NEW
Font size
WorksheetsULANGAN BIANTARA JEUNG SISINDIRAN
Total questions: 20
Worksheet time: 13mins
Ieu di handap anu henteu kaasup kana gaya biantara, nyaeta lagam....
religius
agiator
konversasi
akurasi
didaktik
Lagam biantara anu eusina nyaritakeun kaagamaan disebut lagam....
Religius
agiator
konversasi
sentimentil
teater
Kagiatan nyarita di hareupeun balarea pikeun nepikeun hiji maksud anu penting disebut....
debat
hutbah
biantara
sawala
sisindiran
Hiji waktu Ridwan salaku ketua OSIS sina biantara ku guru dina kagiatan mieling poe pahlawan. Biantara nu dipidangkeun ku Ridwan teh ngadadak teu tatahar heula.
Tehnik biantara cara kitu teh kaasup kana tehnik....
Ekstemporan
Impromtu
manuskrip
memoriter
maca naskah
Dina kagiatan mieling poe basa indung internasional, Amri nataharkeun biantara ku cara nyatet poin-poin penting nu rek ditepikeun dina biantarana. Eta tehnik nu digunakeun ku amri teh kaasup kana tehnik....
Ekstemporan
Impromtu
Memoriter
Talaran
Manuscript
Samemeh ngalaksanakeun solat Iedul Fitri, Pa Undang maca biantara Walikota Banjar di hareupeun jamaah. Tehnik biantara anu ditepikeun ku Pa Undang teh disebut tehnik....
Ekstemporan
Impromtu
Memoriter
Manuskrip
Talaran
Lagam biantara di luhur umumna dilaksanakeun ku guru ka siswa dina kagiatan pangajaran. Eta lagam teh disebut....
Agiator
Konversasi
Didaktik
Teater
Sentimentil
Dina gambar ieu di handap, kagiatan anu nembongkeun lagam konversasi nyaeta....
Sakitu anu kapihatur, haturnuhun kana perhatosanana, hapunten kana samudaya kalepatan......
Eta biantara di luhur mangrupa bagian....
bubuka
doa
eusi
panutup
pangwilujeng
Ieu gambar di handap kagiatan anu ngagunakeun lagam agiator nyaeta....
Lamun urang rek ka pasar
ulah mawa duit gope
lamun urang rek diajar
ulah bari ngoprek hape
Sisindiran di luhur kaasup kana....
Paparikan
Rarakitan
Wawangsalan
Papantunan
Tatarucingan
Mang Jaja ka Langensari
Inditna teh tumpak beca
Rumaja jaman kiwari
Tangtu kudu getol maca
Sisindiran di luhur kaasup kana....
Paparikan
Rarakitan
Wawangsalan
Papantunan
Tatarucingan
Abdi teh kapiring leutik
Abdi isin ka gamparan
Wangsal tina wawangsalan di luhur nyaeta....
piring
gelas
cangkir
pisin
mangkok
Beas ditutuan deui
................................
(tipung)
Eusi anu luyu jeung wawangsalan di luhur nyaeta....
abdi isin ka gamparan
kapiraray siang wengi
iraha bisa patepung
ku engkang tacan kaharti
salamina hamo lali
Ieu di handap mangrupa wawangsalan tina kecap "ali" nyaeta....
mamanis dina panguping
duh ieung tibabaranting
Abdi mah caluruk arab
henteu tarima teh teuing
bibika tipung tarigu
ku engkang tacan kaharti
beulit cinggir simpai tangan
salamina hamo lali
nu meulit dina mamanis
sono pisan ka neng ecin
Rohangan gudangna elmu
Akang mah sok akon-akon
wangsal tina wawangsalan ieu di handap nyaeta....
perpustakaan
buku
kelas
pabukon
sakola
Hayu urang naek kuda
sing tepi ka belah kota
.......................................
.......................................
Pek lengkepan eusi dina rarakitan di luhur!
Hayu urang ka Bu Ida
imahna deukeut Neng Ita
Hayu anggo basa Sunda
sing perceka cumarita
Kudu bisa basa Sunda
pinter nulis jeung nyarita
Sing getol neangan elmu
nu guna dunya aherat
Reog dongkol asli banjar
mumule ku sadayana
Ti Langen mawa mendoan
Dijajanan ku Bu Dini
Ngora keneh geus pohoan
Alahbatan nini-nini
Tema sisindiran di luhur kaasup kana....
piwuruk
silih asih
nyeri hate
panyaram
sesebred
..............................
..............................
Reog dongkol asli Banjar
yu riksa ku sadayana
Cangkang nu luyu pikeun ngalengkepan paparikan di luhur nyaeta.....
Tangkal jengkol ngajalajar
hoyong ngalaan buahna
Reog teh seni ti Banjar
yu riksa seni Sundana
Barudak keur dialajar
harusu reujeung daria
Ka pasar jeung si Bi Ipah
Inditna kana kareta
Ongkos ti Bandung nepi ka Banjar
Hargana dualas lima
Lamun rek nyaba ka Bandung
Sing tarapti didituna
...........................................
.......................................
Eusi anu luyu pikeun ngalengkepan paparikan di luhur nyaeta
Lamun doraka ka indung
sing enya-enya tobatna
Tong sok babari pundung
bisi henteu dibaturan
Itu saha anu pundung
sorangan euweuh baturna
Lamun indung urang murka
dosa gede ka urangna
Sing Saha nyaah ka indung
salamet dunya aherat
