wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

SISINDIRAN & KECAP RAJEKAN

Total questions: 20

Worksheet time: 10mins

Name
Class
Date
1.

Karya sastra anu lobana opat jajar, diwangun ku cangkang jeung eusi disebutna...

a)

Sisindiran

b)

Rarakitan

c)

Paparikan

d)

Wawangsalan

e)

Tatarucingan

2.

Kalimah ieu di handap ngadung rajekan dwireka, nya eta..

a)

Manehna poe kamari bulak-balik Bandung-Jakarta

b)

Hayam jago keur papacok deukeut wadah runtah

c)

Dangdaunanna aroyag katebak angin

d)

Buah dipipir imah teh plak-plik-pluk raragragan

e)

Guru-guru karumpul di lapang Joglo

3.

Rarakitan mibanda salasahiji ciri ieu di handap, nya eta kecap mimiti dina jajaran...

a)

ka-1 jeung jajaran ka-2 cangkang sarua

b)

jajaran ka-2 cangkang sarua jeung jajaran ka-3 eusi

c)

ka-1 cangkang sarua jeung jajaran ka-4 eusi

d)

ka-1 sarua jeung jajaran ka-3 eusi

e)

Ka-3 jeung jajaran ka-4 eusi sarua

4.

Paparikan mibanda salasahiji ciri ieu di handap, nya eta padeukeutna sora dina jajaran...

a)

ka-1 jeung jajaran ka-2 cangkang

b)

ka-3 jeung jajaran ka-4 eusi

c)

ka-1 jeung ka-3. ka-2 jeung ka-4

d)

Ka-1 jeung jajaran ka-3

e)

Ka-2 jeung jajaran ka-3

5.

Titenan teks sisindiran ieu di handap!

Mawa peti dina sundung

dibawa ka Nusa Jawa

Pangarti teu beurat nanggung

Kabisa teu beurat mawa

Sisindiran di luhur kaasup kana wanda (jenis)...

a)

Wawangsalan

b)

Tatarucingan

c)

Paparikan

d)

Rarakitan

e)

Teteguhan

6.

Titenan teks sisindiran ieu di handap!

Batur mah make calana

Kuring mah kabaya wae

Batur mah jelema kaya

Kuring mah sangsara wae

Sisindiran di luhur kaasup kana wanda...

a)

Wawangsalan

b)

Tatarucingan

c)

Paparikan

d)

Rarakitan

e)

Teteguhan

7.

Titenan teks sisindiran ieu di handap!

Si Wahyu sareng Pa Mumu

Aya balon katojos paku

Hayu urang nyiar elmu

Sakolana di Smansaku

Sisindiran di luhur kaasup kana wanda...

a)

Wawangsalan

b)

Tatarucingan

c)

Paparikan

d)

Rarakitan

e)

Teteguhan

8.

Titenan teks sisindiran ieu di handap!

Jajambaran lembur lemu

Kelewih picung di ruang

Untung jalma loba elmu

......................................................

Ungkara anu merenah keur ngalengkepan sisindiran di luhur, nya eta...

a)

Leuwih ti beunghar ku uang

b)

Papatah guru amalkeun

c)

Geulisna kabina-bina

d)

Hanjakal teu kapibanda

e)

Mun diteuteup beuki manis

9.

Pikasureun dijarumat

Jarumna harga sasenan

Saluhureun kudu hormat

(...........................................)

Ungkara anu merenah keur ngalengkepan sisindiran diluhur nyaeta ....

a)

sasama kudu ajenan

b)

hubungan dihargaan

c)

sahandapeun diajenan

d)

kulawarga kudu ajenan

e)

dulur baraya agehan

10.

Salasahiji aturan sisindiran nyaéta purwakanti. Purwakanti nyaéta….

a)

Padeukeutna sora di tengah padalisan.

b)

Sora anu sarua.

c)

Padeukeutna sora di awal padalisan.

d)

Padeukeutna sora vokal di tungtung padalisan.

e)

Pajauhna sora.

11.

(1)Sing getol nginum jajamu,

nu guna nguatkeun awak.

Sing getol neangan elmu,

nu guna dunya aherat.


(2) Daun kelor daun ganas,

kuciat jeung pacar keling.

Hutang motor tacan lunas,

sakilat aya nu maling.

(3)Los ka kulah los ka talun,

rek neangan bongborosan.

Insya Allah taun payun,

nepangan bade narosan.


(4) Aya lumat dina batu,

aya kuya di muara.

Sing tumut kana waktu,

di dunya ukur ngumbara.


Sisindiran anu ngandung piwuruk aya dina nomer...

a)

(1) jeung (2)

b)

(1) jeung(3)

c)

(2) jeung (3)

d)

(2) jeung (4)

e)

(1) jeung (4)

12.

Dumasar kana eusina, sisindiran téh bisa dibédakeun jadi tilu rupa, nyaéta....

a)

paparikan, rarakitan, wawangsalan

b)

piwuruk, sésébréd, silih asih

c)

cangkang, eusi, wangsal

d)

wawangsalan, tatarucingan, paparikan

e)

tatarucingan, wawangsalan, rarakitan

13.

Sababaraha poe katukang kuring panggih jeung manehna. Kecap sababaraha kaasup kana kecap rajekan….

a)

dwimurni

b)

dwimadya

c)

trilingga

d)

dwireka

e)

dwipurwa

14.

Kecap rajekan sagemblengna ku cara nyebut dua kali kecap dasarna bari robah sora vokalna disebut kecap rajekan…

a)

dwimurni

b)

dwimadya

c)

trilingga

d)

dwireka

e)

dwipurwa

15.

Kecap “tajong” upama dirajek ku cara dwipurwa maka jadi….

a)

tajong-tajong

b)

tatajong

c)

titajong

d)

dwireka

e)

tujang-tajong

16.

Mana kalimah ieu di handap nu make kecap rajekan dwireka?

a)

bapak-bapa nuju tuang

b)

pun aki meuni hah-heh-hoh nanjak ka gunung

c)

ibu-ibu nuju gurang-goreng di dapur

d)

geus sababaraha poe kuring can dahar

e)

barudak keur tutulisan dina bor

17.

di handap ieu anu teu kaasup kana kecap rajékan dwimadya nyaéta

a)

sabilulungan

b)

sapopoé

c)

sapeupeuting

d)

sababaraha

18.

di handap ieu nu teu kaasup kecap rajekan nyaeta...

a)

kupu-kupu

b)

papatong

c)

babaturan

d)

bala-bala

19.

Conto kalimah di handap ieu anu aya kecap trilingga diantarana.....iwal.....

a)

Ema nuju masak di dapur mani trang-tréng-trong.

b)

Asa reuwas ieu jajantung mani dag-dig-dug.

c)

Bakating ku capé lulumpatan ambekan gé mani hah-héh-hoh.

d)

Dor-dor-dor sora panto diketrok.

20.

Dina sapada paparikan diwangun ku . . . padalisan

a)

Hiji

b)

Dua

c)

Tilu

d)

Opat

e)

Lima