wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

PAT BAHASA SUNDA KELAS 7 SMPIT IMAN

Total questions: 25

Worksheet time: 6hrs 15mins

Name
Class
Date
1.

Paguneman nyaeta....

a)

Obrolan atawa wangkongan antara 2 (dua) jalma atawa leuwih

b)

Obrolan sorangan

c)

Ngomong hareupeun jalma rea

d)

Wawancara hiji jalma

2.

Ngamimitian paguneman dina telepon alusna kudu...

a)

nanyakeun saha nu narima telepon

b)

nanyakeun alamat nu ditelepon

c)

ngucapkeun salam

d)

nanyakeun kaayaan

3.

Dina paguneman make telepon alusna kudu...

a)

Hal penting jeung sing lila

b)

Sosonoan bari heureuy

c)

bari ngahariring

d)

Hal nu penting jeung ulah lila teuing

4.

Pangalaman nyaeta....

a)

sagala hal nu can karandapan ku urang

b)

kajadian nu can karandapan ku hiji jalma

c)

kajadian nu geus karandapan ku hiji jalma

d)

sagala rupa katerangan hiji jalma

5.

Mangsa wabah Corona kiwari kaasup pangalaman nu...

a)

geus direncanakan

b)

dipikaresep

c)

dipikahayang

d)

teu direncanakeun

6.

Kaulinan tradisional ngajarkeun barudak supaya ....

a)

hirup akur jeung parigel

b)

poho kana ibadah

c)

poho diajar

d)

ngarah teu kesel

7.

Kaulinan nu ngaitkeun hiji suku ku 3 (tilu) jalma atawa leuwih terus emprak bari kakawihan nyaeta kaulinan...

a)

beklen

b)

oray-orayan

c)

perepet jengkol

d)

congklak

8.

Kaulinan Sermen nyaeta kaulinan budak lalaki nu make...

a)

awi jiga olahraga anggar

b)

kewuk jeung bola

c)

batu jeung kenteng

d)

karet nu diuntun

9.

Dongeng nyaeta....

a)

karangan panjang nu make patokan pupuh

b)

karangan pondok nu make patokan pupuh

c)

carita nyata nu kaalaman ku hiji jalma

d)

carita rekaan nu mere kesan pamohalan tur pondok ukurannana

10.

Nu teu kaasup ciri-ciri dongeng nyaeta...

a)

wangun caritana pondok

b)

eusina ngandung atikan moral

c)

bisa diganti jalan caritana

d)

sumebarna turun tumurun

11.

Dongeng nu nyaritakeun asal muasal hiji kajadian, barang atawa tempat disebut....

a)

fabel

b)

sasakala

c)

sage

d)

mite

12.

Dongeng Maung Kajajaden kaasup dongeng...

a)

sage

b)

mite

c)

pamuk

d)

pieunteungeun

13.

Nu teu kaasup unsur-unsur dongeng di handap ieu nyaeta...

a)

tema

b)

palaku

c)

galur

d)

gambar

14.

Kagiatan nyaritakeun deui hiji carita fiksi ku cara lisan ka balarea disebut....

a)

maca sajak

b)

ngadongeng

c)

biantara

d)

hutbah

15.

Dina nepikeun dongeng kudu diperhatikeun lentong atawa disebut oge...

a)

intonasi

b)

artikulasi

c)

ekspresi

d)

gesture

16.

Tatakrama basa Sunda umumna sok disebut oge...

a)

etika basa

b)

aturan basa

c)

pilihan basa

d)

undak usuk basa

17.

Nu teu kaasup tatakrama basa Sunda di handap ieu nyaeta...

a)

basa hormat

b)

basa loma

c)

basa kasar

d)

basa prokem

18.

"Cing pangnyokotkeun buku eta !" kalimah ieu mun make basa hormat jadi....

a)

" Hey, pangnyandakeun buku eta !

b)

" Punten, manawi tiasa hoyong pangnyandakeun buku eta."

c)

" Hey, punten...cokotkeun buku eta !"

d)

" Cing, punten pangnyandakeun buku eta !"

19.

Nazla poho teu mawa buku basa Sunda, manehna sasadu ka guru basa Sunda. Kalimah nu merenah pikeun nyaritana nyaeta ...

a)

"Hapunten, abdi hilap teu ngabantun buku basa Sunda"

b)

"Hapunen, abdi poho teu ngabantun buku basa Sunda"

c)

"Poho deui teu mawa buku basa Sunda"

d)

"Hapunten, hilap teu nyokot buku basa Sunda"

20.

Bumi ustadzah di wewengkon Baros, ........ abdi mah di wewengkon Lembur Situ. Kecap nu bener pikeun nuduhkeun imah keur sorangan nyaeta....

a)

gogobrog

b)

saung

c)

imah

d)

rorompok

21.

Abdi nuju ....sareng goreng hayam, pun bapa mah nuju tuang sareng pais lauk. Kecap nu bener pikeun kalimah di luhur nyaeta...

a)

neda

b)

dahar

c)

makan

d)

nyatu

22.

Mun ulin ulah sok neunggeul sirah, bahaya ! Lemesna sirah nyaeta...

a)

mastaka

b)

kepala

c)

hulu

d)

taar

23.

Pun biang nuju bobot salapan sasih, ........meni ageung. Kecap nu merenah pikeun kalimah ieu nyaeta....

a)

sampeanna

b)

pananganna

c)

socana

d)

patuanganna

24.

Salami tilu dinten, abdi mah..........., nyeri mastaka. Kecap mana nu bener pikeun titik-titik di luhur ?

a)

udur

b)

teu damang

c)

gering

d)

sakit

25.

Salila wabah Corona can leungit, ulah poho make masker, ngumbah leungeun ku sabun, jaga jarak jeung batur jeung.......di imah. Eusian titik-titikna ku pilihan di handap ieu !

a)

indit

b)

kaluar

c)

cicing

d)

pindah