wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

Ulhar B. Sunda 1 Kelas XI Bab 1 & 2

Total questions: 20

Worksheet time: 7mins

Name
Class
Date
1.

kagiatan nyarita di hareupeun balaréa pikeun nepikeun hiji maksud atawa informasi anu penting disebut...

a)

ceramah

b)

hutbah

c)

biantara

d)

kampanyeu

2.

aya jalma nu parigel dina biantara nepi ka jadi ahli biantara. jalma anu ahli dina biantara disebut...

a)

kurator

b)

moderator

c)

koléktor

d)

orator

3.

ieu di handap anu henteu kaasup kana gaya biantara, nyaéta lagam...

a)

réligius

b)

akurasi

c)

konvérsasi

d)

agiator

4.

ieu di handap eusi bagéan bubuka tina biantara, nyaéta nepikeun...

a)

ucapan hatur nuhun

b)

muji sukur ka Gusti Alloh SWT

c)

ucapan dunga

d)

salam pangwilujeng

5.

pentingna cai dina kahirupan urang Sunda, katitén tina ngaran...

a)

patempatan

b)

jalma

c)

kadaharan

d)

kaulinan

6.

disawang tina cara nepikeunana, biantara téh dipasing-pasing sakumaha anu aya ieu di handap, iwal...

a)

dadakan (impromptu)

b)

catetan ringkes (ekstemporan)

c)

talaran (manuskrip)

d)

didaktik

7.

sakitu anu kapihatur, mugia aya mangpaatna hapunten bilih aya kalepatan. éta téh mangrupa bagéan tina...

a)

bubuka

b)

eusi

c)

salam pamuka

d)

panutup

8.

basa anu mimiti diajarkeun ka barudak ku kolotna di lingkungan kulawarga disebutna basa...

a)

wewengkon

b)

daérah

c)

nasional

d)

indung

9.

dina tiap tanggal 21 Pébruari dipiéling salaku...

a)

poé basa daérah tingkat nasional

b)

poé basa indung internasional

c)

poé basa nasional internasional

d)

poé basa pergaulan internasional

10.

paribasa "caringcing pageuh kancing, saringset pageuh iket" ngandung harti...

a)

kudu maké papakéan anu alus tur rapih

b)

kudu maké papakéan has atawa tradisional Sunda

c)

saged atawa siap nyanghareupan pagawéan

d)

kudu maké baju jeung calana pangsi katut iket

11.

karya sastra anu lobana opat jajar, diwangun ku cangkang jeung eusi disebutna...

a)

sisindiran

b)

rarakitan

c)

tatarucingan

d)

wawangsalan

12.

dumasar kana wangun jeung eusina, sisindiran téh dipasing-pasing jadi tilu golongan, iwal...

a)

paparikan

b)

wawangsalan

c)

rarakitan

d)

papantunan

13.

paparikan mibanda salasahiji ciri ieu di handap, nyaéta padeukeutna sora dina jajaran...

a)

ka- 1 jeung jajaran ka-2 cangkang

b)

ka- 3 jeung jajaran ka- 4 eusi

c)

ka- 1 jeung ka- 3, ka- 2 jeung ka- 4

d)

ka- 2 jeung ka- 3

14.

dumasar kana sipatna, sisindiran téh bisa dibédakeun jadi tilu rupa, nyaéta...

a)

paparikan, rarakitan, wawangsalan

b)

cangkang, eusi, wangsal

c)

wawangsalan, tatarucingan, rarakitan

d)

piwuruk, sésébréd, silih asih

15.

tokyo téh ibu kotana

iraha patepang deui

wangsalna...

a)

katapang

b)

soréang

c)

jepang

d)

sérang

16.

mesin ketik éléktronik

dipakéna ku nu pinter

wangsalna...

a)

hélikopter

b)

térmométer

c)

komputer

d)

komuter

17.

bibika tipung tarigu

ku engkang henteu kaharti

wangsalna...

a)

bati

b)

roti

c)

mati

d)

nanti

18.

kecap anu diwangun ku cara nyebut dua kali atawa leuwih wangun dasarna, boh sabagéan atawa sagemblengna disebut...

a)

kecap panambah

b)

kecap panyambung

c)

kecap rajékan

d)

kecap pangantét

19.

kalimah ieu di handap anu ngandung kecap rajékan dwiréka, nyaéta...

a)

hayam jago keur papacok deukeut wadah runtah

b)

manéhna poé kamari bulak-balik karawang-surakarta

c)

guru-guru karumpul di lapang karang pawitan

d)

dangdaunan aroyag katebak angin

20.

kalimah ieu di handap anu ngandung kecap rajékan dwipurwa, nyaéta...

a)

siswa-siswa ngariung di lapang baskét

b)

basa poé kamari miléa bulak-balik dago-cicaheum

c)

si udan mah mun keur leumpang téh sok tatajong kana naon waé

d)

bilik téh tingmarurag di imah nu angker