wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

PAT Bahasa Sunda Kelas 7

Total questions: 20

Worksheet time: 26mins

Name
Class
Date
1.

"Sakadang Kuya jeung Sakadang Monyét" ka asup kana dongéng ....

a)

Sasatoan

b)

Sasakala

c)

Sajarah

d)

Jalma biasa

2.

Dongéng "Sasakala Gunung Geulis" nyaritakeun ngeunaan asal-usul ....

a)

Hiji barang

b)

Sasatoan

c)

Tempat

d)

Pacaduan

3.

Dongéng sasakala nya éta dongéng anu ....

a)

Aya patalina jeung tokoh-tokoh sajarah atawa panempatan nu ngandung sajarah

b)

Aya patalina jeung asal muasalna hiji tempat, barang, atawa hal séjénna

c)

Aya patalina jeung lalampahan hiji jalma anu ku masarakat dianggap karamat

d)

Aya patalina jeung kahirupan jalma biasa nu ngandung ajaran agama, moral, atawa kabeneran

4.

Dongéng téh ka asup karya balaréa, lantaran ....

a)

Anu ngarangna lobaan

b)

Ngarangna babarengan

c)

Kanyahoan anu ngarangna

d)

Teu kanyahoan anu ngarangna

5.

Di handap ieu hal-hal anu kudu diperhatikeun dina prakna ngadongéng, iwal ....

a)

Ngagunakeun sora anu laun

b)

Wirahma luyu jeug ungkara anu dikedalkeun

c)

Ngedalkeun kekecapan béntés

d)

Sikep sawajarna, henteu kaleuleuwihi

6.

Pupujian sok disebut ogé ....

a)

Sajak

b)

Nadom

c)

Puisi

d)

Dongéng

7.

Geuning maot ngadodoho,

boro sok dipoho-poho,


Padalisan ka dua diwangun ku .... engang

a)

7

b)

8

c)

9

d)

10

8.

Pupujian téh pangaruh tina sastra ....

a)

Sunda

b)

Indonesia

c)

Arab

d)

Inggris

9.

Éling-éling dulur kabéh,

ibadah ulah campoléh,

beurang peuting ulah weléh,

bisina kaburu paéh.


Disawang tina eusina, pupujian di luhur ka asup ....

a)

Muji ka Gusti Allah

b)

Ajaran agama

c)

Do'a jeung Tobat ka Pangéran

d)

Pépéling

10.

Pupujian biasa dihaleuangkeun bari ngadagoan ....

a)

Solat mayit

b)

Solat berjamaah

c)

Solat gerhana

d)

Solat Ied

11.

Asupna wangun sajak kana sastra Sunda téh kira-kira taun ....

a)

1930-an

b)

1940-an

c)

1950-an

d)

1960-an

12.

Di handap ieu ngaran-ngaran panyajak Sunda, iwal ....

a)

Godi Suwarna

b)

Juniarso Ridwan

c)

Ridwan Kamil

d)

Ajip Rosidi

13.

Maca sajak téh kudu dibarung ku paroman (mimik) anu luyu jeung bagian sajak anu ditepikeun. Upama macakeun bagian sajak anu pikabungaheun, paromanna berarti ....

a)

Marahmay

b)

Reuwas

c)

Ambek

d)

Sedih

14.

Kuring meunang élmu ti sireum

rampak babarengan ngagotong layon baturna

Silih tanya sasalaman lamun patepung

(sempalan sajak 'Guguru ka Sasatoan' karya Rina Héryani)


Maksud élmu ti sireum nu bisa diconto ku manusa nya éta ....

a)

Kudu sasalaman unggal panggih jeung saha waé

b)

Kudu ilih tulungan dina hal nu bener jeung hal nu salah

c)

Kudu kompak, akur jeung sasama, silih tulungan dina hal nu bener

d)

Kudu kompak néangan kadaharan babarengan

15.

Nyieun sajak téh témana bisa ngeunaan ....

a)

Alam

b)

Pahlawan

c)

Naon baé

d)

Cinta

16.

Prasasti aksara Sunda anu mimiti kapanggih nya éta ....

a)

Prasasti Kawali

b)

Prasasti Kabantenan

c)

Prasasti Tugu

d)

Prasasti Sanghyang Tapak

17.

Rarangkén panyuku gunana pikeun ....

a)

Ngarobah vokal /a/ jadi /u/

b)

Ngarobah vokal /a/ jadi /i/

c)

Ngarobah vokal /a/ jadi /e/

d)

Ngarobah vokal /a/ jadi /o/

18.

Rarangkén ( ᮪ ) disebut ....

a)

Pamepet

b)

Pamaéh

c)

Panghulu

d)

Panglayar

19.

Kecap 'bobotoh' dina aksara Sunda nya éta ....

a)

ᮘᮦᮘᮦᮒᮦᮠ᮪

b)

ᮘᮦᮘᮦᮒᮦᮂ

c)

ᮘᮧᮘᮧᮒᮧᮠ᮪

d)

ᮘᮧᮘᮧᮒᮧᮂ

20.

ᮌᮩᮛ ᮞᮛᮦ ᮌᮩᮞ᮪ ᮕᮩᮒᮤᮀ

Ungkara di luhur dibaca ....

a)

Geura sare geus peuting

b)

Gera saré ges peting

c)

Geura saré geus peuting

d)

Gera sare geus peuting