondok
e)
dongeng jeung carpon sarua kaasup sastra heubel
3.
Unsur-unsur intrinsik anu ngawangun carpon diantarana nyaéta, iwal.....
a)
Palaku
b)
Téma
c)
Situasi Sosial
d)
Amanat
e)
Carita
4.
Téma nyaéta...
a)
Gagasan anu ditepikeun ku pangarang
b)
Tokoh anu dilalakonkeun dina carita
c)
Waktu jeung tempat lumangsungna kajadian dina carita
d)
Jalanna carita atawa runtuyan kajadian dina carita
e)
Tempat lumangsungna carita
5.
Galur atawa plot nyaéta...
a)
Gagasan anu ditepikeun ku pangarang
b)
Tokoh anu dilalakonkeun dina carita
c)
Waktu jeung tempat lumangsungna kajadian dina carita
d)
Jalanna carita atawa runtuyan kajadian dina carita
e)
Tempat lumangsungna carita
6.
"Barang jrut turun tina mobil téh kuring culang-cileung ningalian kaayaan sakurilingna. Wangunan sakola anu tohaga jeung pirang-pirang wangunan séjénna patingjungkiring. Alun-alun anu lega, mobil anu harérang patingjalugrug. Geus puguh motor mah patingjalajar teu kaitung réana. Panon eunteup deui na wangunan sakola tohaga. Resep sakaligus peurih nyaksian sakola anu dipinuhan ku barudak pantar kuring bangun anu palinter." Latar tempat dina éta sempalan carpon nyaéta...
a)
Lapang
b)
Gudang
c)
Sakola
d)
Alun-Alun
e)
Jalan
7.
Pesen Pangarang anu hayang ditepikeun ka nu maca, disebut….
a)
Palaku
b)
Galur
c)
Amanat
d)
Téma
e)
Latar
8.
Dina sajarahna carpon téh pangaruh sastra deungeun, nu kungsi nyicingan Nusantara. Nagara nu mawa carpon ka Indonesia téh nya éta ....
a)
Jepang
b)
Jerman
c)
Walanda
d)
Portugal
e)
Inggris
9.
"Walungan keur sedeng caah. Kadéngé sora anu ngaguruh. Sanajan teu katémbong, keur meumeujeuhna poék peuting, moal henteu caina motah umpalan. Deukeut tangkal loa, aya nu ngelemeng nangtuung. Barang éta anu ngelemeng téh ngajuringkang rék crub meuntas, kadéngé aya anu ngomong." Unsur intrinsik nu dominan dina sempalan téks di luhur nyaéta...
a)
Palaku
b)
Latar
c)
Watek
d)
Amanat
e)
Puseur Sawangan
10.
Pilih jenis-jenis galur anu aya dina carpon...
a)
Galur maju
b)
Galur mundur
c)
Galur campuran
d)
Galur intrinsik
e)
Galur ekstrinsik
11.
Anu teu kaasup kanu unsur-unsur intrinsik dina carpon, nya éta...
a)
Téma
b)
Rasa
c)
Palaku
d)
Latar
e)
Galur
12.
Runtuyan Kajadian dina carpon, disebutna…
a)
Téma
b)
Latar/Setting
c)
Palaku
d)
Amanat
e)
Galur
13.
Unsur-unsur intrinsik carita pondok nyaéta … .
a)
palaku, galur, amanat
b)
téma, judul, galur
c)
situasi sosial, téma, amanat
d)
nilai budaya, agama, ékonomi
e)
tokoh, galur, latar kahirupan pangarang
14.
Salah sahiji ciri - ciri tina carita pondok
a)
ukuran carita panjang
b)
di wangun ku 5000 nepi ka 10.000 kecap
c)
inti carita leuwih ti hiji carita
d)
mangrupa wangun puisi
e)
galurna loba dina carita eta
15.
Unsur anu ngawangun carita pondok
a)
instrinsik
b)
ekstrinsik
c)
intrinsik jeung ekstrinsik
d)
tema
e)
galur
16.
Unsur tina carpon anu eusina mangrupa pamolah ti palaku nu aya rina carpon
a)
Suasana
b)
Latar
c)
Watek
d)
Galur
e)
Amanat
17.
Unsur tina carpon anu eusina mangrupa maju mundurna carita disebut
a)
Watek
b)
Suasana
c)
Amanat
d)
Galur
e)
Latar
18.
Buku kumpulan carpon dina sastra Sunda leuwih tiheula batan buku kumpulan carpon dina sastra Indonésia. Buku kumpulan carpon nu munggaran dina sastra Sunda, nyaéta...
a)
Carita Biasa karya R.A.F
b)
Papacangan karya Rusman Sutiasumarga
c)
Hujan Munggaran karya Ayatrohaédi
d)
Dogdog Pangréwong karya G.S.
e)
Ceurik Santri karya Usép Romlin HM.
19.
Ieu di handap anu henteu kaasup ciri-ciri carpon, nyaéta...
a)
Wangun karanganana pondok
b)
Sifat caritana naratif jeung fiktif
c)
Palaku caritana kaitung réa
d)
Eusina kaharti ku akal atawa réalistis
e)
Biasana nyaritakeun hiji kajadian
20.
Salah sahiji anu ngabedakeun carpon jeung dongeng nyaéta…
a)
carita dina carpon mah realistis sedangkeun carita dina dongeng mah sok pamohalan
b)
carpon mangrupa karya sastra, dongeng henteu mangrupa karya sastra
c)
carpon carita pondok, dongeng caritana panjang
d)
carpon sarua jeung novel, dongeng caritana pondok
e)
carpon mangrupa karya sastra, dongeng henteu mangrupa karya sastra
Reset
