wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

SOAL ULANGAN KAMPUNG ADAT

Total questions: 20

Worksheet time: 19mins

Name
Class
Date
1.

Pasangkeun wangun suhunan imah di handap jeung ngaranna!

julang ngapak

Parahu kumerab

badak heuay

Tagog anjing

jolopong

2.

   Kalimah anu merenah ngeunaan teknologi dumasar prinsif Kampung Adat Ciptagelar

a)

       Teknologi ngaruksak budaya nu geus aya

b)

   Teknologi teh mahal, moal bisa kadongkang

c)

Teknologi hirup reureujeungan jeung adat

d)

Teknologi nyababkeun manusa sangsara

3.

   Hiji upacara taunan anu dijadikeun hajat gede disebut?

a)

Muludan

b)

Rajaban

c)

Ngaseuk pare

d)

Seren taun

4.

    Pantangan di kampung Adat Ciptagelar, iwal

a)

Ngajual beas

b)

Teu meunang hehotan

c)

Teu meunang ngalurkeun pare poe wedal

d)

Teu meunang mawa barang elektronik ka kampung Ciptagelar

5.

Naon anu teu kaasup pantangan di kampung adat Naga?

a.       Posisi panto teu meunang  sajajar

b.       Teu meunang nyaritakeun sajarah lembur poé nu tangtu

c.       Teu meunang nanggap kasenian dangdut

d.       Teu meunang aya Listrik

a)

a.       Posisi panto teu meunang  sajajar

b)

b.       Teu meunang nyaritakeun sajarah lembur poé nu tangtu

c)

c.       Teu meunang nanggap kasenian dangdut

d)

d.       Teu meunang aya Listrik

6.

Aspek sosial dina hirup pakumbuhan adat di kampung Naga nyaeta:

a)

Nyieun imah warga sacara gotong royong

b)

mere hasil tatanen ka unggal warga

c)

ayana paminding dapur anu carang

d)

ayana paminding tengah imah nu buni

7.

patali unggal kampung adat miboga khas sewang sewangan kitu deui kampung Adat Naga, nyaeta?

a)

gampang kadongkang ti jalan gede

b)

antara adat jeung teknologi reujeung

c)

warga adat kadaharan pokona lain sangu

d)

ayana leueung larangan

8.

1.       Tempat nyimpen pare di Kampung Adat Ciptagelar disebut?

a.       Padaringan

b.       Leuit

c.       Goah

d.       Pawon

a)

Padaringan

b)

  Leuit

c)

Goah

d)

Pawon

9.

Kaitanna jeung Kampung Adat Cireundeu, pek pasangkeun bagean di handap!

Tradisi budaya di Kampung Adat Cireundeu

Kel.Leuwigajah

Kec. Cimahi Selatan

Cimah

Lahan paling lega

nyieun imah gotong royong

ajen sosial

Upacara adat Tutup taun saka

Letak/geografis kampung Adat Cireundeu

pertanian

hal anu khas di Cireudeu

kadaharan pokona Rasi

10.

Maksud upacara di kampung adat Cireundeu​ (a)  

Choose from the below words
rasa sukur ka nu Kawasa
ngirut wisatawan
Supaya kasohor
Sangkan salamet
11.

Saha anu ngaalpukahan kampung Adat Cireundeu​ (a)  

