NEW
Font size
WorksheetsPTS XI Prosa Fiksi Sunda
Total questions: 20
Worksheet time: 10mins
"Bapa manéh teu ninggalan nanaon ka urang. Wayahna manéh kudu daék kentél peujit," ceuk indungna bari ngaput baju saragam sakola nu Si Narsim, nu geus saroék. "Kentél peujit kumaha, Ma?" "Enya, kudu daék prihatin, mun hayang kénéh neruskeun sakola. Da urang mah darma sakieu kaayaanana."
Dumasar téks saacana, karakter Si Narsim dina carpon "Tukang Koran" téh, nyaéta ....
sabar
éraan
babarian
teu kaopan
barangasan
Ieu di handap anu henteu kaasup kana ciri-ciri carpon, nyaéta ....
palaku caritana kaitung réa
wangun karangana pondok
sifat caritana naratif jeung fiktif
biasana nyaritakeun hiji kajadian
eusina kaharti kua akal atawa réalistis
Buku kumpulan carpon dina sastra Sunda leuwih ti heula batan buku kumpulan carpon dina sastra Indonesia. Buku kumpulan carpon nu munggaran dina sastra Sunda, nyaéta ....
Carita Biasa Karya RAF
Dogdog Pangréwong karya G.Sastradiredja
Ceurik Santri karya Usép Romli H.M
Hujan Munggaran karya Ayatrohaédi
Papacangan karya Rusman Sutiasumarga
Tapi apa kalah nyeuseulan. Saurna, apa mah kuat kénéh. Barina ogé budak anu mana anu ogé henteu apal pisan kana urusan tanaman hias. Sabada kuring, Téh Sri, sareng Kang Jaka, ngobrol ka psikolog, ngarti ogé kana kahoyong Apa. "Malah saéna kitu. Upami lirén tina kagiatanana, karunya teuing, tiasa ngalaman kebingungan orientasi," saur Bu Rani, Psikolog sobatna Téh Sri.
Dumasar sempalan téks di luhur, anu lain palaku dina éta carita, nyaéta ....
Apa
Kuring
Téh Sri
Manéhna
Kang Jaka
Tapi apa kalah nyeuseulan. Saurna, apa mah kuat kénéh. Barina ogé budak anu mana anu ogé henteu apal pisan kana urusan tanaman hias. Sabada kuring, Téh Sri, sareng Kang Jaka, ngobrol ka psikolog, ngarti ogé kana kahoyong Apa. "Malah saéna kitu. Upami lirén tina kagiatanana, karunya teuing, tiasa ngalaman kebingungan orientasi," saur Bu Rani, Psikolog sobatna Téh Sri.
Dumasar kana téks di luhur, watek nu jadi tokoh Apa nyaéta ....
hésé dibéjaan
gedé adat
putus asa
males
sumanget ngalakonan kahirupan
Karangan rékaan dina wangun lancaran (prosa fiksi) anu panjang tur alur caritana ngarancabang (kompleks) disebut ....
dongéng
cartibag
hikayat
carpon
novel
Novél nu munggaran dina sastra Sunda, nyaéta ....
Gogoda Ka nu Ngarora karya M.A Salmun
Pangéran Kornél Karya R. Méméd Sastrahadiprawira
Baruang ka nu Ngarora karya D.K Ardiwinata
Pipisahan karya RAF
Lain Éta karya Moh. Ambri
Ieu di handap anu henteu kaasup kana ciri-ciri novél, nyaéta ....
tokohna loba
latarna laluasa
galurna panjang
karangan nonfiksi
caritana kahirupan sapopoé
"Tuh, ku déwék geus dipangnyieunkeun lelempagan téh, tilu. Ruyungna ogé mani geus hérang. Pék geura ajaran ku ilaing!" bari nuduhkeun lelempagan anu disarandékeun dina séség dapur. Budak téh katénjo mani jigrah. Hég dialak-ilik.
Dumasar téks di luhur, Si Demung ku bapa kukutna dipangnyieunkeun ....
langlayangan
lelempagan
panggal
katepél
sumpit
"Apan Abah ogé boga tumbak mah, anu diteundeun di goah." "Wuah, tumbak goréng patut. Geus medu-medu acan janggalana ogé." "Naon janggala téh, Bah?" "Heueuh, seuseukeut tumbak téh ngaranna janggala," témbal bapa kukutna. "Naha mani sarua pisan jeung ngaran lembur urang." Demung rada kerung.
Dumasar téks di luhur, seuseukeut tumbak téh disebutna ....
pamatang
gondéwa
janggala
simpay
pérah
"Apa téh ayeuna mah henteu keueung deui. Aya sobat anu marengan. Sobat lawas saenyana mah, tapi kakara ayeuna panggih deui," saur Apa dina hapé. Kuring saukur ngamuhunkeun bari henteu ngoméntaran nanaon. Asa aya nu nyedek tina tikoro téh. Hayang pok ngabudalkeun pamanggih. Tapi sieun ngajaheutan manah Apa. Sieun henteu bérag deui saperti ayeuna. Matak salian ti ati-ati naon anu bakal dikedalkeun, situasina anu ngadukung, ogé mendingna nyarios langsung, henteu dina hapé saperti ayeuna.
