NEW
Font size
WorksheetsPTS BASA SUNDA KELAS XI
Total questions: 20
Worksheet time: 19mins
Karya sastra anu direka dina basa lancaran kalawan ukuranana pondok disebut....
Sajak
Dongeng
Wawacan
Carpon
Carita buhum
Anu henteu kaasup kana unsur-unsur carita dina carpon nyaeta...
Tema
Rasa
Palaku
Latar
Galur
Latar teh dibagi jadi tilu, nyaeta...
Kajadian, waktu jeung suasana
Tempat, kaayaan jeung suasana
Tempat, waktu jeung suasana
Tempat, waktu jeung kaayaan
Kajadian, waktu jeung suasana
Tengetan carpon ieu di handap!
Kajurung ku tos tilu dinteun teu kararaban sangu, Aki Uki ngulampreng ka bumi Den Haji Darmawan, teu tebih ti bumina. Pribumi kasampak nuju aya ditengah bumi, ngabaheuhay mayunan meja alit.
sempalan carpon di luhur ngagambarkeun tokoh Aki Uki anu...
Sangsara
Sagala loba
Beunghar
Darehde
Tara akur jeung batur
"Ari boga dahareun teh, Jang, bere batur!" Pasipatan jalam saperti babasan dina kalimah di luhur nyaeta...
Berehan
Hejo tihang
Beurat birit
Amis budi
Hampang leungeun
Titenan sempalan carita pondok "Putri Jin" ieu di handap!
"Putra Aria Wangsagoparana teteg manahna. Anjeuna geus aya deui dina pangcalikanana anu biasa, batu demprak di gunung cadas. Jung ngadeg, nyawang kasakuriling bungking. Lapat-lapat kasawang alam paramean anu kedah di sorang ku anjeuna. Aing lain ngan ukur incuna Sunan Ciburang, lain ukur anakna Wangsagoparana, aing teh Wiratananudatar. Hate aing geus teteg, suku aing geus panceg, ngadeg dina tangtungan sorangan. aing geus sanggup manggul kawajiban, sabab lemahna ayeuna mah geus sadia, nya eta martabat aing sorangan.(CPPJ:47)"
Dumasar kana sempalan teks carpon di luhur, latar kaayaan anu kapanggih dina eta carita nya eta,,,
Bagja
Panceg kayakinan
Hemeng
Baluweung pikir
Ketir pikir
Buku kumpulan carpon nu munggaran dina basa sunda, nyaeta...
Papaes Noroman
Parahiyangan
Dogdog Pangrewong
Carita biasa
Papacangan
Jalanna carita atawa runtuyan kajadian dina carita disebut...
Tema
Puseur sawangan
Latar
Galur
Amanat
hal atawa gagasan anu ditepikeun ku pangarang dina karya disebut...
Tema
Amanat
Galur
Latar
Puseur sawangan
"Manehna" nyaeta sawangan anu di pake ku pangarang pikeun midangkeun jalma...
Kahiji
Kadua
Katilu
Kaopat
Kalima
Waktu jeung tempat lumangsungna kajadian carita disebut...
Tema
Galur
Latar
Amanat
Puseur Sawangan
Ieu di handap anu teu kaasup kana kalimah pasif, nyaeta...
Adang disuntik ku dokter Herman
Manehna diajar ngawih di sanggar
Barudak dibawa pikinik ku guruna
Mang kurdi kadupak beca
Manuk diparaban ku kuring
Karangan rekaan dina wangun lancaran (prosa fiksi) anu panjang tur alur caritana ngarancabang disebut...
Carpon
Caritabag
Novel
Hikayat
Dongeng
Novel sunda pangheulana medal dina taun...
1912
1914
1918
1920
1928
Novel munggaran dina sastra sunda, nyaeta...
Gogoda ka Nu Ngarora karya M. A. Salman
Pangeran Kornel karya R. Memed Sastrahadiprawira
Pipisahan karya R.A.F
Lain Eta karya Moh. Ambri
Barunag ka Nu ngarora karya D.K. Ardiwinata
Kecap novel asalna tina basa...
Prancis
Inggris
Yunani
Walanda
Latin
"Kabeneran wae harita taya nu nganyaohankeun, waktu Akang keur adu regengteh" omong si Joban.
kecap nganyaohankeun dina kalimah di luhur ngandung harti...
Papanggih
Nempoeun
Nyarita
Ngomong
Bebeja
Dihandap ieu anu henteu kaasup novel bacaeun barudak nyaéta ....
Baruang ka Nu Ngarora
Nu Ngageugeuh Legok Kiara
Misteri Haur Geulis
Budak Teuneung
Rasiah Kodeu Biner
Ieu di handap anu henteu kaasup kana ciri-ciri novel, nyaéta .....
Tokohna loba
Latar na laluasa
Alurna panjang
Karangan non fiksi
Eusi caritana nyaritakeun kahirupan sapopoe
Majapahit moal kumawani ngajorag merangan Nagri Sunda. Kecap ngajorag maksudna nyaeta...
Datang
Sumping
Nepungan
Ngamusuhan
Nyeurang
