wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

REMEDIAL BAHASA SUNDA KELAS 11

Total questions: 20

Worksheet time: 11mins

Name
Class
Date
1.

Pupuh anu mindeng dipake dina wawacan, kaasup Sekar ageung, nyaeta ...

a)

Kinanti, Sinom, Asmarandana, Dangdanggula

b)

Kinanti, Sinom, Maskumambang, Dangdanggula

c)

Kinanti, Mijil, Pucung, Wirangrong

d)

Kinanti, Sinom, Asmarandana, Durma

e)

Kinanti, Asmarandana, Magatru, Pucung

2.

Minangka karangan panjang dina wangun pupuh, wawacan teh sok dihaleuangkeun. Ngahaleuangkeun wawacan teh disebutna ...

a)

Mantun

b)

Nembang

c)

Ngawih

d)

Beluk

e)

Nadom

3.

Ieu di handap anu teu kaasup kana eusi biografi nyaéta…

a)

ngaran, tempat, titi manga, jeung kulawarga

b)

cita-cita jeung pangalaman atikan

c)

kakayaan jeung harta banda nu dipiboga

d)

pangalaman gawé jeung organinasi

e)

préstasi nu kungsi kacangking

4.

Nu ditulis dina biografi, lalakon hirup ti iraha nepi iraha ?

a)

Ti mimiti lahir nepika maotna

b)

Ti mimiti karir nepika suksés

c)

Ti mimiti lahir nepika boga masalah di kahirupana

d)

Ti mimiti boga cita-cita

5.

Sakitu nu kapihatur, hapunten bilih aya nu pondok nyogok panjang nyugak, bobo sapanon carang sapakan, langkung saur bahé carék, hapunten anu kasuhun, jembar pangampura anu diteda.

Paragrap di luhur ka asup kana .....

a)

Panutup biantara

b)

Bubuka jeung panutup biantara

c)

Eusi biantara

d)

Bubuka jeung eusi biantara

e)

Bubuka biantara

6.

Wawacan mangrupa carita dina bentuk...

a)

Kawih

b)

Prosa

c)

Pupuh

d)

Dongéng

e)

Kakawihan

7.

Jumlah engang unggal padalisan dina pupuh disebut...

a)

Guru gatra

b)

Guru lagu

c)

Guru wirahma

d)

Guru angka

e)

Guru wilangan

8.

Salah sahiji conto pupuh Pucung (12u-6a-8é-12a) nya éta...

a)

Warna-warni lauk émpang

Aya nu sami jeung pingping

Pagulung patumpang-tumpang

Ratna Rengganis ninggali

b)

Lutung buntung luncat kana tunggul gintung

Monyét loréng laleupas

Luncat kana pager déngdék

Bajing konéng jaralang balelang buntutna

c)

Hayu batur urang diajar sing suhud

Ulah lalawora

Bisi engké henteu naék

Batur seuri urang sumegruk nalangsa

d)

Pasosoré nyawang Bandung anu subur

Basa kuring ulin ka Isola

Ti dieu ti belah kalér

Témbong di lingkung gunung

e)

Kembang ros ku matak lucu

Nya alus rupa nya seungit

Henteu aya papadana

Ratuning kembang sajati

9.

Pupuh anu miboga guru lagu jeung guru wilangan 15é-15é-15é nya éta pupuh...

a)

Kinanti

b)

Sinom

c)

Ladrang

d)

Balakbak

e)

Gambuh

10.

Novel mangrupa bagéan tina jinis karya sastra ...

a)

Prosa

b)

Puisi

c)

Drama

d)

Anyar

11.

Nu kaasup novel barudak nya éta

a)
b)
c)
d)
12.

Novel munggaran dina sastra Sunda, nyaeta ...

a)

Gogoda ka Nu Ngarora

b)

Pangeran Kornel

c)

Baruang ka Nu Ngarora

d)

Pipisahan

e)

Lain Eta

13.

Novel jeung dongeng bisa dibedakeun ditinggali tina ...

a)

Make basa lancaran

b)

Mangrupa carita

c)

Lalakonna asup akal

d)

Jumlah kecapna teu ditangtukeun

e)

Cara sumebarna beda

14.

... peuting manehna mah tara kaliwat ngaji.

a)

Unggal

b)

Saban

c)

Tiap

d)

Sawatara

e)

Sababaraha

15.
Iber perkara ngenaan hiji kajadian dumasar kanu pakta anu aktual disebut...
a)
Pidato
b)
Ceramah
c)
Syiar
d)
Cerita
e)
Warta
16.

Nu teu kaasup unsur pangwangun warta dina 5W+ 1H nyaéta ...

a)

What

b)

Which

c)

Who

d)

Why

e)

When

17.

Istilah pikeun jalma anu sok nyieun warta disebut..

a)

editing

b)

jurnalis

c)

kameramen

d)

tabloid

e)

redaktur

18.

Ku Ki Patih geur kajudi,

Yén dijerum ku maruna,

Sanajan Ajar gé bohong,

Ku Ki Patih geus katingal,

Enggeus meunang dongdonan,

Nu matak Ajar sakitu,

Diupah ku Praméswari

Tangtukeun guru lagu jeung guru wilangan kutipan di luhur

a)

8-i, 8-a, 8-g, 8-l, 7-n, 8-u, 8-i

b)

10-i, 10-a, 10-o, 10-a, 9-a, 10-u, 10-i

c)

8-i, 8-a, 8-o, 8-a, 7-a, 8-u, 8-i

d)

6-i, 6-a, 6-o, 6-a, 5-a, 6-u, 6-i

e)

10-i, 10-a, 10-g, 10-l, 9-n, 10-u, 10-i

19.

Struktur warta anu benér nyaéta…

a)

judul, bubuka, waruga/ eusi warta, pamungkas warta

b)

waruga/ eusi warta, bubuka, pamungkas warta

c)

judul, pamungkas warta, bubuka, waruga/ eusi warta

d)

bubuka, judul, waruga/eusi warta, pamungkas warta

20.

Dina ajén warta aya istilah human interest anu mibanda harti…

a)

warta téh kudu aya patalina jeung kahirupan balaréa

b)

warta téh kudu minat pamaca

c)

warta téh kudu ngandung kajadian anu deukeut jeung pamaca

d)

warta téh kudu kasohor

e)

warta téh kudu ngandung hal-hal nu nimbulkeun rasa simpati pikeun anu maca