NEW
Font size
Worksheetsulhar kelas x wawancara jeung carita babad
Total questions: 20
Worksheet time: 11mins
tanya jawab langsung pikeun ngajaring informasi ti narasumber nyaéta...
seminar
konférénsi
sawala
wawancara
paguneman
sawatara ahli komunikasi nétélakeun yén wawancara téh mibanda tujuan pikeun, iwal...
mastikeun bener henteuna kajadian
nyangking pamadegan resmi ti narasumber
ngaguar pamanggih ahli
konfirmasi keur babandingan data
nganalisa kaayaan data
kagiatan wawancara anu pananyana teu dirumuskeun heula ku pawawancara disebut...
kauger
madyakauger
bébas
madyabébas
bébas-kauger
ieu di handap anu henteu kaasup kanu sok ngayakeun wawancara nyaéta...
wartawan
pulisi
padagang
panalungtik
nu ngetés calon pagawé
kagiatan wawancara anu ngalibetkeun sawatara narasumber disebut...
wawancara kauger
wawancara bébas
wawancara konférénsi
wawancara kelompok
wawancara mandiri
ieu di handap mangrupa pungsi anu aya dina tatakrama, iwal...
pungsi budaya
pungsi kultural
pungsi sosial
pungsi atikan
pungsi pribadi
kalimah pananya dina wawancara bisa ngagunakeun kecap pananya 5W + 1H, anu ditarjamahkeun kana basa Sunda jadi kecap-kecap...
naon, mana, saha, ku saha, naon sababna, kumaha
mana, di mana, kamana, iraha, ku naon, kumaha
saha, naon, iraha, di mana, naha, kumaha
saha, naon, mana, iraha, naon, sababna, kumaha
saha, ku saha, ti saha, di saha, ka saha, keur saha
kecap pananya saperti saha, ku saha, ti saha, ka saha pungsina pikeun nanyakeun...
jalma, pangéran, malaikat
waktu
pilihan
tempat
sabab atawa kalakuan
kalimah pananya anu pungsina pikeun nanyakeun jumlaha atawa bilangan nyaéta...
kumaha
mana, nu mana
ku naon, naon sababna, naha
sabaraha, sakumaha, sanaon
di mana, ti mana, ka mana
kumaha sikep urang salaku pawawancara lamun rék nanyakeun ngeunaan omsét atawa panghasilan ka narasumber...
langsung waé
dirancang heula
dipikiran heula
nyebut punten
ditungtung pertanyaan
carita atawa dongéng anu ngandung unsur sajarah lokal disebut...
parabel
mitos
sagé
légenda
babad
jaman baheula saacan genti ka républik, pamaréntahan téh wujudna karajaan. kaasup di tatar Sunda ogé, réa pisan karajaan. tapi, karajaan anu munggaran di jawa barat nyaéta...
kawali
galuh
salakadomas
salakanagara
tarumanagara
ieu di handap anu henteu kaasup kana carita babad nyaéta...
babad sumedang
babad galuh
babad cikundul
babad panjalu
babad pamanukan
minangka wangun carita, dina babad téh bakal kapanggih ayana galur carita. ieu di handap anu kaasup kana wanda/jenis galur carita nyaéta...
galur maju, galur ngacak, galur pandeuri
galur mundur, galur pandeuri, galur tengah
galur bobok tengah, galur ngacak, galur pandeuri
galur ngacak, galur marélé, galur mundur
galur marélé, galur bobok tengah, galur mundur
perenahna hubungan jelema ka jelema lianna, anu sakulawarga, dulur, atawa baraya anu masih dulur kénéh disebut...
kekerabatan
perkerabatan
pancakaki
pancawarna `
duduluran
budak anu panggedéna dina kulawarga disebut...
panengah
bungsu
cikal
pangais bungsu
bungsu panengah
istilah pikeun pamajikan bapa lain nu ngalahirkeun urang nyaéta...
indung teges
indung batur
indung saha
indung bapa
indung téré
luluhur jalma-jalma nu geus aya lila heulaeun urang atawa nu ngarandaykeun urang disebut....
karuhun
nénék moyang
kokolot
sesepuh
kasepuhan
dina sempalan carita babad ngadegna dayeuh Bandung téh, disebutkeun yén Sumur Bandung téh perenahna aya...
di jalan dalem kaum bandung
di tukangeun mesjid agung bandung
di tukangeun kantor pln cabang jabar-banten
di jalan braga bandung
di tukangeun pendopo bandung
sumur bandung téh mangrupa sumur karahayuan pikeun rahayat jeung dayeuh bandung. éta sumur bandung téh dijieun ku...
niskala wastu kancana
radén adipati wiranatakusumah II
prabu geusan ulun
ratu harisbaya
pangéran girilaya
