NEW
Font size
WorksheetsULANGAN HARIAN KA 1 KELAS XI
Total questions: 20
Worksheet time: 1hrs 12mins
Musuh beuki ngansrog, nepi ka antukna mah patelak. Lantaran teu imbang, antukna Mamang Jalaprang tilar dunya harita kénéh. Ari Demung, Listayu, jeung Si Bibi ditéwak. Demung nu keur digandong ku prajurit, wanian nyokot keris anu nogél dina cangkéng prajurit anu ngagandongna. Terus wé ditubleskeun, nepi ka prajurit téh tilar dunya.
...
Dina teks di luhur, kecap nogél mibanda harti ....
dipundut umur / maot
nyelap tungtungna rada néngtét
dipaksa sapatemon ku lain muhrimna
bingung, teu jongjon ngalampahkeun hiji pagawéan, lantaran pikiran kaganggu ku hal séjén
Terus terusan sina deukeut
Sigana ku lantaran éta, Pa Harto milih Ramadhan KH pikeun nulis biografina. Ramdhan KH pikeun nulis biografina. Ramadhan KH sorangan henteu nolak. Sanajan sikepna ngahudang pro jeung kontra di masarakat. Aya nu satuju jeung réa nu teu satuju. Nu satuju, nganggap hak pribadi Ramadhan KH, rék nulis naon baé. Sedengkeun nu teu satuju, nganggap Ramadhan KH biluk kana gaya pamarétahan otoritér Soeharto.
Wacana di luhur téh sempalan biografi Ramadhan KH. Ari jejerna ngeunaan ….
Mémang, kuring sorangan ngadéngé aya nu nyarita, acan gé acan maot, kuring geus ngagali kuburan. Nu saenyana, éta kuburan téh keur nu geus maot, di antarana keur kolot kuring (mitoha). Lian ti éta, kuring mikir, “Naon salahna, apan hiji mangsa urang tangtu panggih jeung ajal.” Mun ti ayeuna ku urang geus dipikiran, hartina urang moal ngaririweuh anu séjén. Asal teu digunakeun keur nu lain-lain, nya naon goréngna.” “Kalau Ajal Saya Sampai”, kaca 561.
Sempalan téks di luhur saupama di tilik tina tokoh nu nulisna nuduhkeun téks ….
Ti keur budak kénéh ogé kuring sok mimilu diajar ngaji. Diajarna sok ku Bapa baé. Sakapeung, upama anjeunna nuju aya pamengan, sok disuluran ku Emah ngawurukna téh. Saenyana kuring mah acan dikudukeun ngaji, da dianggap masih budak teuing. Anu geus dikudukeun mah Ceu Otit jeung Ceu Oyoh (Dicutat tina buku Mulangkeun Panineungan, susunan Prof. Drs. Muchtar Affandi, 1997).
Ditilik tina cara nulisna, karangan di luhur téh kaasup ....
Di éta tempat, Ujang Kusén rajin
jeung tawekal gawéna, sarta tukuh ngalaksanakeun piwuruk kolotna. Béda jeung
Nyi Rapiah, manéhna ngarasa bangreung jeung teu bétah cicing di kampung di
tonggong gunung teh. Ari lantaranna, kahiji ngarasa teu biasa cicing di nu hara-
haraeun, kaduana ingeteun waé ka kolotna jeung manteng ka Aom Usman nu
hirup di dayeuh.
...
Dina teks di luhur kecap bangreung mibanda harti....
dipundut umur / maot
dipaksa sapatemon ku lain muhrimna
bingung, teu jongjon ngalampahkeun hiji pagawéan, lantaran pikiran kaganggu ku hal séjén
nyelap tungtungna rada néngtét
Terus-terusan sina deukeut
Unggal isuk, lamun kuring kaluar ti pakarangan imah rek ka kantor, manéhna téh sok kabeneran pisan keur naék karéta mesina rék ka sakola. Tara ieuh luak lieuk. Lamun seug teu maké karéta mesin mah meureun nya kitu nu disebut angkat badak cihéa téh.
(Dicutat tina novel Anak Agung Sagung Putri karangan Apip Mustopa )
Tina sempalan novel di luhur, anu nuduhkeun unsur intrinsik latar nyaéta…
Unggal isuk, kantor, pakarangan imah, jeung sakola.
Unggal isuk, kantor,karéta mesin, jeung sakola.
Unggal isuk, karéta mesin, pakarangan imah, badak cihéa.
Unggal isuk karéta mesin, sakola jeung kantor.
Unggal isuk, sakola, kantor ,jeung angkat badak.
Ujang Kusen jeung Rapiah nepi ka pepegatanana sabab Nyi Rapiah salingkuh jeung Aom Usman. Anu leuwih beunghar tibatan Ujang Kusen. Seterusna Aom Usman kawin jeung Nyi Rapiah. Kabagjaan Nyi Rapiah teu lila sabab ku kolotna Aom Usman geus dijodokeun ka anak ménak deui, nya éta Agan Sariningsih putra Wadana Sumedang. Ahirna Nyi Rapiah dicandung jadi nu kolot, sarta lila-lila diantepkeun. Sanggeus Aom Usman diangkat jadi asistén Wadana, Nyi Rapiah teu dipaliré deui.
Kumaha ari nasib Ujang Kusen? Sarua pikawatireun, kanyenyerian ku Nyi Rapiah. Nu tadina jelema bageur malik jadi resep ngadu, mabok jeung rucah. Kakayaan kolotna nungtutan dijualan.
(Dicutat tina novel Baruang Ka Nu Ngarora Karya D.K.Ardiwinata)
Watek tokoh Nyi Rapiah dina empalan arita novel di luhur n aéta….
Bageur
Adigung
Gumeulis
Soméah
Teu satia
“Apa téh karesepna ngadu hayam sareng ngaleueut tuak”, Putri nyarita deui. Da harta banda téh atuh, séép dianggo ngadu hayam wé. Da tos tiasa ditangtoskeun, upami sumpingna bari najong panto, éta téh éléh ngaduna. Ditambih ku seueur teuing ngaleueut tuak, sagala didupak. Nu hawatos mah ku pun biang, bari di teungeulan téh bari di carékan laklak dasar. Ah rupi-rupi wéh, nu pikanyerieun istri téa.
(Dicutat tina novel Anak Agung Sagung Putri karya Apip Mustopa)
Watek tokoh Apa dina novel Anak Agus Sagung Putri ngagam arkeun watek anu….
Andalemi
Gedé ambek
Lungguh
Haré-haré
Karunyaan
Demung janggala tetep dihukum sok sanajan manéhna dulur Listayu, lantaran Demung geus remen ngabégal.
Dina ungkara di luhur kagambar yén sipat Demung téh ....
Pasrah
Taat hukum
Licik
Bageur
Ngarasa bener
Novel kaasup salah sahiji carita rekaan (fiksi) anu eusi jeung jalan caritana panjang tur loba bagian-bagianana sarta diwangun ku basa lancaran, ku kituna novél kaasup kana karya sastra wangun ....
Sajak
Puisi
Prosa
Kauger
Dialog
