wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

PH KELAS 7 BAB 2 Tatakrama

Total questions: 20

Worksheet time: 10mins

Name
Class
Date
1.

Rangga ngalangkung payuneun Bapa sareng Ibu guru bari nayrios . . . .

a)

Mangga

b)

Punten

c)

Sampurasun

d)

Rampes

2.

Raditya nuju namu dibumina Raka, salami namu Raka teu acan nyuguhan cai kanggo Raditya, Tapi ti tadi Raditya tos ngaraos hanaang pisan sabab cape tos ngobrol,

Cobi bantuan ku hidep kumaha Raditya nyarios ka Raka supados enggal disuguhan cai keur nginum. . . .

a)

Nyarita sacara togmol ka Raka

b)

Langsung nyokot cai ti kulkasna Raka

c)

Lumpat kaluar meuli cai

d)

Nyarita ka Raka make bahasa nu merenah

3.

Anu mangrupakeun alat komunikasi sacara lisan jeung tulisan nyaeta . . . .

a)

Basa Daerah

b)

Basa

c)

Tatakrama

d)

Dongeng

4.

Rara meunang juara lomba ka 1 maca Sajak, pasemon Rara katingali . . . .

a)

Biasa

b)

Marahmay

c)

Bangkenu

d)

sedih

5.

Ahmad ngarasa tunduh pisan tuluy heuay, lamun heuay kudu . . . .

a)

Digebug

b)

Diantep

c)

Ditutup

d)

Peureum

6.

Cara diuk nu merenah pikeun budak lalaki saupama diukna dina lante nyaeta . . . .

a)

Sila

b)

Sideku

c)

Nyanghunjar

d)

Emok

7.

Saacana nyemah urang kudu mere . . . ka nu boga imah

a)

Oleh - oleh

b)

Beja

c)

Kueh

d)

Amplop

8.

Sasa rek namu ka bumina Ratih, sanggeus tilu kali ngetrokan panto imah Ratih, Sasa nyarios " Sampurasun "

Ratih ngajawabna . . . .

a)

Mangga

b)

Rampes

c)

Punten

d)

Hayu ka lebet

9.

Anu henteu kaasup kana tatakrama nyemah nyaeta . . . .

a)

Cukup tilu kali ngetrok panto

b)

Tong waka diuk saacan dititah

c)

Dipahing lunga- lengo ka rohangan sejen

d)

Digedor pantona nu tarik upama teu dibukakeun

10.

Tujuanana mere beja saacan nyemah atawa namu nyaeta . . . .

a)

sangkan pribumi nyadiakeun waktuna

b)

Sangkan pribumi meuli kueh keur susuguh

c)

Pribumi bisa beberes

d)

Pribumi bisa istirahat heula

11.

Salila nyemah, dipahing lunga -lengo ka rohangan sejen kusabab saperti di handap ieu, iwalti . . . .

a)

Heunteu sopan

b)

Nyababkeun pribumi bendu

c)

Saperti di imah sorangan

d)

Bisi katempuhan mun aya nu leungit

12.

Fungsi utamana nyemah nyaeta supados . . . .

a)

Bisa barangdahar kueh di imah babaturan

b)

Bisa dahar jeung nginum nepi ka wareg

c)

Manjangkeun silaturahmi

d)

Ulin sapuasna di imah babaturan

13.

Tatakrama basa jadi ciri sakaligus jadi alat pikeun sikep silih . . . jeung ngajenan ka sasama

a)

Asah

b)

Hormat

c)

Asuh

d)

Tulung

14.

Saena mah upami bade wangsul saatos natamu teh kedah . . . .heula ka pribumi

a)

menta dianterkeun

b)

menta kueh jang dibawa balik

c)

Pamitan

d)

menta ongkos

15.

Lamun nuju natamu kedah ngagunakeun basa . . . .

a)

Sapopoe

b)

Kasar

c)

Basajan

d)

lemes tur sopan

16.

 Lamun aya semah kudu dijawab salamna terus, . . . jeung ngahaturan linggih.

a)

 dipasihan artos

b)

geura nyamuni

c)

konci pantona

d)

dibukakeun pantona

17.

Aturan ngagunakeun basa Sunda dina kahirupan sapopoe  disebut . . . .

a)

ajen atikan

b)

aturan nyemah

c)

tatakrama basa

d)

aturan narima tamu

18.

Jawaban pikeun pagentraan “punten ” nyaeta . . . .

a)

mangga

b)

sampurasun

c)

rampes

d)

punten

19.

Cara diuk nu merenah pikeun budak awewe Sunda saupamana diukna di lante nyaeta. . . .

a)

sideku

b)

emok

c)

nyanghunjar

d)

sila

20.

Lamun hidep nyarita jeung nu saluhureun sora jeung pasemonna kudu . . . .

a)

 sorana lalaunan , pasemon anu hade

b)

sora kudu bedas , pasemon biasa

c)

sorana teu kudu tarik, pasemon bangkenu

d)

sora bisa tarik, pasemon sedih