NEW
Font size
WorksheetsPHCW
Total questions: 20
Worksheet time: 16mins
Jalma nu ngatur jalanna diskusi teh disebutna ....
girang serat
pangjejer
pamilon
panumbu catur
MC
Ieu di handap galur nu bener dina sawala ....
kacindekan, tanya jawab, pedaran ti pangjejer, bubuka
bubuka, tanya jawab, pedaran ti pangjejer, kacindekan
bubuka, pedaran ti pangjejer, tanya jawab, kacindekan
tanya jawab, bubuka, pedaran ti pangjejer, kacindekan
pedaran ti pangjejer, bubuka, kacindekan, tanya jawab
Anu tugasna nuliskeun kacindekan dina diskusi nyaeta ....
panumbu catur
girang serat
pamilon
pangjejer
MC
Dina lumangsungna acara diskusi, panumbu catur kudu miboga sikep ....
objektif jeung mihak
formal jeung netral
netral jeung objektif
formal jeung objektif
netral jeung mihak
1. Nyebutkeun jejer jeung pasualan anu rek disawalakeun
2. Ngatur saha anu kudu nyarita
3. Ngatur lumangsungna acara kalayan tandes
Dumasar kana pedaran di luhur, eta pancen teh mangrupa pancen pikeun ....
pamilon
girang serat
pangjejer
panumbu catur
MC
Jalma anu miluan kana kagiatan diskusi disebut ....
pamilon
girang serat
pangjejer
panumbu catur
MC
Jalma anu nepikeun jejer sarta medar matéri ka pamilon ....
pamilon
girang serat
pangjejer
panumbu catur
MC
"Wilujeng siang/sonten/wengi"
Pokpokan Panumbu Catur di luhur mangrupa ... dina acara sawala.
salam bubuka
ngawanohkeun pangjejer
mungkas diskusi
menta dihampura
mukadimah
Ieu di handap anu teu kaasup kana wanda (jinis) sawala nyaéta ....
seminar
sidang
sawala kelompok
simposium
loka karya
Fungsi panata acara (MC) nyaeta …..
nyepeng kadali sakabeh kagiatan
nyepeng kadali awal kagiatan
nyepeng kadali awal jeung akhir kagiatan
nyepeng kadali akhir kagiatan
nyepeng kadali hiji kagiatan
Ieu di handap jalma anu purah mingpin diskusi publik anu disiarkeun dina televisi (talkshow), iwal ti ....
Sawatara hal anu kudu dipilampah ku moderator dina lumangsungna acara, iwal ti ....
dangdan heula sangkan teu ngérakeun
datang leuwih ti heula batan pamilon
maca heula kalawan bener biodata pangjejer
pariksa mikrofon sarta kasiapan préséntasi materi
ngawanohkeun diri ka para narasumber
Panumbu catur jeung MC mibanda kalungguhan séwang-séwangan. Dumasar kana pancénna, kumaha kalungguhan panumbu catur jeung MC dina prak-prakan hiji kagiatan/acara?
MC anu paling utama
MC leuwih luhur batan panumbu catur
Panumbu catur leuwih luhur batan MC
Panumbu catur anu paling utama
MC jeung panumbu catur kalungguhanna sarua
Ieu di handap minangka tatakrama dina sawala, iwal ti ....
nyarita ulah diborong ku sorangan.
ulah ngomong nyorongot bari popolotot.
kudu sopan dina nepikeun perkara saupama teu satuju atawa teu sugema.
omongan kudu matak jaheut ka batur.
ulah megat atawa motong omongan batur.
Nanging sateuacan kelompok IV menyampaikan materina, sim kuring bade ngenalkeun saurang – saurangna.
Kecap anu digurat handap sakuduna ….
ngadugikeun, diwawuhkeun
nepikeun, ngenalkeun
nyampaikeun, ngenalkeun
mere nyaho, ngawawuhkeun
ngadugikeun, ngawanohkeun
Hadirin sadayana, kanggo urang mah tos teu bireuk deui ka Bapa Anwar Munawar teh. Anjeuna ahli dina widang Bahasa jeung Sastra Sunda. Bapa Anwar Munawar teh kawit ti Ciletuh namung dibabarkeun di Cibiru. S1 di UPI (Universitas Pendidikan Indonesia) Bandung, saterasna studi ka Walanda (Belanda) naliti nyengsekeun program magister.
Ungkara di luhur teh ditepikeun ku panumbu catur dina waktu ....
ngawanohkeun MC
ngawanohkeun pangjejer
nyaritakeun hirup pikuk pangjejer
ngawanohkeun pamilon
narik kacindekan tina sawala
Hadirin nu ku simkuring dipikahormat. Alhamdulillah sawala parantos rengse. Sakumaha anu didugikeun ku Bapa Drs. Anwar Munawar yen ngamumule basa Sunda teh penting kacida sanes kawajiban para siswa SMA hungkul, atanapi kawajiban sadaya warga nu aya di sakola. Saha deui nu baris ngamumule basa Indung ari lain urang mah. Ku kituna, hayu urang gawe babarengan pikeun nanjeurkeun basa Sunda jadi Basa Indung anu kasohor sabuana.
Ungkara di luhur teh ditepikeun ku panumbu catur dina waktu ....
mungkas diskusi
ngawanohkeun pangjejer
ngahaturkeun nuhun ka pangjejer
mukadimah
narik kacindekan tina sawala
Buku teh parantos dibantun ku pun ....
anak
putra
raka
ibu
rama
Tuang ... teh tos dongkap acan?
putu
bibi
anak
bapa
aki
Robah kalimah di handap kana basa lemes!
"Kuring rek mangkat ka sakola jam genep."
Kuring bade indit ka sakola tabuh genep.
Kuring bade angkat ka sakola tabuh genep.
Abdi bade mios ka sakola tabuh genep.
Abdi bade angkat ka sakola tabuh genep.
Abdi bade angkat ka sakola jam genep.