Choose from the below words
Pangeran Ki Mardais
Abah Ogi
Sembah Singaparna
Maulana Yusup
12.
Masarakat Kampung Adat Cireundeu miboga kayakinan ti karuhun Sunda yèn maranèhna teu meunang ngadahar sangu. Aya kapercayaan yén anu ngarémpak kana aturan éta bakal langsung maot. Minangka gagantina, maranéhna ngagunakeun rasi. Rasi diolah tina sampeu nu mangrupa guguruntulan laleutik siga sangu. Rasi mangrupa singgetan tina beras singkong. Gotong royong minangka bagian tina pengkuhna masarakat Kampung Adat Cireundeu kana tradisi karuhunna. Contona baé dina ayana warga anu ngadegkeun atawa nyieun imah. Masarakat kampung adat Cireundeu miboga tradisi ngabangun imah ku cara gotong royong. Masarakat babarengan mantuan nu keur ngabangun imah, boh dina nyumbangkeun bahanna ogé dina lebah mantuan ku tanagana. Jadi, nu boga imah mah ngan saukur nyadiakeun bahan keur bangunanana wungkul jeung susuguh keur warga kampung. Kuriakna mah dipigawé babarengan ku warga kampung.Taya upacara husus nalika ngabangun imah, tapi ilaharna sok aya sukuran nalika imah geus jadi. Sukuran diayakeun ku pihak nu boga imah. Nu teu kaasup kana kabiasaan kampung adat Cireundeu nyaé ta?
a)
warga Cireundeu teu dahar sangu
b)
nyieun imah sacara gotong royong
c)
upacara adat nalika ngadegkeun imah
d)
sukuran nalika geus rengse ngadegkeun imah
13.

Sababaraha aspek nu aya dina teks kampung adat. Kalimah di handap mangrupa eusi kampung adat Cireundeu, nyaeta?

a)

Ayana swasembada pangan pare

b)

upacara seren taun

c)

masarakatna teu meunang make listrik

d)

teu meunang ngadahar sangu

14.

Naon sababna hiji daerah disebut kampung adat?

a)

ayana leuweung leuweung

b)

wangun imah masih keneh ku bilik

c)

masih pengkuh nyepeng tradisi karuhun

d)

aya aturan pantangan pantangan

15.

Tanggal 1 Sura pikeun warga Cireundeu, ampir sarua jeung lebarana. Dina upacara adat, kaum lalaki maké baju pangsi warna hideung, ari kaum awéwé mah make kabaya aatawa baju bodas. Gugunungan sasajén, mangrupa bungbuahan jeung rasi, anu dibawa ka tengah ririungan (Kumpulan) warga di Balé Adat. Warga tapakur mirengkeun wejangan ti sesepuh Kampung adat Cireundeu. Upacara Tutup taun Saka mangrupa salasahiji wujud sukur ka nu Maha kawasa. Ieu upacara téh dimimitian ku pintonan wayang golek jeung sarupaning kasenian tradisional has Cireundeu., nya eta angklung buncis. Aya hiji léngsér nu dangdananan make pakéan sarwa hideung, pangsi jeung kamprét has Sunda, lengkep jeung iket has Cireundeu. Tuluy tamu dititah diuk ku léngsér di Bale sarasehan. Upacara adat ditandaan ku cara melak tangkal ku kuncén nu engkéna éta tangkal téh bakal dipelakeun di Gungung kunci Cireundeu.

Naon tujuan upacara di luhur téh?

a)

sarat pikeun kasuburah tanah Cireundeu

b)

Sangkan sakumna warga salamet tina bala'i

c)

Wujud sukur ka nu Maha Kawasa

d)

Sangkan tatanen nyugemakeun

16.

Di Kampung Naga teu meunang nanggap kasenian anu datangna ti luar, saperti wayang golék, dangdut, kendang penca sarta kasenian liana anu make goong. Ari lalajo mah meunang urang dinya ogé, asal ulah di jero Kampung Naga. Kasenian anu meunang ditanggap di Kampung Naga nya éta terebang, beluk, jeung rengkong. Kasenian anu dianggap mangrupa warisan turun tumurun ti karuhunna. Urang Kampung Naga ogé pantrang nyaritakeun ngeunaan lembur katut sajarahna dina poé Salasa, Rebo, jeung Saptu. Komo nyaritakeun luluhurna atawa karuhunna mah, dipahing pisan. Ari sababna poé Salasa, Rebo, jeung Saptu mah mangrupa poéan nyepi. Kampung Naga diadegkeun ku Sembah Dalem Singaparna, anu dianggap karuhun urang Kampung Naga, ratusan taun katukang. Sembah Dalem Singaparna téh salasaurang anu nyebarkeun agama Islam. Anu matak urang Kampung Naga mah kabéhanana ngagem agama Islam. Ngan dina prak-prakan ibadahna diluyukeun jeung adat-cahara katut kabiasaan karuhunna. (Sumber: Dinas Pariwisata dan Kebudayaan Jawa Barat). Naon sababna poé Salasa, Rebo, jeung Saptu di kampung Adat Naga teu meunang nyaritakeun karuhunna?

a)

Poé Salasa, Rebo, jeung Saptu mangrupa poé nyepi

b)

Poé Salasa, Rebo, jeung Saptu mangrupa poé wedalna karuhun

c)

Poé Salasa, Rebo, jeung Saptu mangrupa poé karamat

d)

Poé Salasa, Rebo, jeung Saptu mangrupa poé naas

17.