Dumasar kana téks di luhur, obrolan antara tokoh kuring jeung tokoh Apa lumangsung di ....
imah
sakola
warung
telepon
rumah sakit
"Apa téh ayeuna mah henteu keueung deui. Aya sobat anu marengan. Sobat lawas saenyana mah, tapi kakara ayeuna panggih deui," saur Apa dina hapé. Kuring saukur ngamuhunkeun bari henteu ngoméntaran nanaon. Asa aya nu nyedek tina tikoro téh. Hayang pok ngabudalkeun pamanggih. Tapi sieun ngajaheutan manah Apa. Sieun henteu bérag deui saperti ayeuna. Matak salian ti ati-ati naon anu bakal dikedalkeun, situasina anu ngadukung, ogé mendingna nyarios langsung, henteu dina hapé saperti ayeuna.
Dina cutatan carpon di luhur ébréh yén watek palaku kuring nyaéta ....
wanian
piseurieun
teu wani ngoméntaran
sok ngaraheutan haté batur
ati-ati kana naon nu rék dikedalkeun
"Apa téh ayeuna mah henteu keueung deui. Aya sobat anu marengan. Sobat lawas saenyana mah, tapi kakara ayeuna panggih deui," saur Apa dina hapé. Kuring saukur ngamuhunkeun bari henteu ngoméntaran nanaon. Asa aya nu nyedek tina tikoro téh. Hayang pok ngabudalkeun pamanggih. Tapi sieun ngajaheutan manah Apa. Sieun henteu bérag deui saperti ayeuna. Matak salian ti ati-ati naon anu bakal dikedalkeun, situasina anu ngadukung, ogé mendingna nyarios langsung, henteu dina hapé saperti ayeuna.
kecap "ngajaheutan manah" sarua hartina jeung ....
nyilakakeun batur
ngadu'akeun batur
nganyerikeun haté
ngomongkeun batur
nyeungceurikan batur
Ngarariung téh di bumi Emah. Kuring, Téh Sri, Kang Jaka, enya ogé riweuh ku urusan gawé, tapi mupakat pikeun ngajadwalkeun ngumpul di bumi Emah. Étang-étang ogé ngahibur Emah, bari sukuran Apa tos henteu di rohangan ICU deui. Bi Emar dibantuan ku sababaraha urang tatanggana popolah pikeun bagikeuneun ka tatangga sakampung, Téh Sri ogé nostalgia sigana da ngabantuan Emah mais lauk sagala.
Dumasar kana téks di luhur, acara ngariung nu lumangsung di bumina Emah tujuanana nyaéta ....
sukuran apa nu tos mulih ti rumah sakit
reunian Emah, Téh Sri, sareng Kang Jaka
pikeun ngahibur Téh Sri
sukuran keur Kang Jaka
Sukuran keur Téh Sri
Enya wéh saur Emah, sabada teu damang asam uratna téa, Apa mah ka mamana ari kairong mah mapah wé. Semet ka Pasar Lémbang atawa Cidadap mah tara ieuh hayang dianteur kana motor komo mobil mah. Ongkoh deui apan Apa mah apal pisan norobos ka sakurilingeun Lémbang, Lédeng, atawa Cimahi mah.
Tokoh nu keur dicaritakeun dina téks di luhur nyaéta ....
Apa
Emah
Kuring
Téh Sri
Kang Jaka
Ku kituna lamun ditingali dina rejeki mah, palaputra Apa téh tos leuwih ti cukup. Malah boh kuring boh Téh Sri boh Kang Jaka, kantos nyarios bilih Apa hoyong lirén ngokolakeun usahana, siap ngagentos Apa bari ngabagi hasil unggal sasih. Padahal maksud utamana mah ngarah Apa henteu capé teuing. Atuh ngabagi hasil mah saukur istilah wungkul tina ngabéayaan Apa sareng Emah.
kecap "Liren" dina kalimah kadua dina basa Indonésia nyaéta ....
istirahat
berhenti
menutup
melanjutkan
mengembangkan
Ngalingling prosa fiksi Sunda maksudna ngalanglangan atawa niténan bari aya nu ditéangan tina prosa fiksi.
kecap "ngalingling" dina basa Indonésiana disebut ....
meneliti
memahami
menyelidiki
mengamati
mengartikan
Ari prosa fiksi téh mangrupa salasahiji tina tilu wangun karya sastra, dua wangun karya sastra séjénna nyaéta puisi jeung drama. Anu dimaksud ku prosa nyaéta wanda basa karangan anu rakitanana cara basa sapopoé, tanpa ngolah wirahma atawa ngatur lentong (intonasi) anu matok jsté.
Dina téks di luhur ditétélakeun nu kaasup kana wangun puisi mah nyaéta ....
drama
carpon
dongéng
sisindiran
fiksimini
Nilik kana wujud atawa visualna, karangan prosa mangrupa runtuyan kalimah-kalimah, boh langsung boh teu langsung, tara dipenggel-penggel cara dina padalisan wangun ugeran (puisi). Karangan prosa dina wangun karya sastra disebutna prosa fiksi. Upamana waé, dongéng, carpon, jeung novel.
Dumasar téks di luhur, karangan prosa dina wujud atawa visualna mah mangrupa ....
jalan carita anu dipenggel-penggel
paguneman antara para palaku dina hiji carita
runtuyan kalimah-kalimah, boh langsung boh teu langsung
obrolan-obrolan panyerat carita dina hiji carita
runtuyan kecap-kecap anu dipenggel bisa langsung atawa teu langsung
Gagasan anu ditepikeun ku pangarang dina karyana ...
téma
latar
amanat
galur
puseur sawangan
