WorksheetsPenilaian Harian 1 Materi Dongeng
Total questions: 20
Worksheet time: 37mins
Dongéng nu eusina nyaritakeun asal-usul atawa asal muasal hiji kajadian hiji perkara (tempat, sasatoan, tutuwuhan jeung sajabana) disebut....
dongéng fabel
dongéng sasakala/legenda
dongéng parabel
dongéng babad
Hal nu jadi jejer carita atawa topik utama dina dongéng disebut ....
amanat
latar
tema
palaku
Amanat téh nya éta hal anu hayang ditepikeun ku ... dina jero karyana
nu maca
pangarang
nu ngadéngékeun
Penerbit
Nu nétélakeun kasang tukang tempat jeung waktu lumangsungna carita dina dongéng disebut....
téma
palaku
amanat
latar
Palaku nu mibanda sifat hadé disebut....
antagonis
protagonis
utama
tambahan
Runtuyan kajadian-kajadian nu ngaruntuy ngawangun hiji carita dongéng disebut....
alur
amanat
palaku
latar
Dongéng-dongéng ngeunaan si Kabayan kaasup kana dongéng ....
pabel
legenda
parabel
sasakala
Dongéng sasakala téh nya éta dongéng nu nyaritakeun ......
kajadian
asal usul
jalma biasa
kakuatan gaib
Ieu di handap nu lain dongéng sasakala nya éta....
Situ Bagendit
Si Kabayan
Sangkuriang
Gunung Geulis
Dongéng mite nya éta dongéng nu nyaritakeun atawa nu aya patalina jeung kapercayaan kana....
barang pusaka
alam siluman
tempat karamat
sasatoan
Dongéng anu caritana mirip jeung carita sajarah di sebut .....
babad
legenda
sasakala
sejarah
Dongéng pabel téh nya éta dongéng nu nyaritakeun sasatoan anu .....
bisa nyarita kawas manusa
nu teu bisa nyarita kawas manusa
lumakuna biasa atawa ilahar
teu bisa nanaon
Galur carita nu ujug-ujug nyaritakeun bagian tengah carita disebut....
galur mérélé
galur flasback
galur bobok tengah
galur dituncalan
Palaku antagonis téh nya éta palaku....
anu hadé
anu goréng
utama
tambahan
Nempo dikurungan ku aki pangebon, sakadang monyét nyampeurkeun, ti dituna mah rék mupuas bongan sakadang kuya méakeun cau. Tapi manéhna kagét nyampak téh kuya keur igel-igelan, semu nu atoh pisan. Tuluy sakadang monyét nanya ka sakadang kuya ”Ku naon meni atoh atoh teuing manéh téh?” “ Kumaha rék teu atoh, kuring mah rék dikawinkeun ka anak aki pangebon, naha manéh can nyaho? Indungna ayeuna keur ka pasar balanya keur hajat.“ Tuluy sakadang monyét mikir. Otak licikna mimiti digawé. Pok ngomong kieu ka sakadang kuya “ Kumaha mun ku déwék dihilian euy? Manéh kaluar urang rék asup kana kurungan” Ah embung, engké manéh geus dikawinkeun ka anak aki pangebon maneh poho ka urang.” Ceuk sakadang kuya bari terus igel- igelan.“ Is moal atuh sanajan geus jadi minantu aki pangebon ogé. “ Heug atuh ari kitu mah, asal kuring anteurkeun heula ka leuwi.“ Kacaritakeun sakadang kuya geus dialungkeun kawahangan, tuluy sakadang monyet asup kana kurungan. Teu lila aki pangebon datang bari ngagorowok ka pamajikannana,” Pamajikan, geura peuncit kuya anu dikurungan téh, ari geus aya samarana mah.” Ngadenge kitu, sakadang monyét reuwas awakna ngeleper bawaning ku sieun, tuluy sakadang monyét papaéhan, barang kurung dibuka aki pangebon héraneun, naha kuya jadi monyet? geus paéh deuih ? tuluy sakadang monyét dialungkeun ka jarian, ari gubrag téh sakadang monyet beretek lumpat
Nu ngalantarankeun sakadang kuya igel -igelan nya éta
Sakadang kuya api api atoh, padahal rék nipu sakadang monyét
Sakadang kuya atoh rék dikawinkeun jeung anak aki pangebon
Sakadang kuya atoh bisa méakeun cau
Sakadang kuya atoh dikurungan ku aki pangebon
Upama nilik kana obrolan sakadang kuya jeung sakadang monyét, tétéla monyét ngabogaan sipat ….
licik tapi sarakah
licik jeung sarakah
licik tapi bodo
licik jeung bodo
Ungkara ieu di handap nu teu kaasup kana unsur pamohalanana tina dongéng di luhur nya éta ….
Sakadang kuya rék dikawinkeun ka anak aki pangebon
Sakadang kuya ngobrol jeung sakadang monyét
Sakadang kuya atoh bari igel-igelan dina kurungan
Sakadang kuya rék dipasak ku pamajikan aki pangebon
Cutatan dongéng di luhur nepikeun amanat ka urang sangkan .....
urang ulah méré haté ka batur
urang ulah miboga sifat licik ka batur
urang kudu ngabobodo batur
urang kudu miboga sifat sarakah tur licik
Latar tempat nu kacatur dina sempalan dongéng di luhur nya éta....
sisi walungan jeung leuweung
pakampungan jeung leuweung
buruan imah patani jeung leuwi
leuwi jeung leuweung
Sempalan dongéng si kancil di luhur mun ditilik tina palaku nu kacatur mah kaasup kana dongéng ....
parabel
mite
Fabel
Legénda