Di Kampung Naga teu meunang nanggap kasenian anu datangna ti luar, saperti wayang golék, dangdut, kendang penca sarta kasenian liana anu make goong. Ari lalajo mah meunang urang dinya ogé, asal ulah di jero Kampung Naga. Kasenian anu meunang ditanggap di Kampung Naga nya éta terebang, beluk, jeung rengkong. Kasenian anu dianggap mangrupa warisan turun tumurun ti karuhunna. Urang Kampung Naga ogé pantrang nyaritakeun ngeunaan lembur katut sajarahna dina poé Salasa, Rebo, jeung Saptu. Komo nyaritakeun luluhurna atawa karuhunna mah, dipahing pisan. Ari sababna poé Salasa, Rebo, jeung Saptu mah mangrupa poéan nyepi. Kampung Naga diadegkeun ku Sembah Dalem Singaparna, anu dianggap karuhun urang Kampung Naga, ratusan taun katukang. Sembah Dalem Singaparna téh salasaurang anu nyebarkeun agama Islam. Anu matak urang Kampung Naga mah kabéhanana ngagem agama Islam. Ngan dina prak-prakan ibadahna diluyukeun jeung adat-cahara katut kabiasaan karuhunna. (Sumber: Dinas Pariwisata dan Kebudayaan Jawa Barat).

Kalimah anu luyu/sesuai jeung eusi téks di luhur nya éta?

a)

Kasenian kampung adat Naga diantarana kendang penca

b)

Kampung Adat Naga jauh ti kota gede

c)

Kampung Naga aya di taneuh anu luhur kacida

d)

kampung Naga ngagem agama islam

18.

Nurutkeun kepercayaan warga kasepuhan, ngarempak paré jeung tata cara miarana bakal ngabalukarkeun gagalna panén. Sagala siklus tatanén, teu leupas tina upacara saperti upacara sasarap, ngaberesihan, ngaseuk, tebar, mipit, ngadiukan, nganyaran, ponggokan jeung sérén taun.

Kampung adat Ciptagelar dipingpin ku pupuhu  adat nu disebut Abah jeung parangkat desa. Kiwari pupuhu adat téh Abah Ugi Sugriana Rakasiwi.Perangkat rahayat pikeun ngurus administrasi, juru sawér tugasna jaga kampung tipeuting. Aya ogé perangkat kasenian jeung kabudayaan anu husus lamun aya upacara adat. Agama ngagem islam ngan dina tatacara ngaluyukeun jeungadat. Naon anu jadi pantangan masarakat adat Kampung Ciptagelar?

a)

jual beas

b)

upacara ngurus tatanen

c)

Teu meunang barang elektronik

d)

ayana pakean husus nalika upacara adat

19.

Kahirupan  di Ciptagelar méré  gambaran kualitas hirup  nu saimbang antara manusa jeung alam. Masarakat ngajalankeun kahirupan ku cara hirup basajan  tapi pinuh ku manfaat lantaran ayana aksés  sumber daya alam yang mucekil/melimpah.  Masarakat Ciptagelar ngadopsi gaya hirup nu ramah lingkungan. Hal anu bisa jadi picontoeun tina masarakat adat Ciptagelar dumasar téks di luhur nya éta?

a)

hirup basajan

b)

hirup mewah

c)

ruksakna alam

d)

taneuh anu rumpil/teu mulus

20.

salah sahiji pantangan di kampung adat nya eta teu meunang ngagunakeun listrik. Di mana kampung adat nu di maksud?

a)

Naga

b)

Cireundeu

c)

Ciptagelar

d)

Duhkuh